Uing rek neguh tapi embung hadiahna, pek we keur Ki Hasan.
Dina 10 taun ka hareup beuki loba urang mancanagara anu datang ka nusantara 
alatan hayang nyaho kumaha brehna ieu kawasan anu ayeuna rada haneut ku ayana 
beja pajar cenah ieu teh "atlantis" tea. Dina 25 taun ka hareup leuwih loba 
urang mancanagara anu tuluy jadi penduduk nusantara lantaran maranehna hayang 
leuwih nyaho kahirupan pribumi, bari ngarasa genah jeung ngeunah cicing di ieu 
kawasan, ku alatan neuleuman adat-budaya di unggal suku anu sakitu ngarewu 
lobana. Dina 50 taun ka hareup geus rada hese neangan jelema penduduk asli 
nusantara lantaran loba turunan indo hasil kawin campuran. Mun tuluy alus, 
bakal lahir nagara maju kalayan rahayatna sejahtera ngan teuing saha nu jadi 
rahayatna jeung ti mana anu bakal jadi pamingpin pamarentahan. Lamun tuluy 
goreng, bakal loba pacengkadan anu kacida ruwetna lantaran loba nagara deungeun 
anu pada hayang ngawasa ngarebutkeun nusantara, dibarung ku nerekabna kumpulan 
persatuan/ organisasi lokal anu papaseaan tina ayana kasadaran nyanghareupan 
situasi nu karandapan alatan reana pendatang, ku make bandera kasukuan, bandera 
agama, atawa bandera naon bae nu lahir tina rasa sanasib. Jadi dina 100 taun ka 
hareup, duka aya keneh duka geus euweuh ieu nagara teh, lain ukur urang 
sundana. 
Tah kitu ceuk sugan jeung meureun, eta mah kitu soteh mun nilik tina 
sajarah-sajarah nu karandapan ku hiji nagara, boh karajaan di urang baheula, 
boh nagara di wewengkon deungeun. Kumaha ka hareup bakalna gumantung kumaha 
urang ayeuna. Ari urang sunda ayeuna rek kumaha nindak nangtungan waktu 
ngigelan jaman teh atuh?. Geura prak ulah nepi ka kitu kajadianana.

Setiadi.


--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Cing Bah Oza, oge baraya, uing boga tarucing, pangneguhkeun.
> 
> Naon bedana antara urang Sunda jaga, 100 taun ka hareup, jeung urang Eropa?
> 
> Hayoh, tarucing berhadiah, nu bisa neguh, hadiahna maca uga tilu kali
> sewang.
> 
> 2011/4/4 Roza R. Mintaredja <roza.kalasunda@...>
> 
> >
> >
> > wah, bangsa sanada (sunda) mah can wayah tandang kang,
> > wayahna rada sabar kang , ada saatnya..... jangan cangcaya
> > jalmana can waka tandang, can waka calangap dan matanya can cahayaan.
> > ngan bangsa sanada yang hayang mapag padjadjaran anyar mah kayaknya ada aja
> > kayaknya  banyak yang daftar, ngan sarat can pas ajah.
> > sabab sanada na jangan  sanada jawa barat saja
> > sanada yang rada badag dan sanada kaga badag (sunda besar, sunda kecil),
> > wawasan kabangsaan, wawasan mancanagara
> > masalah wawasan sanada jabar, kaga pas jang sakarang mah
> > angkatna van sanada kana palsapah, palsapah yang lagawa
> > banyak datang  palsapah walanda, arab dan barat saja, ngan kaga pas
> > daya, rasa dan akal yang pas adalah yang hanya mamawa sa awak awak sabangsa
> > dan nagara sayah sajah.
> > jangan mamawa 'awak' dan wawasan mancanagara, bahaya!
> > gawat, sabab masalahna kaga ka awakan sama awak awak yang sabangsa
> > dan jangan maksa maksa mamawa awak mancanagara
> > para PAJABAT sakarang ngan sakadar wayang sajah, dalangna van mancanagara
> > nah, sadar kagak? hanjakalna yang sadar kagak banyak, kalah ngalawannya
> > kapan jayana bangsa sanada yang sajajar sama mancanagara?
> > akan datang mangsana!
> > wayah datangna bancana yang badag, wayah datang kasawat kasawat badag,
> > wayah mana baraya papada baraya pada garalak ngagalaksak hayang banyak
> > harta
> > ada baraya hayang ka anggap bakal kapala nagar na, padahal darahna kagak
> > ada.
