Aya buku Mapag Zaman yasana Yus Ruslan Ahmad...  Iraha jeung kudu kumaha 
ngawujudkeun cita cita Kisunda... Tah bukuna aya di Bah Oca....rameee teh
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 1 Apr 2011 21:41:42 
To: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya 
Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045?

Mun nitenan padungdengan di milis atawa koran, sok remen adu renyom nu
harayang ninggali
aya urang Sunda jadi pamingpin di tingkat nasional. Ngan wae nepi ka kiwari,
can katoong aya
kalangkang-kalangkangna acan. Naha peda urang Sunda boga jurus "nyumput buni
di nu caang" kitu?
Duka teuing. Naha kira-kirana eta jurus teh ampuh kitu.

Mun ngulayaban ka jagat maya, geuning batur mah geus taki-taki ti ayeuna,
toong we geura
diantarana aya Marwah Daud Ibrahim, nu boga program "Nusantara Jaya 2045".
Marwah ngulincer
ngurilingan Nusantara mikawanoh sentra-sentra industri rakyat. Sarta teu
kaliwat kagiatanana
dipublikasikeun di jagat maya. Toong we geura di
http://marwahdaud.multiply.com/ atawa di
kanal YouTube http://www.youtube.com/user/nusantarajaya2045.

Boa-boa jurus "batur erek, urang enggeus" teh kalah jadi "batur erek, urang
encan" nya?

Kirim email ke