ceuk uingna mah khususon we special kanggo bah ocha. hehehe

2011/5/23 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> leres bah LAN BARAYA SADAYA, anu namina ilmuwan sok muncul ego. tapi moal
> ngalepatkeun. sadayana oge euceuk jeung beja tea bah, ceuk gusti, ceuk nabi,
> ceuk karuhun, ceuk ajaran, ceuk jelema lobaan, ceuk logika, naaaaa ari ceuk
> uingna, maaaaNA??
>
>
> 2011/5/21 <[email protected]>
>
>>
>>
>> Rampesss...nya ieu mah pan ngaramekeun supados aya piobroleun. Sugan we
>> aya anu aheng. Tah perkawis "dongeng" ayeuna para ilmuwan oge nuju sibuk.
>> Pedah ayeuna ilmu jagat raya teu kinten majengna. Cobi geura bandungan dina
>> saluran TV "History" atanapi "Discovery".. Make aya anu nebak anggoan
>> tradisional ti suku primitif sareng raja Firaun the nyonto ka pakean
>> astronot ti luar angkasa nyaba ka bumi... Boa model jubah, jilbab, iket oge
>> nurutan makhluk luar (Alien..?).... Numawi janten kataji ku riwayat Isro
>> Mi'raj... Boa boa Buraq teh pesawat luar angkasa kitu...?. Ah aya aya
>> wae...dasar ilmuwan.
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * "Roza R. Mintaredja" <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Sat, 21 May 2011 21:39:41 +0700
>> *To: *<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo!
>> News
>>
>>
>>
>> ih sumuhun bah sepuh.
>> mun manehna sieun maot, sina teuleuman we , elmu paeh samameh paeh. hehe
>> keun we kang* hawking* sieun ku maot mah. dina deklarasi ku sikep jeung
>> tangtunganana. sok sanajan nyalahkeun  kapercanten eksistensi sorga jeung
>> naraka.
>> muga we kang hawking aya pencerahan ti gusti, sabab risikona pasti
>> ditanggung kudirina keuna kadirina.
>> perang salib (islam jg karesten) anu leuwih ti sa abad. antara hindu jeung
>> islam. antara yahudi jeung islam. antara ageman 'timur tengah' jeung karl
>> marx.
>> sadayana dina judul *perang* ku alatan silih jejeleh/plecehan kana
>> masalah kayakinan dina masalah ka gustian.(padahal masalah dagang)
>> naha teu aya masalah sanes anu prioritas? raraosan teu kedah kapancing,
>> sok sanajan eta eupan meni nyeri kana hate/kolbu sarerea
>> hampura isun.....
>> masalah pabener bener ageman, silih salahkeun ageman, dina data tug nepi
>> ka kiwari nunjukkeun yen kajadian umumna nepi ka  berdarah darah....!!!.
>> ampuuuuun gustiiiiiii nu agung!
>> abdi nengetan rupina ieu kajadian mangrupa hiji tangara keur obahna jaman!
>> kaayaan lumaku sadunya! - pasea masalah ageman, pssi, korupsi nyiliwuri,
>> bapa merkosa anakna, sodomi, somah sangsara
>> bencana alam, panyakit endemik. jrrd. ku pamarentahna masing2ternyata
>>  hanteu tiasa tertanggulangi sacara tuntas.
>> (naha ieu geus katangtuan ti gusti? naha gusti murka? naha gusti teu tiasa
>> nyegah?)
>> ka ayaan nagara urang anu sakitu labilna.
>> hampura isun, ayeuna dina kaayaan kitu bah sepuh. sedih, nalangsa, teu
>> walakaya
>> ngemutan ka ayaan diri, pangsiunan, pengacara(pengangguran banyak acara,
>> hehe), nuju niiskeun pikir, dina hate anu keur pagaliwota kieu.
>> sok sanajan meureun ceuk batur mah *emangnya gwe pikirin.*
>> hn*R3M
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>> 2011/5/21 <[email protected]>
>>
>>>
>>>
>>> Ih numawi saleresna mah sanes urang anu ngoyag2 kayakinan Steven Hawking,
>>> justru anjeunna ngagugat ka para agamawan (Nabi2..?) anu ngabewarakeun ka
>>> umatna ayana surga..ku manehna mah beja kitu the dianggap khayal wungkul
>>> alias wadul cenah...eta mah pangbebenjo alatan tina sieun maot we.. Teras
>>> weh hoyong gaduh mesin waktos..siga Buraq..?
