Sigana prinsip eta keur ngalemahkeun urang sunda Kang... Maenya nyumput sagala... Siga nu boga salah wae hehehe... Sok atuh urang sunda teh geura tandang makalangan... Ulah epes meer komo deui kumeok memeh dipacok hehehe...
Deeeer ah geura tabeuh kendangna... Badubangplak... Badubangplak kitu... Ulah nepak kendang sorana siga kieu "tumpak pingping bondon... tumpak pingping bondon... badubangplak pingpin bondon deui wae" hehehe. Sent from my BlackBerry® powered by Sinyal Kuat INDOSAT -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 1 Apr 2011 21:41:42 To: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045? Mun nitenan padungdengan di milis atawa koran, sok remen adu renyom nu harayang ninggali aya urang Sunda jadi pamingpin di tingkat nasional. Ngan wae nepi ka kiwari, can katoong aya kalangkang-kalangkangna acan. Naha peda urang Sunda boga jurus "nyumput buni di nu caang" kitu? Duka teuing. Naha kira-kirana eta jurus teh ampuh kitu. Mun ngulayaban ka jagat maya, geuning batur mah geus taki-taki ti ayeuna, toong we geura diantarana aya Marwah Daud Ibrahim, nu boga program "Nusantara Jaya 2045". Marwah ngulincer ngurilingan Nusantara mikawanoh sentra-sentra industri rakyat. Sarta teu kaliwat kagiatanana dipublikasikeun di jagat maya. Toong we geura di http://marwahdaud.multiply.com/ atawa di kanal YouTube http://www.youtube.com/user/nusantarajaya2045. Boa-boa jurus "batur erek, urang enggeus" teh kalah jadi "batur erek, urang encan" nya?
