Mun noong deskripsi HAWU Kang Setiadi, "Gog seeng ditagogkeun dina liang hawu nu payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker." Jigana wangun hawu jeung posisi nempatkeunana beda jeung di lembur uing.
Hawu Kang Setiadi mah jigana, dua liang tur liang suluhna di hareupeun salah sahiji liang hawu. Posisi nempatkeun hawu vertikal ka nu cinutrung hareupeun hawu. Sedengkeun hawu di lembur uing mah, dua liang oge, ngan liang suluhna sajajar jeung dua liang hawuna. Posisi nempatkeunana, horizontal ka nu sideang make sarung. 2011/4/13 setiadi_rs <[email protected]> > > > Leres Ki Hasan, janten emut pangalaman mirun seuneu. Kieu: tos kabiasaan > mirun seuneu teh rebun-rebun. Gog seeng ditagogkeun dina liang hawu nu > payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker. Teras baralak sakeupeul > ditilep ujungna dilebetkeun kana liang paranti suluh, bari diseblok minyak > tanah saeutik tina cempor. Naaa... atuh ari gur baralak hurung ... ari > gurubug aya nu ngajol tina liang seuneu ... baralak amburadul, lebu jeung > silalatu paburisat. Reuwas lain meumeueusan, kuring tijengkang spontan. > Manahoreng ... si Belang keur tibra sieuneun kaduruk... He..he... > > Setiadi > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > > > Kutan sok ngala suluh, Kang Setiadi teh. Ngala pangpung ka pasir. Hehehe. > > Sami tah pangalaman teh. > > Taun 70-an, 80-an, suluh teh bahan bakar utama keur kaperluan sapopoe > > keluarga. Alat masakna mangrupa hawu nu depa dina parako. Ngarah tereh > > hurung, ditiupan ku songsong solobong awi. Hawu mah alat multiguna, > salian > > keur ngasakan kejo, mun keur usum tiris bisa dipake sideang, isuk-isuk > > cinutrung hareupeun hawu, bari ngaregot cikopi panas, mun keur usum > jagong, > > bari ngadagoan kejo asak, bisa bipake keur meuleum jagong. > > > > 2011/4/12 setiadi_rs <setiadi_rs@...> > > > > > > > > > > > > Kang Oman hatur nuhun. Parantos ditoong, horeng anu sapertos kitu > geuning > > > haramay teh. Emut kapungkur nuju alit sok rajeun meungkeut suluh ku > kulit > > > tangkal haramay, panginten atuh sae, liat pisan. Kawitna mah dikinten > > > haramay teh anu sapertos tangkal danas mung langkung kandel daunna, > wartosna > > > anu sapertos kitu (tangkal danas) oge sae kanggo benang atanapi > sarupaning > > > tali. Duka naon namina. > > > > > > >
