Kang...
Upami kusimkuring di bulak-balik mah seratan kan Jalal, dina pamaaman simkuring 
kana tulisan eta :
Insya Alloh moal aya istilah anu saur akang JeBe :
"upaya sinkretisme dina hal agama. nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses 
milari persamaan2 di antawis
ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" perbedaan2 di antawis
ajaran/agama eta"

Ku ayana pamahaman Islam Madani, kafokuskeun kana pamahaman cara hirup salaku 
manusa supaya sah adatna ngajalankeun kamanusaan (Silih Asah, Silih Asih, Silih 
Asuh).

Silih Asah (Tukeur Fikiran/Diskusi Lain dina sakelompok/golongannana wungkul 
atawa  dina hiji agama wungkul) Kasebut manusa anu boga akal, akalna diasah 
jeung papada manusa deui, kumargi akal tos nyampak di sakabeh manusa paparin ti 
anu Maha Elmu.

Silih Asuh (Ngajaga kana hak-hakna Hirup Manusa, da Hirup manusa lain meunang 
pamere tinu sok paeh, tapi estu tinu Maha Hirup). Anu Maha Hirup rek disebut 
naon wae Asmana mah, kumaha kedal ucap bahasana, ajaranna sewang-sewangan.

Silih Asih (Sodaqoh teh lain ka kelompokna/golonganna wungkul, tapi tutulung 
kanu butuh, tatalang kanu susah).

Ku ngajalankeun Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh, moal matak leungit anu 
solat, moal matak leungit anu ka Gareja, moal matak....hehehe

paling oge matak genah Hirup, Loba Syukur, Loba Tadabbur. Tiis Ceuli, Herang 
Mata. Gemah Ripah Loh Jinawi.

Kamungkaran, kasesatan moal leungit, tapi jumlahna jadi saalit, pamarentah moal 
sulit.

kitu panginten.....

Agus Wirabudiman
http://sukapura.wordpress.com


--- On Wed, 2/9/11, JeBe <[email protected]> wrote:

From: JeBe <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
To: [email protected]
Date: Wednesday, February 9, 2011, 3:57 PM










        






tah jentre ning ari ku nu pinter mah. sumuhun kitu juragan, sapagodos kuring 
oge dina hal eta mah. salami aya nu namina manungsa, nya salami eta ari 
perbedaan mah pasti aya. da apanan perbedaan teh hasil tina pamikiran nu 
ngahasilkeun pendapat nu benten2, nu dilandasan ku pangalaman diri, pangalaman 
ti lingkungan (boh pendidikan formal, non formal), oge pangalaman sanesna.ari 
ieu aya tarekah sangkan perbedaan teh musnah, atuh meureun sami weh sareng 
nga-musnah-keun oge kana sifat alami manungsa.
 --> JeBe <--

From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, February 9, 2011 3:45:01 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
















 



    
      
      
      ari kangaranan parentah agama, teu bisa diwilah-wilah. nu ieu rek 
dilakonan nu itu mah moal, iwal mun memang saratna can kacumponan. teu bisa 
daripada pasea urusan ibadah, mending paalus2 lampah. sakumaha teu bisa 
palekoh-lekoh ngaji kajeun tetep judi. pan agama mah kudu sagemlengna. diajar 
solat bari memener kalakuan sakaligus. iwal mun urang rek nempona ti kadunyaan, 
nu penting boga kalakuan hade, teu solat ge teu nanaon, dalah teu ngaku boga 
Gusti sembaheun ge pek teh teuing.



2011/2/9 JeBe


  


    
      
      
      pami dibaca deui bulak balik, naha pemikiran kang jalal teh nu tiasa 
disimpulkeun ku kuring mah, tiasa mangrupakeun upaya sinkretisme dina hal 
agama, nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses milari persamaan2 di antawis 
ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" perbedaan2 di antawis ajaran/agama 
eta. nu ayeuna mah sabagean sok aya nu nyebat teologi pluralis. pami maos 
artikel2 mah, pemikiran ieu teh tos aya ti abad 13-14 an, janten sanes 
mangrupakeun hal anyar saleresna mah.

nyaaa ari ditingal ka payunna mah, upami pemikiran ieu ditampi, meureun engke 
mah moal aya islam, kristen, hindu, budha, konghucu, agama sunda, jrrd.


    
     















      








    
    










 
____________________________________________________________________________________
Now that's room service!  Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

Kirim email ke