>>>
>>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>>> ------------------------------
>>> *From: * "Roza R. Mintaredja" <[email protected]>
>>> *Sender: * [email protected]
>>> *Date: *Sat, 21 May 2011 20:18:11 +0700
>>> *To: *<[email protected]>
>>> *ReplyTo: * [email protected]
>>> *Subject: *Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo!
>>> News
>>>
>>>
>>>
>>> ka...diri
>>> sadaya jalmi boga hak keur gaduh kayakinan keur dirina. urg kudu
>>> ngahormat kana kayakinan diri na.
>>> kayakinan ku dasar agama nu diajarkeun ti bubudak(doktrin), bisa nepi ka
>>> maotna, bisa oge robah kayakinan(proses)
>>> kayakinan ku dasar elmu pangaweruh. kayakinan ku dasar pangalaman
>>> pribadi.
>>> kayakinan ku dasar kayakinan batur, kayakinan ku dasar
>>> balarea/kelompok...tuturut munding?
>>> kayakinan ku dasar di yakinkeun ku batur! ...di taklidkeun, di bai'at.
>>> kumaha anu dina proses yakinna dumasar euceuk jeung beja? ...beo
>>> ngaranna, mun teu di analisa
>>> kumaha proses "yakin" bisa ngawujud?
>>> rumus dasarna ngeunaan yakin?
>>> kaharti ku dirina.......karasa ku dirina.....nyata ka dirina.
>>> kaharti...............karasa..................nyata!
>>> tina elmu pangarti bisa diteuleuman leuwih jauh nepi karasa mangpaat
>>> kadirina, kusabab dilakonan
>>> hartina dina perjalanan  jeung proses 'rasa' ieu, pinasti manggihan hal
>>> hal anu nepikeun dirina boga kayakinan kasebut
>>> sabab geus nyata 'bungkeuleuk'na keur dirina, yakin alusna , yakin
>>> gorengna, lain euceuk jeung beja...
>>> pangalaman batin masing masing manusa, mangrupa hiji proses kawilang
>>> aheng jeung pinuh ku misteri misteri
>>> anu aya bisa nu kaungkab langsung, atawa sa anggeusna, ngaliwatan proses
>>> waktu jeung kajadian
>>>
>>> dina masalah ka gusti an, aya proses anu sanada jeung pedaran bieu
>>> aya oge anu hanteu ngaliwatan pedaran bieu
>>> aya anu langsung ti gusti? nu kumaha gusti teh? gusti anjeun? gusti
>>> kuring?
>>> aya anu ngaliwatan perantara/media tug nepi ka gustina, naon we, boh ku
>>> alam sabudereun, atw jirim lainna
>>> conto dina kayakinan islam ilahar disebut malaekat, ceuk beja hiji nabi
>>> cukup nempo cahaya kuat jeung lini, geus ampun2an teu sanggup dituluykeun
>>> kahayangna
>>> hayang nempo wujud gusti? yah, sah sah saja, prosesna kitu nabi teh,
>>> mangrupa conto proses yakin ka dirina
>>> masalah kagustian jadi hiji misteri keur unggal manusa, proses dina nepi
>>> ka yakinna teh, beda beda
>>> teu bisa disaruakeun lur, jeung teu meunang maksa kudu sarua
>>> kabeh ngalaman proses jeung kadar kayakinan diri
>>> kadiri, kadiri, kadiri, (daha jeung panjalu)...naha nepi ka dijieun
>>> ngaran karajaan? karajaan ka 'diri' !
>>> mun *wawuh* kadiri na , pinasti *wanoh* jeung gustina (* wanoh* tingkat
>>> rasa na leuwih jero tibatan* wawuh*)
>>> waw............ nu kumaha eta teh? bab naon eta teh? nya pasti aya
>>> metodana, mangrupa pa elmuan we
>>> matak hemeng eta mah. numatak ulah saukur euceuk jeung beja, lakonan we.
>>>
>>> numatak, mendingan urg mah nyiar kahadean we ka sasama mun wasa. ..mun
>>> teu wasa ? nya teu kudu.
>>> asal ulah nganggangu batur  we, kayakinan batur pek we, kayakinan urang
>>> keun we,
>>> jeung teu kudu ngagogoreng kayakinan sewang2an, naon sih untungna? naha
>>> bener kayakinan manehna leuwih goreng ti urang?
>>> boa leuwih alus, sugan. numatak...emangnya gwe pikirin
>>> kumaha we carana, ku omongan, ku barang , ku mere conto, ku rereongan
>>> jrrd.
