nya urang ngan saukur nyawalakeun hungkul :-)
cobi kumaha petana na kahirupan :-)

--- In [email protected], mh <khs579@...> wrote:
>
> Lain baraya, urang teh nya, keur ngahartian sabda Kangjeng Jalal oge geuning
> multitafsir nya. Atuh pon kitu deui keur ngahartian sabda Kanjeng Nabi,
> Kanjeng Gusti tangtu teu beda, bakal multitafsir oge. Meureun mun kitu, beda
> pamahaman teh geus jadi aadatan manusa nya.
> 
> 2011/2/9 Agus Wirabudiman <fb_76@...>
> 
> >
> >
> > Kang...
> > Upami kusimkuring di bulak-balik mah seratan kan Jalal, dina pamaaman
> > simkuring kana tulisan eta :
> > Insya Alloh moal aya istilah anu saur akang JeBe :
> >
> > "upaya sinkretisme dina hal agama. nu dina ringkesna mah mangrupakeun
> > proses milari persamaan2 di antawis ajaran/agama ditambih proses
> > "mengingkari" perbedaan2 di antawis ajaran/agama eta"
> >
> > Ku ayana pamahaman Islam Madani, kafokuskeun kana pamahaman cara hirup
> > salaku manusa supaya sah adatna ngajalankeun kamanusaan (Silih Asah, Silih
> > Asih, Silih Asuh).
> >
> > Silih Asah (Tukeur Fikiran/Diskusi Lain dina sakelompok/golongannana
> > wungkul atawa  dina hiji agama wungkul) Kasebut manusa anu boga akal, akalna
> > diasah jeung papada manusa deui, kumargi akal tos nyampak di sakabeh manusa
> > paparin ti anu Maha Elmu.
> >
> > Silih Asuh (Ngajaga kana hak-hakna Hirup Manusa, da Hirup manusa lain
> > meunang pamere tinu sok paeh, tapi estu tinu Maha Hirup). Anu Maha Hirup rek
> > disebut naon wae Asmana mah, kumaha kedal ucap bahasana, ajaranna
> > sewang-sewangan.
> >
> > Silih Asih (Sodaqoh teh lain ka kelompokna/golonganna wungkul, tapi
> > tutulung kanu butuh, tatalang kanu susah).
> >
> > Ku ngajalankeun Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh, moal matak leungit anu
> > solat, moal matak leungit anu ka Gareja, moal matak....hehehe
> >
> > paling oge matak genah Hirup, Loba Syukur, Loba Tadabbur. Tiis Ceuli,
> > Herang Mata. Gemah Ripah Loh Jinawi.
> >
> > Kamungkaran, kasesatan moal leungit, tapi jumlahna jadi saalit, pamarentah
> > moal sulit.
> >
> > kitu panginten.....
> >
> > Agus Wirabudiman
> > http://sukapura.wordpress.com
> >
> >
> > --- On *Wed, 2/9/11, JeBe <jungkir_balik2002@...>* wrote:
> >
> >
> > From: JeBe <jungkir_balik2002@...>
> >
> > Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
> > To: [email protected]
> > Date: Wednesday, February 9, 2011, 3:57 PM
> >
> >
> >
> >
> > tah jentre ning ari ku nu pinter mah.
> > sumuhun kitu juragan, sapagodos kuring oge dina hal eta mah.
> > salami aya nu namina manungsa, nya salami eta ari perbedaan mah pasti aya.
> > da apanan perbedaan teh hasil tina pamikiran nu ngahasilkeun pendapat nu
> > benten2, nu dilandasan ku pangalaman diri, pangalaman ti lingkungan (boh
> > pendidikan formal, non formal), oge pangalaman sanesna.
> > ari ieu aya tarekah sangkan perbedaan teh musnah, atuh meureun sami weh
> > sareng nga-musnah-keun oge kana sifat alami manungsa.
> >
> >
> > --> JeBe <--
> >
> >
> > ------------------------------
> > *From:* Kumincir Wikidisastra <ia.adnan@...>
> > *To:* [email protected]
> > *Sent:* Wed, February 9, 2011 3:45:01 PM
> > *Subject:* Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
> >
> >
> >
> > ari kangaranan parentah agama, teu bisa diwilah-wilah. nu ieu rek dilakonan
> > nu itu mah moal, iwal mun memang saratna can kacumponan. teu bisa daripada
> > pasea urusan ibadah, mending paalus2 lampah. sakumaha teu bisa palekoh-lekoh
> > ngaji kajeun tetep judi. pan agama mah kudu sagemlengna. diajar solat bari
> > memener kalakuan sakaligus. iwal mun urang rek nempona ti kadunyaan, nu
> > penting boga kalakuan hade, teu solat ge teu nanaon, dalah teu ngaku boga
> > Gusti sembaheun ge pek teh teuing.
> >
> > 2011/2/9 JeBe
> >
> >   pami dibaca deui bulak balik, naha pemikiran kang jalal teh nu tiasa
> > disimpulkeun ku kuring mah, tiasa mangrupakeun upaya sinkretisme dina hal
> > agama, nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses milari persamaan2 di
> > antawis ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" perbedaan2 di antawis
> > ajaran/agama eta. nu ayeuna mah sabagean sok aya nu nyebat teologi pluralis.
> > pami maos artikel2 mah, pemikiran ieu teh tos aya ti abad 13-14 an, janten
> > sanes mangrupakeun hal anyar saleresna mah.
> > nyaaa ari ditingal ka payunna mah, upami pemikiran ieu ditampi, meureun
> > engke mah moal aya islam, kristen, hindu, budha, konghucu, agama sunda,
> > jrrd.
> >
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------------
> > 8:00? 8:25? 8:40? Find a 
> > flick<http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/?fr=oni_on_mail&#news>in no 
> > time
> > with theYahoo! Search movie showtime 
> > shortcut.<http://tools.search.yahoo.com/shortcuts/?fr=oni_on_mail&#news>
> > 
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke