Memang bahaya laten beton teh kudu diwaspadai. Salian ti bahaya ngabeledug waktu diproses dibubuy dina lebu panas, oge aya efek dominona. Kudu ati-ati dina mangsa ba'da magrib song ting beledug meledos di tajug.
2011/4/20 setiadi_rs <[email protected]> > > > Kang Oman, > anu kedah waspada teh eta tah leresan meuleum beton, sok sing beledug > mantak pireuwaseun nu siduru. Sakapeung beton ngabeledug bari ngajol ka luar > ti hawu bari ngebul kabeuleum sawareh. Anu kedah ati-ati teh sok aya beton > anu ngajol kana tarang! > > setiadi. > > > --- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote: > > > > Si kuring kawilang anu raket jeung hawu, sahenteuna nepi ka kelas 3 smp. > > Sabenerna nepi ka ayeuna oge, upama seug pareng keur liburan di lembur > bali > > geusan ngajadi, si kuring masih osok ngagunakeun hawu. Pun biang anu > masket > > pisan kana hawu teh, teu kersaeun hawu ilang ti bumina. Sok sanajan > paranti > > masak di dapur di bumi pun biang tos digentos ku kompor gas, hawu tetep > > henteu dileungitkeun, ngan dipernahkeunana ayeuna mah di sasaungan sisi > > balong. Tah di eta sasaungan si kuring lamun pareng ngalongok bumi pun > > biang sok ngagunakeun hawu keur meuleum lauk, meuleum hui atawa dapon > > siduru. Ongkoh deui pun biang sakapeung osok ngagunakeun eta hawu pikeun > > nyangu jeung gurang-goreng anu rada loba tur waktuna antare alias henteu > > dirurusuh. > > > > Ngeunaan papaisan sakumaha carita kang Eko di lemburna, persis kitu pisan > > tatacara pun biang ngadamel pais bari teh. Baheula eta teh, basa kuring > keur > > budak nepi ka umuran SMP. Sabab ayeuna mah pun biang sakumaha umumna di > > desa, tos rada arang anu puas-pais model baheula teh. Aya oge papaisan ku > > cara diseupan sabenerna mah, lain dipais. Anapon baheula, pun biang, ceuk > > kuring ieu mah, kawilang rada ahli kana puas-pais atawa masak lauk teh. > Kana > > masak kumna wae. Teuing pedah ti leuleutik biasa neda papasakan pun > biang, > > teuing memang anjeunna kalebet tiasa masak. > > > > Ngeunaan papaisan, arang langka anu mais, lauk, upamana, jaman ayeuna > siga > > mais lauk jaman baheula. Baheula mah pais lauk teh loba atawa kumplit > > bumbuna jeung aisna bener-bener dina jero lebu panas. Terus lamun geus > asak > > eta papaisan teh mindeng diisukeun, nya keur nyieun pais bari tea. Bumbu > anu > > kasebut kumplit teh ngawengu salam sereh, koneng, muncang, surawung. > Tangtu > > wae ari uyah mah tara tinggaleun. Sakapeung surawung teh diganti ku > sarupa > > daun bayem ngan rada haneut rasana (lat poho aranna). > > > > Lian ti eta, ruhay areng tina suluh atawa nagahaja dijieun tina areng anu > > dibeuleum, sok dipake oge pikeun meuleum lauk atawa meuleum opak. Lebuna > anu > > panas dipake mubuy hui atawa boled. Sakapeung anu dibubuy teh cau, > utamana > > cau nangka jeung cau lampeneng (sigana ukur hiji dua cau anu pedo rasana > > lamun dibeuleum). Lebu anu panas dina hawu sakapeung sok dipake oge > pikeun > > mubuy "beton". Anu dimaksud "beton" teh taya lian ti siki nangka. Keur > > leutik, mindeng pisan meakeun waktu hareupeun hawu. > > > > manar > > > > > > > > 2011/4/19 setiadi_rs <setiadi_rs@...