Hehehe, teu apaleun kana "beton" jigana Kang Sulkan mah.
Beton teh beuleum siki nangka. Mun dibeuleumna samogol, satengah asak, sok
jadi bahan utama pihituteun.

2011/4/20 Sulkan, Muhamad (D&DTooling) <[email protected]>

>
>
> Apanan Hawu teh dipernahkeunna teh langsung keuna kana taneuh pangalasna,
> sangkan panasna netral kana taneuh.
>
> Sok tawis geuranan teu di urang wae, dilembur bangsa deungeun pasti tara di
> jieun atawa diperenahkeun dina luhureun tembokan atawa betonan, ngan ari
> wangunan Hawu-na mah nya teu jadi matak rek dijieunna dina tembokan atawa
> beton oge meh-mehan kuat wae.
>
>
>
> Ngan hiji wae titip…pami meuleum hui/sampeu tur sarupaning nu sok di
> beuleum kana hawu kade sahiji ….bisi salah ngoreh tur di purak padahal mah….
> heu heuy deuh……hampas ucing J
>
>
>
> Baktos.
> *Sulkan, M*
>
>
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Ki Hasan
> *Sent:* Wednesday, April 20, 2011 7:11 PM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: HAWU ==> Re: [kisunda] Re: Haramay, potensi sandang anu
> merlukeun tekad jeung politik tekstil Pamarentah - Garut deui
>
>
>
>
>
> Memang bahaya laten beton teh kudu diwaspadai. Salian ti bahaya ngabeledug
> waktu diproses dibubuy dina lebu panas, oge aya efek dominona. Kudu ati-ati
> dina mangsa ba'da magrib song ting beledug meledos di tajug.
>
> 2011/4/20 setiadi_rs <[email protected]>
>
>
>
> Kang Oman,
> anu kedah waspada teh eta tah leresan meuleum beton, sok sing beledug
> mantak pireuwaseun nu siduru. Sakapeung beton ngabeledug bari ngajol ka luar
> ti hawu bari ngebul kabeuleum sawareh. Anu kedah ati-ati teh sok aya beton
> anu ngajol kana tarang!
>
> setiadi.
>
>
>
> --- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote:
> >
> > Si kuring kawilang anu raket jeung hawu, sahenteuna nepi ka kelas 3 smp.
> > Sabenerna nepi ka ayeuna oge, upama seug pareng keur liburan di lembur
> bali
> > geusan ngajadi, si kuring masih osok ngagunakeun hawu. Pun biang anu
> masket
> > pisan kana hawu teh, teu kersaeun hawu ilang ti bumina. Sok sanajan
> paranti
> > masak di dapur di bumi pun biang tos digentos ku kompor gas, hawu tetep
> > henteu dileungitkeun, ngan dipernahkeunana ayeuna mah di sasaungan sisi
> > balong. Tah di eta sasaungan si kuring lamun pareng ngalongok bumi pun
> > biang sok ngagunakeun hawu keur meuleum lauk, meuleum hui atawa dapon
> > siduru. Ongkoh deui pun biang sakapeung osok ngagunakeun eta hawu pikeun
> > nyangu jeung gurang-goreng anu rada loba tur waktuna antare alias henteu
> > dirurusuh.
> >
> > Ngeunaan papaisan sakumaha carita kang Eko di lemburna, persis kitu pisan
> > tatacara pun biang ngadamel pais bari teh. Baheula eta teh, basa kuring
> keur
> > budak nepi ka umuran SMP. Sabab ayeuna mah pun biang sakumaha umumna di
> > desa, tos rada arang anu puas-pais model baheula teh. Aya oge papaisan ku
> > cara diseupan sabenerna mah, lain dipais. Anapon baheula, pun biang, ceuk
> > kuring ieu mah, kawilang rada ahli kana puas-pais atawa masak lauk teh.
> Kana
> > masak kumna wae. Teuing pedah ti leuleutik biasa neda papasakan pun
> biang,
> > teuing memang anjeunna kalebet tiasa masak.
> >
> > Ngeunaan papaisan, arang langka anu mais, lauk, upamana, jaman ayeuna
> siga
> > mais lauk jaman baheula. Baheula mah pais lauk teh loba atawa kumplit
> > bumbuna jeung aisna bener-bener dina jero lebu panas. Terus lamun geus
> asak
> > eta papaisan teh mindeng diisukeun, nya keur nyieun pais bari tea. Bumbu
> anu
> > kasebut kumplit teh ngawengu salam sereh, koneng, muncang, surawung.
> Tangtu
> > wae ari uyah mah tara tinggaleun. Sakapeung surawung teh diganti ku
> sarupa
> > daun bayem ngan rada haneut rasana (lat poho aranna).
> >
> > Lian ti eta, ruhay areng tina suluh atawa nagahaja dijieun tina areng anu
> > dibeuleum, sok dipake oge pikeun meuleum lauk atawa meuleum opak. Lebuna
> anu
> > panas dipake mubuy hui atawa boled. Sakapeung anu dibubuy teh cau,
> utamana
> > cau nangka jeung cau lampeneng (sigana ukur hiji dua cau anu pedo rasana
> > lamun dibeuleum). Lebu anu panas dina hawu sakapeung sok dipake oge
> pikeun
