emh abh sepuh mah memang ahli hikmah, naon anu aya , katingal dina implenganna anu teu ka impleng ku urang.
2011/5/21 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]> > > > Rupina tiasa wae dicandak hikmahna kanggo para pamingpin bangsa dina > ngadamel pilar kanijakan, kedah tiasa metik hasil pangalaman bangsa-bangsa > kapengker sareng kedah kagungan visi tebih kapayun kalebet uninga kana > kamungkinan aya parobihan jaman anu ekstrim.... Carana ari kanggo urang > modern ayeuna mah referensi mung terbatas tina hasil dokumentasi > sejarah/situs/fosil jaman kapengker sareng simulasi analisa prediksi > pikapayuneun....tapi hasilna boa enya kitu boa sanes margi seueur faktor > asumsi anu teu pasti. > Tah anu janten khayalan Steven Hawking mah hoyong kagungan alat/mesin > waktos anu tiasa norobos waktos anu sakitu panjang/lamina dugi ka tiasa maju > mundur tanpa watesan atanapi hirup abadi sagala kajadian katincak ku > sorangan,... nya panginten hoyong nuruttan sapertos Kangjeng Nabi tunggang > Buraq tea....? ...... > > --- On *Sat, 5/21/11, Ki Hasan <[email protected]>* wrote: > > > From: Ki Hasan <[email protected]> > > Subject: Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo! News > To: [email protected] > Date: Saturday, May 21, 2011, 7:38 AM > > > > Kaelingan ku riwayat Isra Mi'raz, pakaitna jeung parentah sholat lima > waktu, sakolebatan meureun bisa disimpulkeun kieu, sanggeus Kanjeng Nabi > nyaba mundur rewuan taun ka tukang, terus nyaba maju rewuan taun ka jaga, > anjeuna bisa adu-tawar sareng Pangeran perkara wilangan sholat tea, nepi ka > suksesna jadi parentah sholat lima waktu tea. > > Mun nitenan proses nangtukeun kawijakan publik jiga di luhur, meureun > pikeun nangtukeun kawijakan publik jaman kiwari oge perlu jiga kitu. > > > 2011/5/21 H. Abdurrohman M.Sastra > <[email protected]<http://us.mc782.mail.yahoo.com/mc/[email protected]> > > > > > Kaget nya upami para ilmuwan kagungan hipotesa. Padahal dina Islam mah > teu aneh teu sing naon anu disebat* "mesin waktos"* teh. Kapan ku Kangjeng > Nabi Muhammad saw mah parantos dianggo nyaba ka Sidratul Muntaha, malah > leres tiasa mundur ka jaman Nabi Adam dugi ka jaman Nabi Isa (lk. 2000 - > 15.000 tahun katukang) sareng ka jaman anu bade dongkap (kiamat, surga > sareng naraka..duka sabaraha juta milyar tahun anu bade dongkap tah). Namina > teh upami teu lepat "BURAQ", anu tiasa lumpat ngabelesat ngalangkungan > lumpatna cahaya. Cobi uninga dina riwayat " Isra Mi'raz Rosulullah". > Panginten Steven Hawking teu acan uninga riwayat Isro Mi'raz. > Dina hal kajantenan ieu bujeng bujeng manusa jaman 1400 tahunan kapengker > malah para imuwan kiwari masih keneh ragu kumaha rupana *"mesin waktos"*anu > ditunggangan ku Kangjeng Nabi Muhammad harita. Malah seueur anu nyebat > wadul...tuluy jadi mundur murtad teu ngaku Rosul ka anjeunna. > Saur eta riwayat memeh hiber Kangjeng Nabi dioperasi dadana ku Jibril, > dibasuh ku cai Zam-zam. Tah naha eta teha dilebetan atanapi nganggo alat > khusus kana salirana supados "gentos jirim" janten siga jirim malaikat? > Wallohu A'lam teu acan aya jawaban. Mung netelakeun yen teu sagawayah upami > manusa bade tunggang mesin waktos sapertos Buraq. > Tina kajantenan Isro Mi'raz, Kangjeng Nabi ngajarkeun sholat 5 waktu > sadinten sawengi ka umatna kalebet mageuhan iman kana dinten kiamat ayana > takdir kalebet ayana akherat (surga sareng naraka) da ku anjeunna parantos > katincak sanajan kiwari saleresna eta alam teh teu acan dugi kana ayana. > Rupina Steven Hawking kakara percaya lamun anjeunna tiasa tunggang mesin > waktos ngudag jaman kapayun sapertos Kangjeng Nabi tunggang Buraq ka > Sidratul Muntaha ngalangkungan surga sareng naraka...he..he.. > > > > >
