Apanan Hawu teh dipernahkeunna teh langsung keuna kana taneuh pangalasna, 
sangkan panasna netral kana taneuh.

Sok tawis geuranan teu di urang wae, dilembur bangsa deungeun pasti tara di 
jieun atawa diperenahkeun dina luhureun tembokan atawa betonan, ngan ari 
wangunan Hawu-na mah nya teu jadi matak rek dijieunna dina tembokan atawa beton 
oge meh-mehan kuat wae.

 

Ngan hiji wae titip…pami meuleum hui/sampeu tur sarupaning nu sok di beuleum 
kana hawu kade sahiji ….bisi salah ngoreh tur di purak padahal mah…. heu heuy 
deuh……hampas ucing J

 

Baktos.
Sulkan, M



 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ki 
Hasan
Sent: Wednesday, April 20, 2011 7:11 PM
To: [email protected]
Subject: Re: HAWU ==> Re: [kisunda] Re: Haramay, potensi sandang anu merlukeun 
tekad jeung politik tekstil Pamarentah - Garut deui

 

  

Memang bahaya laten beton teh kudu diwaspadai. Salian ti bahaya ngabeledug 
waktu diproses dibubuy dina lebu panas, oge aya efek dominona. Kudu ati-ati 
dina mangsa ba'da magrib song ting beledug meledos di tajug.

2011/4/20 setiadi_rs <[email protected]>

  

Kang Oman,
anu kedah waspada teh eta tah leresan meuleum beton, sok sing beledug mantak 
pireuwaseun nu siduru. Sakapeung beton ngabeledug bari ngajol ka luar ti hawu 
bari ngebul kabeuleum sawareh. Anu kedah ati-ati teh sok aya beton anu ngajol 
kana tarang!

setiadi.



--- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , oman 
abdurahman <omanarah@...> wrote:
>
> Si kuring kawilang anu raket jeung hawu, sahenteuna nepi ka kelas 3 smp.
> Sabenerna nepi ka ayeuna oge, upama seug pareng keur liburan di lembur bali
> geusan ngajadi, si kuring masih osok ngagunakeun hawu. Pun biang anu masket
> pisan kana hawu teh, teu kersaeun hawu ilang ti bumina. Sok sanajan paranti
> masak di dapur di bumi pun biang tos digentos ku kompor gas, hawu tetep
> henteu dileungitkeun, ngan dipernahkeunana ayeuna mah di sasaungan sisi
> balong. Tah di eta sasaungan si kuring lamun pareng ngalongok bumi pun
> biang sok ngagunakeun hawu keur meuleum lauk, meuleum hui atawa dapon
> siduru. Ongkoh deui pun biang sakapeung osok ngagunakeun eta hawu pikeun
> nyangu jeung gurang-goreng anu rada loba tur waktuna antare alias henteu
> dirurusuh.
> 
> Ngeunaan papaisan sakumaha carita kang Eko di lemburna, persis kitu pisan
> tatacara pun biang ngadamel pais bari teh. Baheula eta teh, basa kuring keur
> budak nepi ka umuran SMP. Sabab ayeuna mah pun biang sakumaha umumna di
> desa, tos rada arang anu puas-pais model baheula teh. Aya oge papaisan ku
> cara diseupan sabenerna mah, lain dipais. Anapon baheula, pun biang, ceuk
> kuring ieu mah, kawilang rada ahli kana puas-pais atawa masak lauk teh. Kana
> masak kumna wae. Teuing pedah ti leuleutik biasa neda papasakan pun biang,
> teuing memang anjeunna kalebet tiasa masak.
> 
> Ngeunaan papaisan, arang langka anu mais, lauk, upamana, jaman ayeuna siga
> mais lauk jaman baheula. Baheula mah pais lauk teh loba atawa kumplit
> bumbuna jeung aisna bener-bener dina jero lebu panas. Terus lamun geus asak
> eta papaisan teh mindeng diisukeun, nya keur nyieun pais bari tea. Bumbu anu
> kasebut kumplit teh ngawengu salam sereh, koneng, muncang, surawung. Tangtu
> wae ari uyah mah tara tinggaleun. Sakapeung surawung teh diganti ku sarupa
> daun bayem ngan rada haneut rasana (lat poho aranna).
> 
> Lian ti eta, ruhay areng tina suluh atawa nagahaja dijieun tina areng anu
> dibeuleum, sok dipake oge pikeun meuleum lauk atawa meuleum opak. Lebuna anu
> panas dipake mubuy hui atawa boled. Sakapeung anu dibubuy teh cau, utamana
> cau nangka jeung cau lampeneng (sigana ukur hiji dua cau anu pedo rasana
> lamun dibeuleum). Lebu anu panas dina hawu sakapeung sok dipake oge pikeun
> mubuy "beton". Anu dimaksud "beton" teh taya lian ti siki nangka. Keur
> leutik, mindeng pisan meakeun waktu hareupeun hawu.
> 
> manar
> 
> 
> 