> > ada baraya yang mayar sama banyak harta , agar ka angkat, padahal wawasan
> > hanya pas-pasan sajah
> > tah, ada yang nyambat, ada yang hayang kaga kabawa bancana
> > bangsa sanada ada yang nyambat, dah kaga ada sabab dah angkat ka 'kawasan
> > nagara anyar' (lebak cawene)
> > jangan nyangka nyangka saha raja anyar, akan datang sacara ngadadak tanpa
> > wawarta, pas na wayahna mah.
> > nah baraya sadaya.........................
> > mangga tatan tatan jang mapag padjadjaran anyar
> > waspada, lagawa na wawasan, dan banyak nganjang ka baraya baraya
> > jaga awak dan pakay wawasan sanada yang lagawa, ajak baraya yang sa warga
> > agar kaga kabawa sakaba kaba
> >
> > bah, ada yang hayang maca majalah 'mapag jaman' nya kang ahmad?
> > bah rahman mah apal saja, majalah yang bah rahman ajah yah?
> > majalah 'mapag jaman'  saya ada yang bawa, kaga wawarta, saha lah... rada
> > alpa ngaranna
> >
> > cah ah!
> > sakarang saya ngadapang sama  nangakarak aja ah,
> > wah, rada ba'al baham sayah, sabab banyak calangapnya. hahahaaaa.....
> >
> > van *rahmadjasa
> > (maap kata, basa hanacaraka sayah rada acak-acakan, kaga apa yah?, asal
> > pada paham saja kan?)
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > 2011/4/4 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
> >
> >>
> >>
> >> Hawar-hawar aya kabar katanya JK (JaKa) jaga hayang (jadi) kapala nagara.
> >> Kapan JK sabangsana Marwah (daud Ibrahim) jalma Makassar. Pasanganana CT
> >> (Chairul Tanjung).
> >> Ari calon ti Sunda saha? Duka atuh!
> >>
> >> mrachmatrawyani
> >>
> >> ------------------------------
> >> *From:* Ki Hasan <khs579@...>
> >> *To:* [email protected]
> >> *Sent:* Fri, April 1, 2011 6:17:27 AM
> >> *Subject:* Re: [kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045?
> >>
> >>
> >>
> >> Mangga atuh Bah Oman, geura pedar eta buku teh.
> >> Kang Oca tong dibungkusan wae.  Hehehe
> >>
> >> 2011/4/1 <pscjb@...>
> >>
> >>>
> >>>
> >>> Aya buku Mapag Zaman yasana Yus Ruslan Ahmad... Iraha jeung kudu kumaha
> >>> ngawujudkeun cita cita Kisunda... Tah bukuna aya di Bah Oca....rameee teh
> >>>
> >>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >>> ------------------------------
> >>> *From: * Ki Hasan <khs579@...>
> >>> *Sender: * [email protected]
> >>> *Date: *Fri, 1 Apr 2011 21:41:42 +0800
> >>> *To: *Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<
> >>> [email protected]>; Urang Sunda<[email protected]>
> >>> *ReplyTo: * [email protected]
> >>> *Subject: *[kisunda] Batur Erek Urang Encan - Nusantara Jaya 2045?
> >>>
> >>>
> >>>
> >>> Mun nitenan padungdengan di milis atawa koran, sok remen adu renyom nu
> >>> harayang ninggali
> >>>
> >>> aya urang Sunda jadi pamingpin di tingkat nasional. Ngan wae nepi ka
> >>> kiwari, can katoong aya
> >>> kalangkang-kalangkangna acan. Naha peda urang Sunda boga jurus "nyumput
> >>> buni di nu caang" kitu?
> >>> Duka teuing. Naha kira-kirana eta jurus teh ampuh kitu.
> >>>
> >>> Mun ngulayaban ka jagat maya, geuning batur mah geus taki-taki ti ayeuna,
> >>> toong we geura
> >>> diantarana aya Marwah Daud Ibrahim, nu boga program "Nusantara Jaya
> >>> 2045". Marwah ngulincer
> >>> ngurilingan Nusantara mikawanoh sentra-sentra industri rakyat. Sarta teu
> >>> kaliwat kagiatanana
> >>> dipublikasikeun di jagat maya. Toong we geura di
> >>> http://marwahdaud.multiply.com/ atawa di
> >>> kanal YouTube http://www.youtube.com/user/nusantarajaya2045.
> >>>
> >>> Boa-boa jurus "batur erek, urang enggeus" teh kalah jadi "batur erek,
> >>> urang encan" nya?
> >>>
> >>
> >>
> >>
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke