Wah leres eta teh..? Kapan saparantos Adam (jelema?) diciptakeun, teras 
ngariung lawung sareng Pangeran teh..diwawadian teu kenging tuang buah holdi 
sanes?! Malih sareng Iblis mah kalah pasea...! Saurna kitu oge...
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Akang Tajimalela <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 21 May 2011 20:35:14 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo! News

Nambihan....adu "tawar"na sanes jeung Pangeran tapi jeung karuhunna, acan aya 
jelema nu panggih jeung Pangeran mah....

TM
--- Pada Sab, 21/5/11, Ki Hasan <[email protected]> menulis:

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Judul: Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo! News
Kepada: [email protected]
Tanggal: Sabtu, 21 Mei, 2011, 12:38 AM















 
 



  


    
      
      
      Kaelingan ku riwayat Isra Mi'raz, pakaitna jeung parentah sholat lima 
waktu, sakolebatan meureun bisa disimpulkeun kieu, sanggeus Kanjeng Nabi nyaba 
mundur rewuan taun ka tukang, terus nyaba maju rewuan taun ka jaga, anjeuna 
bisa adu-tawar sareng Pangeran perkara wilangan sholat tea, nepi ka suksesna 
jadi parentah sholat lima waktu tea.


Mun nitenan proses nangtukeun kawijakan publik jiga di luhur, meureun pikeun 
nangtukeun kawijakan publik jaman kiwari oge perlu jiga kitu. 


2011/5/21 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      Kaget nya upami para ilmuwan kagungan hipotesa. Padahal dina Islam mah 
teu aneh teu sing naon anu disebat "mesin waktos" teh. Kapan ku Kangjeng Nabi 
Muhammad saw mah parantos dianggo nyaba ka Sidratul Muntaha, malah leres tiasa 
mundur ka jaman Nabi Adam dugi ka jaman Nabi Isa (lk. 2000 - 15.000 tahun 
katukang) sareng ka jaman anu bade dongkap (kiamat, surga sareng naraka..duka 
sabaraha juta milyar tahun anu bade dongkap tah). Namina teh upami teu lepat 
"BURAQ", anu tiasa lumpat ngabelesat ngalangkungan lumpatna cahaya. Cobi uninga 
dina riwayat " Isra Mi'raz Rosulullah". Panginten Steven Hawking teu acan 
uninga riwayat Isro Mi'raz. 

Dina hal kajantenan ieu bujeng bujeng manusa jaman 1400 tahunan kapengker malah 
para imuwan kiwari masih keneh ragu kumaha rupana "mesin waktos" anu 
ditunggangan ku Kangjeng Nabi Muhammad harita. Malah seueur anu nyebat 
wadul...tuluy jadi mundur murtad teu ngaku Rosul ka anjeunna. 

Saur eta riwayat memeh hiber Kangjeng Nabi dioperasi dadana ku Jibril, dibasuh 
ku cai Zam-zam. Tah naha eta teha dilebetan atanapi nganggo alat khusus kana 
salirana supados "gentos jirim" janten siga jirim malaikat? Wallohu A'lam teu 
acan aya jawaban. Mung netelakeun yen teu sagawayah upami manusa bade tunggang 
mesin waktos sapertos Buraq. 

Tina kajantenan Isro Mi'raz, Kangjeng Nabi ngajarkeun sholat 5 waktu sadinten 
sawengi ka umatna kalebet mageuhan iman kana dinten kiamat ayana takdir kalebet 
ayana akherat (surga sareng naraka) da ku anjeunna parantos katincak sanajan 
kiwari saleresna eta alam teh teu acan dugi kana ayana.

Rupina Steven Hawking kakara percaya lamun anjeunna tiasa tunggang mesin waktos 
ngudag jaman kapayun sapertos Kangjeng Nabi tunggang Buraq ka Sidratul Muntaha 
ngalangkungan surga sareng naraka...he..he..


    
     

    
    




    
     

    
    


 



  









Kirim email ke