Tah geuning manggih dua versi hawu lengkep. Nu kenca, hawu versi Kang Setiadi, nu katuhu hawu di lembur uing.
<http://moeflich.files.wordpress.com/2008/10/hawu.jpg> 2011/4/14 Ki Hasan <[email protected]> > Mun noong deskripsi HAWU Kang Setiadi, "Gog seeng ditagogkeun dina liang > hawu nu payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker." Jigana wangun hawu > jeung posisi nempatkeunana beda jeung di lembur uing. > > Hawu Kang Setiadi mah jigana, dua liang tur liang suluhna di hareupeun > salah sahiji liang hawu. Posisi nempatkeun hawu vertikal ka nu cinutrung > hareupeun hawu. > > Sedengkeun hawu di lembur uing mah, dua liang oge, ngan liang suluhna > sajajar jeung dua liang hawuna. Posisi nempatkeunana, horizontal ka nu > sideang make sarung. > > 2011/4/13 setiadi_rs <[email protected]> > >> >> >> Leres Ki Hasan, janten emut pangalaman mirun seuneu. Kieu: tos kabiasaan >> mirun seuneu teh rebun-rebun. Gog seeng ditagogkeun dina liang hawu nu >> payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker. Teras baralak sakeupeul >> ditilep ujungna dilebetkeun kana liang paranti suluh, bari diseblok minyak >> tanah saeutik tina cempor. Naaa... atuh ari gur baralak hurung ... ari >> gurubug aya nu ngajol tina liang seuneu ... baralak amburadul, lebu jeung >> silalatu paburisat. Reuwas lain meumeueusan, kuring tijengkang spontan. >> Manahoreng ... si Belang keur tibra sieuneun kaduruk... He..he... >> >> Setiadi >> >> >> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: >> > >> > Kutan sok ngala suluh, Kang Setiadi teh. Ngala pangpung ka pasir. >> Hehehe. >> > Sami tah pangalaman teh. >> > Taun 70-an, 80-an, suluh teh bahan bakar utama keur kaperluan sapopoe >> > keluarga. Alat masakna mangrupa hawu nu depa dina parako. Ngarah tereh >> > hurung, ditiupan ku songsong solobong awi. Hawu mah alat multiguna, >> salian >> > keur ngasakan kejo, mun keur usum tiris bisa dipake sideang, isuk-isuk >> > cinutrung hareupeun hawu, bari ngaregot cikopi panas, mun keur usum >> jagong, >> > bari ngadagoan kejo asak, bisa bipake keur meuleum jagong. >> > >> > 2011/4/12 setiadi_rs <setiadi_rs@...> >> >> > >> > > >> > > >> > > Kang Oman hatur nuhun. Parantos ditoong, horeng anu sapertos kitu >> geuning >> > > haramay teh. Emut kapungkur nuju alit sok rajeun meungkeut suluh ku >> kulit >> > > tangkal haramay, panginten atuh sae, liat pisan. Kawitna mah dikinten >> > > haramay teh anu sapertos tangkal danas mung langkung kandel daunna, >> wartosna >> > > anu sapertos kitu (tangkal danas) oge sae kanggo benang atanapi >> sarupaning >> > > tali. Duka naon namina. >> > > >> > > >> > > >
