punten pisan, sanes si kuring bade mapatahan ngojay ka meri
tapi dina konsep islam, konsep2 eta teh tos aya. janten teu peryogi deui 
ngadamel sagala rupi ajaran. islam is islam. teu kedah dipasihan janten embel2 
islam madani, islam liberal, islam x, islam z.
konsep silih asah silih asih silih asuh tos aya sadayana. nu kedah diemutan teh 
panginten kumaha praktek-na 
nambih2 aliran can tangtos menyelesaikan masalah.
nuhun
 --> JeBe <--




________________________________
From: Agus Wirabudiman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wed, February 9, 2011 5:04:14 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani

  
Kang...
Upami kusimkuring di bulak-balik mah seratan kan Jalal, dina pamaaman simkuring 
kana tulisan eta :
Insya Alloh moal aya istilah anu saur akang JeBe :
"upaya sinkretisme dina hal agama. nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses 
milari persamaan2 di antawis ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" 
perbedaan2 di antawis ajaran/agama eta"

Ku ayana pamahaman Islam Madani, kafokuskeun kana pamahaman cara hirup salaku 
manusa supaya sah adatna ngajalankeun kamanusaan (Silih Asah, Silih Asih, Silih 
Asuh).

Silih Asah (Tukeur Fikiran/Diskusi Lain dina sakelompok/golongannana wungkul 
atawa  dina hiji agama wungkul) Kasebut manusa anu boga akal, akalna diasah 
jeung papada manusa deui, kumargi akal tos nyampak di sakabeh manusa paparin ti 
anu Maha Elmu.

Silih Asuh (Ngajaga kana hak-hakna Hirup Manusa, da Hirup manusa lain meunang 
pamere tinu sok paeh, tapi estu tinu Maha Hirup). Anu Maha Hirup rek disebut 
naon wae Asmana mah, kumaha kedal ucap bahasana, ajaranna sewang-sewangan.

Silih Asih (Sodaqoh teh lain ka kelompokna/golonganna wungkul, tapi tutulung 
kanu butuh, tatalang kanu susah).

Ku ngajalankeun Silih Asah, Silih Asih, Silih Asuh, moal matak leungit anu 
solat, moal matak leungit anu ka Gareja, moal matak....hehehe

paling oge  matak genah Hirup, Loba Syukur, Loba Tadabbur. Tiis Ceuli, Herang 
Mata. Gemah Ripah Loh Jinawi.

Kamungkaran, kasesatan moal leungit, tapi jumlahna jadi saalit, pamarentah moal 
sulit.

kitu panginten.....

Agus Wirabudiman
http://sukapura.wordpress.com


--- On Wed, 2/9/11, JeBe <[email protected]> wrote:


>From: JeBe <[email protected]>
>Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
>To: [email protected]
>Date: Wednesday, February 9, 2011, 3:57 PM
>
>
>
>
>
>tah jentre ning ari ku nu pinter mah. 
>sumuhun kitu juragan, sapagodos kuring oge dina hal eta mah. 
>salami aya nu namina manungsa, nya salami eta ari perbedaan mah pasti aya. da 
>apanan perbedaan teh hasil tina pamikiran nu ngahasilkeun pendapat nu benten2, 
>nu dilandasan ku pangalaman diri, pangalaman ti lingkungan (boh pendidikan 
>formal, non formal), oge pangalaman sanesna.
>ari ieu aya tarekah sangkan perbedaan teh musnah, atuh meureun sami weh sareng 
>nga-musnah-keun oge kana sifat alami manungsa.
>
>
> --> JeBe <--
>
>
>
>
>
________________________________
From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Wed, February 9, 2011 3:45:01 PM
>Subject: Re: [kisunda] Re: Menuju Agama Madani
>
>  
>ari kangaranan parentah agama, teu bisa diwilah-wilah. nu ieu rek dilakonan nu 
>itu mah moal, iwal mun memang saratna can kacumponan. teu bisa daripada pasea 
>urusan ibadah, mending paalus2 lampah. sakumaha teu bisa palekoh-lekoh ngaji 
>kajeun tetep judi. pan agama mah kudu sagemlengna. diajar solat bari memener 
>kalakuan sakaligus. iwal mun urang rek nempona ti kadunyaan, nu penting boga 
>kalakuan hade, teu solat ge teu nanaon, dalah teu ngaku boga Gusti sembaheun 
>ge 
>pek teh teuing.
>
>
>2011/2/9 JeBe
>pami dibaca deui bulak balik, naha pemikiran kang jalal teh nu tiasa 
>disimpulkeun ku kuring mah, tiasa mangrupakeun upaya sinkretisme dina hal 
>agama, 
>nu dina ringkesna mah mangrupakeun proses milari persamaan2 di antawis 
>ajaran/agama ditambih proses "mengingkari" perbedaan2 di antawis ajaran/agama 
>eta. nu ayeuna mah sabagean sok aya nu nyebat teologi pluralis. pami maos 
>artikel2 mah, pemikiran ieu teh tos aya ti abad 13-14 an, janten sanes 
>mangrupakeun hal anyar saleresna mah.
>>nyaaa ari ditingal ka payunna mah, upami pemikiran ieu ditampi, meureun engke 
>>mah moal aya islam, kristen, hindu, budha, konghucu, agama sunda, jrrd.
>
>
> 

________________________________
8:00? 8:25? 8:40? Find a flick in no time
with theYahoo! Search movie showtime shortcut.
 


      

Kirim email ke