Nu jelas-jelas keur tatan-tatan ayeuna kalayan katingali cerdik jeung "Well organized" nyaeta Abang Surya Paloh urang seler Aceh sasarengan sareng kangmas HB-X, dina waktosna kantun ngagilekkeun ti Ormas kana Partey..... Ari urang Sunda,,,,, jigana memang kitu "Batur enggeus urang encan" sabab "ngan ukur POK ari PEK teu PRAK". Nya wayahna ngan saukur jadi buntut, jadi mun dina kaulinan budak oray-orayan mah ngan ukur bisa dipacok, sabab cicing pangtukangna. Atawa mung ukur jadi nu lalajo mung nyandak patokan "ulah hareup teuing jeung ulah tukang teuing".
pun Engkus --- Pada Sen, 4/4/11, MRachmat Rawyani <[email protected]> menulis: Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]> Judul: [kisunda] JaKa Erek, Urang Encan - Nusantara Jaya 2045? Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 4 April, 2011, 2:22 PM Hawar-hawar aya kabar katanya JK (JaKa) jaga hayang (jadi) kapala nagara. Kapan JK sabangsana Marwah (daud Ibrahim) jalma Makassar. Pasanganana CT (Chairul Tanjung). Ari calon ti Sunda saha? Duka atuh! mrachmatrawyani From: Ki Hasan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Fri, April 1, 2011 6:17:27 AM Subject: Re: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045? Mangga atuh Bah Oman, geura pedar eta buku teh. Kang Oca tong dibungkusan wae. Hehehe 2011/4/1 <[email protected]> Aya buku Mapag Zaman yasana Yus Ruslan Ahmad... Iraha jeung kudu kumaha ngawujudkeun cita cita Kisunda... Tah bukuna aya di Bah Oca....rameee tehPowered by Telkomsel BlackBerry®From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 1 Apr 2011 21:41:42 +0800To: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045? Mun nitenan padungdengan di milis atawa koran, sok remen adu renyom nu harayang ninggali aya urang Sunda jadi pamingpin di tingkat nasional. Ngan wae nepi ka kiwari, can katoong aya kalangkang-kalangkangna acan. Naha peda urang Sunda boga jurus "nyumput buni di nu caang" kitu? Duka teuing. Naha kira-kirana eta jurus teh ampuh kitu. Mun ngulayaban ka jagat maya, geuning batur mah geus taki-taki ti ayeuna, toong we geura diantarana aya Marwah Daud Ibrahim, nu boga program "Nusantara Jaya 2045". Marwah ngulincer ngurilingan Nusantara mikawanoh sentra-sentra industri rakyat. Sarta teu kaliwat kagiatanana dipublikasikeun di jagat maya. Toong we geura di http://marwahdaud.multiply.com/ atawa di kanal YouTube http://www.youtube.com/user/nusantarajaya2045. Boa-boa jurus "batur erek, urang enggeus" teh kalah jadi "batur erek, urang encan" nya?