> > > > > > > > > > > > > Leres pisan kitu Ki H, hawu di lembur kuring mah anu kenca, liang > > > panagoganna sajajar ka tukang sakumaha gambar ti Ki H. Ari nagogna hawu > mah > > > tiasa di handap dina lantai taneuh, tiasa sajajar sareng panggung imah. > Pami > > > sajajar sareng panggung, alasna mah tetep tina taneuh anu ditaekeun ku > jalan > > > ngurug lantei picingogoeun hawu dugi ka sajajar lantei panggung. Ari > kituna > > > mah mun lantei hawu lain tina taneuh, upamana bae tina papan,atuh > meureun > > > mirun seuneu teh kaduruk jeung imahna! > > > > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote: > > > > > > > > Tah geuning manggih dua versi hawu lengkep. > > > > Nu kenca, hawu versi Kang Setiadi, nu katuhu hawu di lembur uing. > > > > > > > > <http://moeflich.files.wordpress.com/2008/10/hawu.jpg> > > > > > > > > > > > > 2011/4/14 Ki Hasan <khs579@> > > > > > > > > > > > > Mun noong deskripsi HAWU Kang Setiadi, "Gog seeng ditagogkeun dina > > > liang > > > > > hawu nu payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker." Jigana > wangun > > > hawu > > > > > jeung posisi nempatkeunana beda jeung di lembur uing. > > > > > > > > > > Hawu Kang Setiadi mah jigana, dua liang tur liang suluhna di > hareupeun > > > > > salah sahiji liang hawu. Posisi nempatkeun hawu vertikal ka nu > > > cinutrung > > > > > hareupeun hawu. > > > > > > > > > > Sedengkeun hawu di lembur uing mah, dua liang oge, ngan liang > suluhna > > > > > sajajar jeung dua liang hawuna. Posisi nempatkeunana, horizontal ka > nu > > > > > sideang make sarung. > > > > > > > > > > 2011/4/13 setiadi_rs <setiadi_rs@> > > > > > > > > > > > > >> > > > > >> > > > > >> Leres Ki Hasan, janten emut pangalaman mirun seuneu. Kieu: tos > > > kabiasaan > > > > >> mirun seuneu teh rebun-rebun. Gog seeng ditagogkeun dina liang > hawu nu > > > > >> payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker. Teras baralak > > > sakeupeul > > > > >> ditilep ujungna dilebetkeun kana liang paranti suluh, bari > diseblok > > > minyak > > > > >> tanah saeutik tina cempor. Naaa... atuh ari gur baralak hurung ... > ari > > > > >> gurubug aya nu ngajol tina liang seuneu ... baralak amburadul, > lebu > > > jeung > > > > >> silalatu paburisat. Reuwas lain meumeueusan, kuring tijengkang > > > spontan. > > > > >> Manahoreng ... si Belang keur tibra sieuneun kaduruk... He..he... > > > > >> > > > > >> Setiadi > > > > >> > > > > >> > > > > >> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote: > > > > >> > > > > > >> > Kutan sok ngala suluh, Kang Setiadi teh. Ngala pangpung ka > pasir. > > > > >> Hehehe. > > > > >> > Sami tah pangalaman teh. > > > > >> > Taun 70-an, 80-an, suluh teh bahan bakar utama keur kaperluan > > > sapopoe > > > > >> > keluarga. Alat masakna mangrupa hawu nu depa dina parako. Ngarah > > > tereh > > > > >> > hurung, ditiupan ku songsong solobong awi. Hawu mah alat > multiguna, > > > > >> salian > > > > >> > keur ngasakan kejo, mun keur usum tiris bisa dipake sideang, > > > isuk-isuk > > > > >> > cinutrung hareupeun hawu, bari ngaregot cikopi panas, mun keur > usum > > > > >> jagong, > > > > >> > bari ngadagoan kejo asak, bisa bipake keur meuleum jagong. > > > > >> > > > > > >> > 2011/4/12 setiadi_rs <setiadi_rs@> > > > > >> > > > > >> > > > > > >> > > > > > > >> > > > > > > >> > > Kang Oman hatur nuhun. Parantos ditoong, horeng anu sapertos > kitu > > > > >> geuning > > > > >> > > haramay teh. Emut kapungkur nuju alit sok rajeun meungkeut > suluh > > > ku > > > > >> kulit > > > > >> > > tangkal haramay, panginten atuh sae, liat pisan. Kawitna mah > > > dikinten > > > > >> > > haramay teh anu sapertos tangkal danas mung langkung kandel > > > daunna, > > > > >> wartosna > > > > >> > > anu sapertos kitu (tangkal danas) oge sae kanggo benang > atanapi > > > > >> sarupaning > > > > >> > > tali. Duka naon namina. > > > > >> > > >
