Oh...

kang JeBe, punten nambihan deui nya, pan nuju silih asah ieuh...bisi pamikiran 
kuring salah...heheh





1. Kang Jalal sanes bade ngadamel deui aliran Islam anyar. Insya Alloh
sanes, bilih kirang paos, urang taroskeun langsung ka anjeuna, Insya
Alloh moal ngerekeb kupedah urang beda pendapat sareng anjeunna. Hehehe, malih 
bingaheun pisan geura...




2. Emut Judulna Oge "Menuju Agama Madani", lamun kunu heureut mikirna
kana tulisan wartawan Kompas eta ngenaan hasil wawancara sareng Kang
Jalal, kieu panginten :





Ari kitu, naha aya kitu "Agama Madani"???...pan aya oge agama Islam, Yahudi, 
Nasrani jst.


Ari Agama Madani saha Pangerannana???


Ari Agama Madani saha Nabina ???


Ari Agama Madani naon Kitab Sucina???, ah etamah aliran/ajaran sesat!!,  jeung 
sajabana.


tah...tah...tah..., pertarosan2 diluhur teh, kawas nu BENER mikir
kritis!, tur padahal sasar mikirna, tuluy na teh nga CAP ajaran
sesat/Agama Anyar pok na teh. Janten estu jadi sasar dirina, akibat
sasar mikirna, nafsu ngawasaan qolbuna.




Simkuring janten sok emut kana ceramah kang Jalal, dimana kang jalal
ngadugikeun Hadist Nabi SAWW dina nuju nerangakeun Ad-Diin, Al-Islam.





Dina majlis,  aya  sahabat  tumaros  ka kanjeng  Nabi, pokna teh  : 
"Maa huaaddiin?",  waler kanjeng  Nabi  :"Ad-Diin hua  Husnul-khuluq",
pok deui sahabat ti palih katuhu, "Maa huaaddiin?",  waler kanjeng 
Nabi  :"Ad-Diin hua  Husnul-khuluq", pok deui sahabat ti palih kiwa,
"Maa huaaddiin?",  waler kanjeng  Nabi  :"Ad-Diin hua  Husnul-khuluq",
pok deui sahabat ti pengkereun kanjeng Nabi, pok na teh, "Maa
huaaddiin?", kanjeng Nabi teu langsung ngaler...tapi Nabi mencrong ka
eta sahabat anu nanyakeun ti pengkereunnana, tos rada lami, nembe
diwaler ku kanjeng  Nabi  :"Ad-Diin hua  Husnul-khuluq", tandes nana
teh.





"Maa Hual-islaam?", qola Nabi : "Al-Islam hua Antasyhada allaailaaha illalloh, 
waanna Muhammadarrosululloh, jeung saterusna...".





Islam Fiqyh, Islam Siasy, emut ieu ngabagi POLA PAMIKIRAN Ummat Islam
dina cara MAGAMAFHUM kana ajaran ISLAMna (Al-Qur'an+Sunnah). da Faktana
Loba Firqoh, Loba Madzab dina ngajalankeun ajaran Islam. pangna Loba
Firqoh/Madzhab eta kulantaran aya POLA PAMIKIRANnana sewang-sewangan
jst.





Pon kitu deui Islam Madani, Saur wartawan Kompas nyebatkeun :


"Berangkat dari tafsir atas pemikiran itu, Kang Jalal mengusung wacana
agama madani dan memetakan fenomena pemahaman keislaman di Indonesia.
Bagi dia, ada tiga jenis pemahaman Islam: Islam fiqhiy, Islam siyasiy,
dan Islam madani. Islam madani merupakan pencapaian akhir dari dua
tahapan pemikiran sebelumnya."





Upami anu dimaksud "pamahaman kana Islam" anu disebat "Madani" ieu
orientasina Mendahulukan Akhlaq tinimang Fiqh dina kahirupan sapopoe
(dalam hidup bersosial), Conto pangalaman simkuring tahun 2000an :


Ceuk hukum Fiqh mah (dina Kitab Sulamutaufiq), asup nincak buruan
Gareja wae atos haram, haramnana teh bisi jadi Murtad patekadan jeung
sajabana.


tah waktu harita kuring ka ondang ku Gereja pikeun ngabahas masalah
Hidup Rukun  Beragama di Tasikmalaya, supaya ulah kajadian deui
karusuhan.


Anu hadir wawakil Kiayi ti pasantren oge loba. Kabeneran Guru simkuring anu 
ngajarkeun  Kitab Sulam oge aya...hehehehe


Ari simkuring mah wawakil ti Masyarakat Kampung anu sa Kalurahan sareng Gereja 
eta.





Palebah dieu simkuring miheulakeun Akhlak, Kalakuan pikeun Silih Asah
jeung nu Lian Islam. da lamun ceuk Fiqh mah Haram tea nincak
halamannana oge.





Saliwat kunu ngaliwat mah, pedah simkuring asup kapalataran Gereja teh,
erek Ibadah...hahaha, di cap we anu kalafir. Tur padahal asup ka dinya
teh lain erek ngaruksak, tapi rek Silih Asah tea.