> > mubuy "beton". Anu dimaksud "beton" teh taya lian ti siki nangka. Keur
> > leutik, mindeng pisan meakeun waktu hareupeun hawu.
> >
> > manar
> >
> >
> >
>
> > 2011/4/19 setiadi_rs <setiadi_rs@...>
>
>
> >
> > >
> > >
> > > Leres pisan kitu Ki H, hawu di lembur kuring mah anu kenca, liang
> > > panagoganna sajajar ka tukang sakumaha gambar ti Ki H. Ari nagogna hawu
> mah
> > > tiasa di handap dina lantai taneuh, tiasa sajajar sareng panggung imah.
> Pami
> > > sajajar sareng panggung, alasna mah tetep tina taneuh anu ditaekeun ku
> jalan
> > > ngurug lantei picingogoeun hawu dugi ka sajajar lantei panggung. Ari
> kituna
> > > mah mun lantei hawu lain tina taneuh, upamana bae tina papan,atuh
> meureun
> > > mirun seuneu teh kaduruk jeung imahna!
> > >
> > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote:
> > > >
> > > > Tah geuning manggih dua versi hawu lengkep.
> > > > Nu kenca, hawu versi Kang Setiadi, nu katuhu hawu di lembur uing.
> > > >
> > > > <http://moeflich.files.wordpress.com/2008/10/hawu.jpg>
> > > >
> > > >
> > > > 2011/4/14 Ki Hasan <khs579@>
> > >
> > > >
> > > > > Mun noong deskripsi HAWU Kang Setiadi, "Gog seeng ditagogkeun dina
> > > liang
> > > > > hawu nu payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker." Jigana
> wangun
> > > hawu
> > > > > jeung posisi nempatkeunana beda jeung di lembur uing.
> > > > >
> > > > > Hawu Kang Setiadi mah jigana, dua liang tur liang suluhna di
> hareupeun
> > > > > salah sahiji liang hawu. Posisi nempatkeun hawu vertikal ka nu
> > > cinutrung
> > > > > hareupeun hawu.
> > > > >
> > > > > Sedengkeun hawu di lembur uing mah, dua liang oge, ngan liang
> suluhna
> > > > > sajajar jeung dua liang hawuna. Posisi nempatkeunana, horizontal ka
> nu
> > > > > sideang make sarung.
> > > > >
> > > > > 2011/4/13 setiadi_rs <setiadi_rs@>
> > >
> > > > >
> > > > >>
> > > > >>
> > > > >> Leres Ki Hasan, janten emut pangalaman mirun seuneu. Kieu: tos
> > > kabiasaan
> > > > >> mirun seuneu teh rebun-rebun. Gog seeng ditagogkeun dina liang
> hawu nu
> > > > >> payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker. Teras baralak
> > > sakeupeul
> > > > >> ditilep ujungna dilebetkeun kana liang paranti suluh, bari
> diseblok
> > > minyak
> > > > >> tanah saeutik tina cempor. Naaa... atuh ari gur baralak hurung ...
> ari
> > > > >> gurubug aya nu ngajol tina liang seuneu ... baralak amburadul,
> lebu
> > > jeung
> > > > >> silalatu paburisat. Reuwas lain meumeueusan, kuring tijengkang
> > > spontan.
> > > > >> Manahoreng ... si Belang keur tibra sieuneun kaduruk... He..he...
> > > > >>
> > > > >> Setiadi
> > > > >>
> > > > >>
> > > > >> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote:
> > > > >> >
> > > > >> > Kutan sok ngala suluh, Kang Setiadi teh. Ngala pangpung ka
> pasir.
> > > > >> Hehehe.
> > > > >> > Sami tah pangalaman teh.
> > > > >> > Taun 70-an, 80-an, suluh teh bahan bakar utama keur kaperluan
> > > sapopoe
> > > > >> > keluarga. Alat masakna mangrupa hawu nu depa dina parako. Ngarah
> > > tereh
> > > > >> > hurung, ditiupan ku songsong solobong awi. Hawu mah alat
> multiguna,
> > > > >> salian
> > > > >> > keur ngasakan kejo, mun keur usum tiris bisa dipake sideang,
> > > isuk-isuk
> > > > >> > cinutrung hareupeun hawu, bari ngaregot cikopi panas, mun keur
> usum
> > > > >> jagong,
> > > > >> > bari ngadagoan kejo asak, bisa bipake keur meuleum jagong.
> > > > >> >
> > > > >> > 2011/4/12 setiadi_rs <setiadi_rs@>
> > > > >>
> > > > >> >
> > > > >> > >
> > > > >> > >
> > > > >> > > Kang Oman hatur nuhun. Parantos ditoong, horeng anu sapertos
> kitu
> > > > >> geuning
> > > > >> > > haramay teh. Emut kapungkur nuju alit sok rajeun meungkeut
> suluh
> > > ku
> > > > >> kulit
> > > > >> > > tangkal haramay, panginten atuh sae, liat pisan. Kawitna mah
> > > dikinten
> > > > >> > > haramay teh anu sapertos tangkal danas mung langkung kandel
> > > daunna,
> > > > >> wartosna
> > > > >> > > anu sapertos kitu (tangkal danas) oge sae kanggo benang
> atanapi
> > > > >> sarupaning
> > > > >> > > tali. Duka naon namina.
> > > > >> > >
>
>
>

Kirim email ke