> 2011/4/19 setiadi_rs <setiadi_rs@...>


> 
> >
> >
> > Leres pisan kitu Ki H, hawu di lembur kuring mah anu kenca, liang
> > panagoganna sajajar ka tukang sakumaha gambar ti Ki H. Ari nagogna hawu mah
> > tiasa di handap dina lantai taneuh, tiasa sajajar sareng panggung imah. Pami
> > sajajar sareng panggung, alasna mah tetep tina taneuh anu ditaekeun ku jalan
> > ngurug lantei picingogoeun hawu dugi ka sajajar lantei panggung. Ari kituna
> > mah mun lantei hawu lain tina taneuh, upamana bae tina papan,atuh meureun
> > mirun seuneu teh kaduruk jeung imahna!
> >
> > --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , Ki 
> > Hasan <khs579@> wrote:
> > >
> > > Tah geuning manggih dua versi hawu lengkep.
> > > Nu kenca, hawu versi Kang Setiadi, nu katuhu hawu di lembur uing.
> > >
> > > <http://moeflich.files.wordpress.com/2008/10/hawu.jpg>
> > >
> > >
> > > 2011/4/14 Ki Hasan <khs579@>
> >
> > >
> > > > Mun noong deskripsi HAWU Kang Setiadi, "Gog seeng ditagogkeun dina
> > liang
> > > > hawu nu payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker." Jigana wangun
> > hawu
> > > > jeung posisi nempatkeunana beda jeung di lembur uing.
> > > >
> > > > Hawu Kang Setiadi mah jigana, dua liang tur liang suluhna di hareupeun
> > > > salah sahiji liang hawu. Posisi nempatkeun hawu vertikal ka nu
> > cinutrung
> > > > hareupeun hawu.
> > > >
> > > > Sedengkeun hawu di lembur uing mah, dua liang oge, ngan liang suluhna
> > > > sajajar jeung dua liang hawuna. Posisi nempatkeunana, horizontal ka nu
> > > > sideang make sarung.
> > > >
> > > > 2011/4/13 setiadi_rs <setiadi_rs@>
> >
> > > >
> > > >>
> > > >>
> > > >> Leres Ki Hasan, janten emut pangalaman mirun seuneu. Kieu: tos
> > kabiasaan
> > > >> mirun seuneu teh rebun-rebun. Gog seeng ditagogkeun dina liang hawu nu
> > > >> payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker. Teras baralak
> > sakeupeul
> > > >> ditilep ujungna dilebetkeun kana liang paranti suluh, bari diseblok
> > minyak
> > > >> tanah saeutik tina cempor. Naaa... atuh ari gur baralak hurung ... ari
> > > >> gurubug aya nu ngajol tina liang seuneu ... baralak amburadul, lebu
> > jeung
> > > >> silalatu paburisat. Reuwas lain meumeueusan, kuring tijengkang
> > spontan.
> > > >> Manahoreng ... si Belang keur tibra sieuneun kaduruk... He..he...
> > > >>
> > > >> Setiadi
> > > >>
> > > >>
> > > >> --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , Ki 
> > > >> Hasan <khs579@> wrote:
> > > >> >
> > > >> > Kutan sok ngala suluh, Kang Setiadi teh. Ngala pangpung ka pasir.
> > > >> Hehehe.
> > > >> > Sami tah pangalaman teh.
> > > >> > Taun 70-an, 80-an, suluh teh bahan bakar utama keur kaperluan
> > sapopoe
> > > >> > keluarga. Alat masakna mangrupa hawu nu depa dina parako. Ngarah
> > tereh
> > > >> > hurung, ditiupan ku songsong solobong awi. Hawu mah alat multiguna,
> > > >> salian
> > > >> > keur ngasakan kejo, mun keur usum tiris bisa dipake sideang,
> > isuk-isuk
> > > >> > cinutrung hareupeun hawu, bari ngaregot cikopi panas, mun keur usum
> > > >> jagong,
> > > >> > bari ngadagoan kejo asak, bisa bipake keur meuleum jagong.
> > > >> >
> > > >> > 2011/4/12 setiadi_rs <setiadi_rs@>
> > > >>
> > > >> >
> > > >> > >
> > > >> > >
> > > >> > > Kang Oman hatur nuhun. Parantos ditoong, horeng anu sapertos kitu
> > > >> geuning
> > > >> > > haramay teh. Emut kapungkur nuju alit sok rajeun meungkeut suluh
> > ku
> > > >> kulit
> > > >> > > tangkal haramay, panginten atuh sae, liat pisan. Kawitna mah
> > dikinten
> > > >> > > haramay teh anu sapertos tangkal danas mung langkung kandel
> > daunna,
> > > >> wartosna
> > > >> > > anu sapertos kitu (tangkal danas) oge sae kanggo benang atanapi
> > > >> sarupaning
> > > >> > > tali. Duka naon namina.
> > > >> > >

 

 



Kirim email ke