>>> kang *stephen hawking*, pek anjeun ngajorowok sataker kebek, eta
>>> kayakinan anjeunnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnn......
>>> arek dibales, dihantem ku kayakinan urang? masalah kadar ka imanan dina
>>> kagustian, etamah bagian gusti anu nakerna, anu ngukurna
>>> sakali deui , urg mah nyiar kahadean we ka sasama, nurutkeun kakuatan
>>> sakujur diri na, sasieureun sabeunyeureun.
>>> ka diri ! ka...diri, ka'diri' jeung 'kuring'na, jeung 'kurung' na sawaktu
>>> hirup didunya.
>>> kumaha 'diri' aranjeun?
>>> cag!
>>>
>>>
>>> hn*R3M
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>
>>> 2011/5/21 Ki Hasan <[email protected]>
>>>
>>>>
>>>>
>>>> Kaelingan ku riwayat Isra Mi'raz, pakaitna jeung parentah sholat lima
>>>> waktu, sakolebatan meureun bisa disimpulkeun kieu, sanggeus Kanjeng Nabi
>>>> nyaba mundur rewuan taun ka tukang, terus nyaba maju rewuan taun ka jaga,
>>>> anjeuna bisa adu-tawar sareng Pangeran perkara wilangan sholat tea, nepi ka
>>>> suksesna jadi parentah sholat lima waktu tea.
>>>>
>>>> Mun nitenan proses nangtukeun kawijakan publik jiga di luhur, meureun
>>>> pikeun nangtukeun kawijakan publik jaman kiwari oge perlu jiga kitu.
>>>>
>>>>
>>>> 2011/5/21 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>
>>>>
>>>>
>>>>>
>>>>> Kaget nya upami para ilmuwan kagungan hipotesa. Padahal dina Islam mah
>>>>> teu aneh teu sing naon anu disebat* "mesin waktos"* teh. Kapan ku
>>>>> Kangjeng Nabi Muhammad saw mah parantos dianggo nyaba ka Sidratul Muntaha,
>>>>> malah leres tiasa mundur ka jaman Nabi Adam dugi ka jaman Nabi Isa (lk. 
>>>>> 2000
>>>>> - 15.000 tahun katukang) sareng ka jaman anu bade dongkap (kiamat, surga
>>>>> sareng naraka..duka sabaraha juta milyar tahun anu bade dongkap tah). 
>>>>> Namina
>>>>> teh upami teu lepat "BURAQ", anu tiasa lumpat ngabelesat ngalangkungan
>>>>> lumpatna cahaya. Cobi uninga dina riwayat " Isra Mi'raz Rosulullah".
>>>>> Panginten Steven Hawking teu acan uninga riwayat Isro Mi'raz.
>>>>> Dina hal kajantenan ieu bujeng bujeng manusa jaman 1400 tahunan
>>>>> kapengker malah para imuwan kiwari masih keneh ragu kumaha rupana *"mesin
>>>>> waktos"* anu ditunggangan ku Kangjeng Nabi Muhammad harita. Malah
>>>>> seueur anu nyebat wadul...tuluy jadi mundur murtad teu ngaku Rosul ka
>>>>> anjeunna.
>>>>> Saur eta riwayat memeh hiber Kangjeng Nabi dioperasi dadana ku Jibril,
>>>>> dibasuh ku cai Zam-zam. Tah naha eta teha dilebetan atanapi nganggo alat
>>>>> khusus kana salirana supados "gentos jirim" janten siga jirim malaikat?
>>>>> Wallohu A'lam teu acan aya jawaban. Mung netelakeun yen teu sagawayah 
>>>>> upami
>>>>> manusa bade tunggang mesin waktos sapertos Buraq.
>>>>> Tina kajantenan Isro Mi'raz, Kangjeng Nabi ngajarkeun sholat 5 waktu
>>>>> sadinten sawengi ka umatna kalebet mageuhan iman kana dinten kiamat ayana
>>>>> takdir kalebet ayana akherat (surga sareng naraka) da ku anjeunna parantos
>>>>> katincak sanajan kiwari saleresna eta alam teh teu acan dugi kana ayana.
>>>>> Rupina Steven Hawking kakara percaya lamun anjeunna tiasa tunggang
>>>>> mesin waktos ngudag jaman kapayun sapertos Kangjeng Nabi tunggang Buraq ka
>>>>> Sidratul Muntaha ngalangkungan surga sareng naraka...he..he..
>>>>>
>>>>>
>>>>
>>>>
>>>
>>
>  
>

Kirim email ke