Ad-Diin hua  Husnul-khuluq





kitu conto aplikasina pamahaman Islam Madani teh panginten....


baktos,


Agus Wirabudiman
http://sukapura.wordpress.com


--- On Thu, 2/10/11, JeBe <[email protected]> wrote:

From: JeBe <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
To: [email protected]
Date: Thursday, February 10, 2011, 8:23 AM










        






punten pisan, sanes si kuring bade mapatahan ngojay ka meritapi dina konsep 
islam, konsep2 eta teh tos aya. janten teu peryogi deui ngadamel sagala rupi 
ajaran. islam is islam. teu kedah dipasihan janten embel2 islam madani, islam 
liberal, islam x, islam z.konsep silih asah silih asih silih asuh tos aya 
sadayana. nu kedah diemutan teh panginten kumaha praktek-na nambih2 aliran can 
tangtos menyelesaikan masalah.nuhun
 --> JeBe <--

From: Agus Wirabudiman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, February 9, 2011 5:04:14 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
















 



    
      
      
      Kang...
Upami kusimkuring di bulak-balik mah seratan kan Jalal, dina pamaaman simkuring 
kana tulisan eta :
Insya Alloh moal aya istilah anu saur akang JeBe :
"upaya sinkretisme dina hal agama. nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses 
milari persamaan2 di antawis
ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" perbedaan2 di antawis
ajaran/agama eta"

Ku ayana pamahaman Islam Madani, kafokuskeun kana pamahaman cara hirup salaku 
manusa supaya sah adatna ngajalankeun kamanusaan (Silih Asah, Silih Asih, Silih 
Asuh).

Silih Asah (Tukeur Fikiran/Diskusi Lain dina sakelompok/golongannana wungkul 
atawa  dina hiji agama wungkul) Kasebut manusa anu boga akal, akalna diasah 
jeung papada manusa deui, kumargi akal tos nyampak di sakabeh manusa paparin ti 
anu Maha Elmu.

Silih Asuh (Ngajaga kana hak-hakna Hirup Manusa, da Hirup manusa lain meunang 
pamere tinu sok paeh, tapi estu tinu Maha Hirup). Anu Maha Hirup rek disebut 
naon wae Asmana mah, kumaha kedal ucap bahasana, ajaranna sewang-sewangan.

Silih Asih (Sodaqoh teh lain ka kelompokna/golonganna wungkul, tapi tutulung 
kanu butuh, tatalang kanu susah).

Ku ngajalankeun Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh, moal matak leungit anu 
solat, moal matak leungit anu ka Gareja, moal matak....hehehe

paling oge
 matak genah Hirup, Loba Syukur, Loba Tadabbur. Tiis Ceuli, Herang Mata. Gemah 
Ripah Loh Jinawi.

Kamungkaran, kasesatan moal leungit, tapi jumlahna jadi saalit, pamarentah moal 
sulit.

kitu panginten.....

Agus Wirabudiman
http://sukapura.wordpress.com


--- On Wed, 2/9/11, JeBe <[email protected]> wrote:

From: JeBe <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
To: [email protected]
Date: Wednesday, February 9, 2011, 3:57 PM








        






tah jentre ning ari ku nu pinter mah. sumuhun kitu juragan, sapagodos kuring 
oge dina hal eta mah. salami aya nu namina manungsa, nya salami eta ari 
perbedaan mah pasti aya. da apanan perbedaan teh hasil tina pamikiran nu 
ngahasilkeun pendapat nu benten2, nu dilandasan ku pangalaman diri, pangalaman 
ti lingkungan (boh pendidikan formal, non formal), oge pangalaman sanesna.ari 
ieu aya tarekah sangkan perbedaan teh musnah, atuh meureun sami weh sareng 
nga-musnah-keun oge kana sifat alami manungsa.
 --> JeBe <--

From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, February 9, 2011 3:45:01 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
















 



    
      
      
      ari kangaranan parentah agama, teu bisa diwilah-wilah. nu ieu rek 
dilakonan nu itu mah moal, iwal mun memang saratna can kacumponan. teu bisa 
daripada pasea urusan ibadah, mending paalus2 lampah. sakumaha teu bisa 
palekoh-lekoh ngaji kajeun tetep judi. pan agama mah kudu sagemlengna. diajar 
solat bari memener kalakuan sakaligus. iwal mun urang rek nempona ti kadunyaan, 
nu penting boga kalakuan hade, teu solat ge teu nanaon, dalah teu ngaku boga 
Gusti sembaheun ge pek teh teuing.



2011/2/9 JeBe


  


    
      
      
      pami dibaca deui bulak balik, naha pemikiran kang jalal teh nu tiasa 
disimpulkeun ku kuring mah, tiasa mangrupakeun upaya sinkretisme dina hal 
agama, nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses milari persamaan2 di antawis 
ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" perbedaan2 di antawis ajaran/agama 
eta. nu ayeuna mah sabagean sok aya nu nyebat teologi pluralis. pami maos 
artikel2 mah, pemikiran ieu teh tos aya ti abad 13-14 an, janten sanes 
mangrupakeun hal anyar saleresna mah.

nyaaa ari ditingal ka payunna mah, upami pemikiran ieu ditampi, meureun engke 
mah moal aya islam, kristen, hindu, budha, konghucu, agama sunda, jrrd.


    
     















      








    
    










8:00? 8:25? 8:40?  Find a flick in no time
 with theYahoo! Search movie showtime shortcut.

    
     















      








    
    










      

Kirim email ke