wah eta resep pami tos nyarioskeun dimensi .... dimensi kaopat jin sareng sanesna (tiasa nembus nu teuas) kalima alam roh ka genepna hilap deui katujuh sawarga naraka dugi ka dimensi salapan (nu maha nyipta ka alam) ari buktosna mah mangga sami-sami maos bukuna Agus Mustofa wae langkung anteb ,,, insiyur Nuklir ti I TE BE
namung pami merhatoskeun gambaran absrak rajeun sok muncul visual dimensi langsung ti 3 salam baktos rahayu 2010/11/30 Aschev Schuraschev <[email protected]> > > > Ah eta mah paraosan cep Dudi we. > > Diponegoro pangeran anu ngajanggelek mah. Kiwari urang ngan bisa > nyipta-nyipta dina dimensi 2 (gambarna) atawa lamun aya mah dimensi 3 > (patungna). Dimensi 3 aslina mah kawenehan mangsa manehna hirup. he he he. > > Pangeran mah teu bisa disaruakeun jeung makhluk (nu ngajanggelek dina > dimensi rohang sarta kawates ku dimensi waktu). Pangeran nu nyiptakeun sarta > teu kauger ku dimensi rohang jeung waktu tangtuna teu bisa dicipta-cipta > jiga kumaha. > > Sabage gambaran, dina dimensi 3 (rohang) urang bisa nyipta widang (dimensi > 2), garis (dimensi 1) jeung titik (dimensi 0). Tapi lamun urang hirup dina > dimensi 1 tangtuna urang teu bisa nyipta kumaha dimensi 2 atawa dimensi 3 > teh. Kitu oge lamun urang hirup dina dimensi 2 tangtuna ngan bisa nyipta > garis jeung titik, teu bisa nyipta-nyipta kumaha dimensi 3 teh. Urang > (kaasup Hawking) nu hirup dina 4 dimensi (rohang jeung waktu) teu bisa > nyipta-nyipta jiga kumaha Pangeran sabab Pangeran teu kawengku ku 4 dimensi > dimana jeung iraha urang hirup. > > Kitu ceuk kuring mah. Cing sugan aya nu bisa ngalengkepan hususna ditingali > tina panempo Islam. > > > > > --- On *Mon, 11/29/10, Dudi Herlianto <[email protected]>* wrote: > > > From: Dudi Herlianto <[email protected]> > > Subject: Re: [kisunda] Inohong - Pamanggih Stepen Hawking ngeunaan Pangeran > To: [email protected] > Date: Monday, November 29, 2010, 2:22 AM > > > > > lamun dipikir-pikir, ditingalian tina postingan di kisunda ngeunaan > kapangeranan, naha nya nu kabayangkeun ku kuring, pangeran (p badag) teh bet > asa ngajenggelek, ngajirim jadi mangkeluk? > > > -- > d-: dudi herlianto :-q > paciringan.wordpress.com > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk > > > > -- ................. 8-| 8| B-| B|
