Emut kanu obrolan ngalor-ngidul serang pun Bapa.
Dina nalika ngudag Usamah Bin Laden di Pakistan, Osama menyaksikan "live" 
penyerbuan ka imah Usamah. Mere instruksi jeung nyaksi kajadian kumaha pari 
polah
tangtara Amerika nyerbu dugi ka nelasan Usamah. 
Obama ku anjeun anu nginstruksikeun hal-hal anu penting anu nangtukeun kudu 
kitu sareng kudu kieuna.
Naon hartosna sareng naon hubungan na sareng "dongeng" Isro Mi'raj?

Ku teknologi anu dicapai jeung kahontal ku jelema ayeuna, geuning PANINGAL 
(daya melihat) teh tiasa nembus waktu tempat jeung jarak. Parantos kabuktian.

Logikana kitu ku KERSA sareng KAWASAna nu Mahakawasa, upami jalmi tiasa di 
"buka" paningalna, tantos teu mustahil tiasa "ningal" waktos anu kapayun sareng 
anu kapengker.
Kacarioskeun dina katerangan ti Aisyah, yen "patilasan" tempat Kangjeng Nabi 
Muhammad karaos haneut keneh.  Ieu tiasa wae di hartoskeun "isro mi'raj"  teh 
cicing we di hiji tempat.

Da upami di ilmiahkeun aya "buroq' anu melesatna sacepet kecepatan cahaya oge, 
upami bade angkat ka galaxy lain meryogikeun waktos jutaan atawa rebuan taun 
cahaya.  
1 tahun cahaya nyaeta jarak anu ditempuh ku cahaya salila sataun. Komo bade 
dugi ka tungtung "langit".

Anu jelas mah dugi ka kiamat oge anu ngarana jelema mah tetep katetepan aya 
dina bodona. 






--- On Sat, 5/21/11, H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]> wrote:

From: H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo! News
To: [email protected]
Date: Saturday, May 21, 2011, 8:32 AM















 
 



  


    
      
      
      Rupina tiasa wae dicandak hikmahna kanggo para pamingpin bangsa dina 
ngadamel pilar kanijakan, kedah tiasa metik hasil pangalaman bangsa-bangsa 
kapengker sareng kedah kagungan visi tebih kapayun kalebet uninga kana 
kamungkinan aya parobihan jaman anu ekstrim.... Carana ari kanggo urang modern 
ayeuna mah referensi mung terbatas tina hasil dokumentasi sejarah/situs/fosil 
jaman kapengker sareng simulasi analisa prediksi pikapayuneun....tapi hasilna 
boa enya kitu boa sanes margi seueur faktor asumsi anu teu pasti. 
Tah anu janten khayalan Steven Hawking mah hoyong kagungan alat/mesin waktos 
anu tiasa norobos waktos anu sakitu panjang/lamina dugi ka tiasa maju 
mundur tanpa watesan atanapi hirup abadi sagala kajadian katincak ku 
sorangan,... nya panginten hoyong nuruttan sapertos Kangjeng Nabi tunggang 
Buraq tea....? ......

--- On Sat, 5/21/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote:


From: Ki Hasan <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo! News
To: [email protected]
Date: Saturday, May 21, 2011, 7:38 AM


  

Kaelingan ku riwayat Isra Mi'raz, pakaitna jeung parentah sholat lima waktu, 
sakolebatan meureun bisa disimpulkeun kieu, sanggeus Kanjeng Nabi nyaba mundur 
rewuan taun ka tukang, terus nyaba maju rewuan taun ka jaga, anjeuna bisa 
adu-tawar sareng Pangeran perkara wilangan sholat tea, nepi ka suksesna jadi 
parentah sholat lima waktu tea.

Mun nitenan proses nangtukeun kawijakan publik jiga di luhur, meureun pikeun 
nangtukeun kawijakan publik jaman kiwari oge perlu jiga kitu. 



2011/5/21 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>


  








Kaget nya upami para ilmuwan kagungan hipotesa. Padahal dina Islam mah teu aneh 
teu sing naon anu disebat "mesin waktos" teh. Kapan ku Kangjeng Nabi Muhammad 
saw mah parantos dianggo nyaba ka Sidratul Muntaha, malah leres tiasa mundur ka 
jaman Nabi Adam dugi ka jaman Nabi Isa (lk. 2000 - 15.000 tahun katukang) 
sareng ka jaman anu bade dongkap (kiamat, surga sareng naraka..duka sabaraha 
juta milyar tahun anu bade dongkap tah). Namina teh upami teu lepat "BURAQ", 
anu tiasa lumpat ngabelesat ngalangkungan lumpatna cahaya. Cobi uninga dina 
riwayat " Isra Mi'raz Rosulullah". Panginten Steven Hawking teu acan uninga 
riwayat Isro Mi'raz. 
Dina hal kajantenan ieu bujeng bujeng manusa jaman 1400 tahunan kapengker malah 
para imuwan kiwari masih keneh ragu kumaha rupana "mesin waktos" anu 
ditunggangan ku Kangjeng Nabi Muhammad harita. Malah seueur anu nyebat 
wadul...tuluy jadi mundur murtad teu ngaku Rosul ka anjeunna. 
Saur eta riwayat memeh hiber Kangjeng Nabi dioperasi dadana ku Jibril, dibasuh 
ku cai Zam-zam. Tah naha eta teha dilebetan atanapi nganggo alat khusus kana 
salirana supados "gentos jirim" janten siga jirim malaikat? Wallohu A'lam teu 
acan aya jawaban. Mung netelakeun yen teu sagawayah upami manusa bade tunggang 
mesin waktos sapertos Buraq. 
Tina kajantenan Isro Mi'raz, Kangjeng Nabi ngajarkeun sholat 5 waktu sadinten 
sawengi ka umatna kalebet mageuhan iman kana dinten kiamat ayana takdir kalebet 
ayana akherat (surga sareng naraka) da ku anjeunna parantos katincak sanajan 
kiwari saleresna eta alam teh teu acan dugi kana ayana.
Rupina Steven Hawking kakara percaya lamun anjeunna tiasa tunggang mesin waktos 
ngudag jaman kapayun sapertos Kangjeng Nabi tunggang Buraq ka Sidratul Muntaha 
ngalangkungan surga sareng naraka...he..he..






    
     

    
    


 



  








Kirim email ke