Rampesss...nya ieu mah pan ngaramekeun supados aya piobroleun. Sugan we aya anu aheng. Tah perkawis "dongeng" ayeuna para ilmuwan oge nuju sibuk. Pedah ayeuna ilmu jagat raya teu kinten majengna. Cobi geura bandungan dina saluran TV "History" atanapi "Discovery".. Make aya anu nebak anggoan tradisional ti suku primitif sareng raja Firaun the nyonto ka pakean astronot ti luar angkasa nyaba ka bumi... Boa model jubah, jilbab, iket oge nurutan makhluk luar (Alien..?).... Numawi janten kataji ku riwayat Isro Mi'raj... Boa boa Buraq teh pesawat luar angkasa kitu...?. Ah aya aya wae...dasar ilmuwan. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: "Roza R. Mintaredja" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 21 May 2011 21:39:41 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo! News ih sumuhun bah sepuh. mun manehna sieun maot, sina teuleuman we , elmu paeh samameh paeh. hehe keun we kang* hawking* sieun ku maot mah. dina deklarasi ku sikep jeung tangtunganana. sok sanajan nyalahkeun kapercanten eksistensi sorga jeung naraka. muga we kang hawking aya pencerahan ti gusti, sabab risikona pasti ditanggung kudirina keuna kadirina. perang salib (islam jg karesten) anu leuwih ti sa abad. antara hindu jeung islam. antara yahudi jeung islam. antara ageman 'timur tengah' jeung karl marx. sadayana dina judul *perang* ku alatan silih jejeleh/plecehan kana masalah kayakinan dina masalah ka gustian.(padahal masalah dagang) naha teu aya masalah sanes anu prioritas? raraosan teu kedah kapancing, sok sanajan eta eupan meni nyeri kana hate/kolbu sarerea hampura isun..... masalah pabener bener ageman, silih salahkeun ageman, dina data tug nepi ka kiwari nunjukkeun yen kajadian umumna nepi ka berdarah darah....!!!. ampuuuuun gustiiiiiii nu agung! abdi nengetan rupina ieu kajadian mangrupa hiji tangara keur obahna jaman! kaayaan lumaku sadunya! - pasea masalah ageman, pssi, korupsi nyiliwuri, bapa merkosa anakna, sodomi, somah sangsara bencana alam, panyakit endemik. jrrd. ku pamarentahna masing2ternyata hanteu tiasa tertanggulangi sacara tuntas. (naha ieu geus katangtuan ti gusti? naha gusti murka? naha gusti teu tiasa nyegah?) ka ayaan nagara urang anu sakitu labilna. hampura isun, ayeuna dina kaayaan kitu bah sepuh. sedih, nalangsa, teu walakaya ngemutan ka ayaan diri, pangsiunan, pengacara(pengangguran banyak acara, hehe), nuju niiskeun pikir, dina hate anu keur pagaliwota kieu. sok sanajan meureun ceuk batur mah *emangnya gwe pikirin.* hn*R3M 2011/5/21 <[email protected]> > > > Ih numawi saleresna mah sanes urang anu ngoyag2 kayakinan Steven Hawking, > justru anjeunna ngagugat ka para agamawan (Nabi2..?) anu ngabewarakeun ka > umatna ayana surga..ku manehna mah beja kitu the dianggap khayal wungkul > alias wadul cenah...eta mah pangbebenjo alatan tina sieun maot we.. Teras > weh hoyong gaduh mesin waktos..siga Buraq..? > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * "Roza R. Mintaredja" <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sat, 21 May 2011 20:18:11 +0700 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Re: [kisunda] Ilmuwan Klaim Surga Hanyalah Dongeng - Yahoo! > News > > > > ka...diri > sadaya jalmi boga hak keur gaduh kayakinan keur dirina. urg kudu ngahormat > kana kayakinan diri na. > kayakinan ku dasar agama nu diajarkeun ti bubudak(doktrin), bisa nepi ka > maotna, bisa oge robah kayakinan(proses) > kayakinan ku dasar elmu pangaweruh. kayakinan ku dasar pangalaman pribadi. > kayakinan ku dasar kayakinan batur, kayakinan ku dasar > balarea/kelompok...tuturut munding? > kayakinan ku dasar di yakinkeun ku batur! ...di taklidkeun, di bai'at. > kumaha anu dina proses yakinna dumasar euceuk jeung beja? ...beo ngaranna, > mun teu di analisa > kumaha proses "yakin" bisa ngawujud? > rumus dasarna ngeunaan yakin? > kaharti ku dirina.......karasa ku dirina.....nyata ka dirina. > kaharti...............karasa..................nyata! > tina elmu pangarti bisa diteuleuman leuwih jauh nepi karasa mangpaat > kadirina, kusabab dilakonan > hartina dina perjalanan jeung proses 'rasa' ieu, pinasti manggihan hal hal > anu nepikeun dirina boga kayakinan kasebut > sabab geus nyata 'bungkeuleuk'na keur dirina, yakin alusna , yakin > gorengna, lain euceuk jeung beja... > pangalaman batin masing masing manusa, mangrupa hiji proses kawilang aheng > jeung pinuh ku misteri misteri > anu aya bisa nu kaungkab langsung, atawa sa anggeusna, ngaliwatan proses > waktu jeung kajadian > > dina masalah ka gusti an, aya proses anu sanada jeung pedaran bieu > aya oge anu hanteu ngaliwatan pedaran bieu > aya anu langsung ti gusti? nu kumaha gusti teh? gusti anjeun? gusti kuring? > aya anu ngaliwatan perantara/media tug nepi ka gustina, naon we, boh ku > alam sabudereun, atw jirim lainna > conto dina kayakinan islam ilahar disebut malaekat, ceuk beja hiji nabi > cukup nempo cahaya kuat jeung lini, geus ampun2an teu sanggup dituluykeun > kahayangna > hayang nempo wujud gusti? yah, sah sah saja, prosesna kitu nabi teh, > mangrupa conto proses yakin ka dirina > masalah kagustian jadi hiji misteri keur unggal manusa, proses dina nepi ka > yakinna teh, beda beda > teu bisa disaruakeun lur, jeung teu meunang maksa kudu sarua > kabeh ngalaman proses jeung kadar kayakinan diri > kadiri, kadiri, kadiri, (daha jeung panjalu)...naha nepi ka dijieun ngaran > karajaan? karajaan ka 'diri' ! > mun *wawuh* kadiri na , pinasti *wanoh* jeung gustina (* wanoh* tingkat > rasa na leuwih jero tibatan* wawuh*) > waw............ nu kumaha eta teh? bab naon eta teh? nya pasti aya > metodana, mangrupa pa elmuan we > matak hemeng eta mah. numatak ulah saukur euceuk jeung beja, lakonan we. > numatak, mendingan urg mah nyiar kahadean we ka sasama mun wasa. ..mun teu > wasa ? nya teu kudu. > asal ulah nganggangu batur we, kayakinan batur pek we, kayakinan urang > keun we, > jeung teu kudu ngagogoreng kayakinan sewang2an, naon sih untungna? naha > bener kayakinan manehna leuwih goreng ti urang? > boa leuwih alus, sugan. numatak...emangnya gwe pikirin > kumaha we carana, ku omongan, ku barang , ku mere conto, ku rereongan jrrd. > kang *stephen hawking*, pek anjeun ngajorowok sataker kebek, eta kayakinan > anjeunnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnnn...... > arek dibales, dihantem ku kayakinan urang? masalah kadar ka imanan dina > kagustian, etamah bagian gusti anu nakerna, anu ngukurna > sakali deui , urg mah nyiar kahadean we ka sasama, nurutkeun kakuatan > sakujur diri na, sasieureun sabeunyeureun. > ka diri ! ka...diri, ka'diri' jeung 'kuring'na, jeung 'kurung' na sawaktu > hirup didunya. > kumaha 'diri' aranjeun? > cag! > > > hn*R3M > > > > > > > > 2011/5/21 Ki Hasan <[email protected]> > >> >> >> Kaelingan ku riwayat Isra Mi'raz, pakaitna jeung parentah sholat lima >> waktu, sakolebatan meureun bisa disimpulkeun kieu, sanggeus Kanjeng Nabi >> nyaba mundur rewuan taun ka tukang, terus nyaba maju rewuan taun ka jaga, >> anjeuna bisa adu-tawar sareng Pangeran perkara wilangan sholat tea, nepi ka >> suksesna jadi parentah sholat lima waktu tea. >> >> Mun nitenan proses nangtukeun kawijakan publik jiga di luhur, meureun >> pikeun nangtukeun kawijakan publik jaman kiwari oge perlu jiga kitu. >> >> >> 2011/5/21 H. Abdurrohman M.Sastra <[email protected]> >> >> >>> >>> Kaget nya upami para ilmuwan kagungan hipotesa. Padahal dina Islam mah >>> teu aneh teu sing naon anu disebat* "mesin waktos"* teh. Kapan ku >>> Kangjeng Nabi Muhammad saw mah parantos dianggo nyaba ka Sidratul Muntaha, >>> malah leres tiasa mundur ka jaman Nabi Adam dugi ka jaman Nabi Isa (lk. 2000 >>> - 15.000 tahun katukang) sareng ka jaman anu bade dongkap (kiamat, surga >>> sareng naraka..duka sabaraha juta milyar tahun anu bade dongkap tah). Namina >>> teh upami teu lepat "BURAQ", anu tiasa lumpat ngabelesat ngalangkungan >>> lumpatna cahaya. Cobi uninga dina riwayat " Isra Mi'raz Rosulullah". >>> Panginten Steven Hawking teu acan uninga riwayat Isro Mi'raz. >>> Dina hal kajantenan ieu bujeng bujeng manusa jaman 1400 tahunan kapengker >>> malah para imuwan kiwari masih keneh ragu kumaha rupana *"mesin waktos"*anu >>> ditunggangan ku Kangjeng Nabi Muhammad harita. Malah seueur anu nyebat >>> wadul...tuluy jadi mundur murtad teu ngaku Rosul ka anjeunna. >>> Saur eta riwayat memeh hiber Kangjeng Nabi dioperasi dadana ku Jibril, >>> dibasuh ku cai Zam-zam. Tah naha eta teha dilebetan atanapi nganggo alat >>> khusus kana salirana supados "gentos jirim" janten siga jirim malaikat? >>> Wallohu A'lam teu acan aya jawaban. Mung netelakeun yen teu sagawayah upami >>> manusa bade tunggang mesin waktos sapertos Buraq. >>> Tina kajantenan Isro Mi'raz, Kangjeng Nabi ngajarkeun sholat 5 waktu >>> sadinten sawengi ka umatna kalebet mageuhan iman kana dinten kiamat ayana >>> takdir kalebet ayana akherat (surga sareng naraka) da ku anjeunna parantos >>> katincak sanajan kiwari saleresna eta alam teh teu acan dugi kana ayana. >>> Rupina Steven Hawking kakara percaya lamun anjeunna tiasa tunggang mesin >>> waktos ngudag jaman kapayun sapertos Kangjeng Nabi tunggang Buraq ka >>> Sidratul Muntaha ngalangkungan surga sareng naraka...he..he.. >>> >>> >> >> > >
