abah teh sababaraha kali japri; tapi daemon teras2an ku naon nya ?
--- In [email protected], Narayana Adipranata <narayana_thea@...> wrote:
>
> No 56 na sim kuring teu acan maca. jigana kahapus...sugan aya keneh anu gaduh
> no
> 56 punten dipostingkeun. nuhun sateuacanna.
>
>
>
> ________________________________
> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda
> <[email protected]>
> Cc: Nurkadi <Nurkadi@...>
> Terkirim: Sab, 18 Juni, 2011 21:01:21
> Judul: [kisunda] Bharata Yudha ka 57
>
>
> Enggalna wae Yudhistira tos satuju kana reka tasa nu diramcang ku Kresna,
> enggal
> wae harita keneh miwarang Bhima.
>
> Bhima laju ka pasukan nu nuju perang; teras ngilik2 hiji Gajah perang nu
> namina
> Aswatamma; atuhGajah teh amarah, enggal nyuruduk ka Bhima; Bhima teu tata
> pasini
> deui ngayunkeun gadana beletak ! harita keneh gajah Aswatamma ronoh ! Atuh si
> pawang nu keur ngingiring gajah , kaget ningal Bhima teu puguh2 ngagebug
> gajah
> eta terus wae nyorowok ku hanjelu2na :" Adduuuuhhh Aswatamma tiwas !" keur
> pawang ah sato nu dijagana teh ngarasa saperti anakna sorangan. Atuh ka gajah
> ge
> nyebut ngaranna teh mani lekoh pisan ! Ayanunanya prajurit Pandawa keneh :"
> Aswatamma towas ?!"
> Nu sjen ngajawab :"Enya cenah digada ku Arya Bhimasena !"
> Bhima seseleke kaluar terus ngadeukeutan ka tempat Drona nu nuju ngangseg ka
> Pasukan Pandawa; corowok wae Bhima satakerna :"Aswatama palastra !"
>
> Kaget manah Resi Drona nguping aya warta Aswatamma mati; naha enya kituh !?
> Tapi Drona teger deui lantaran yakin Aswatamma sakti. Tapi ku margi seueur nu
> ting corowok Aswatamma tiwas; akhirna Drona kapangaruhan oge ! "Ah rek
> ditanyakeun ka si Juna ( maksudna Arjuna ); aeh mana si Juna teh ? teu
> katembong
> ? jeung ku naon nya manehna kabur ? padahal can eleh ? Boa2 ........... boa
> enya Aswatamma tiwas dikoroyok ku Bhima jeung si Juna ?"
>
> Drona neraskeun gunem catur nyalirana :" Lamun enya dikorotok ku nu dua eta
> mah
> mungkin wae si Tama tiwas ! Tapi naha si Juna geus nekad ? Jeung nyaho ti
> saha
> ngelehkeun Kaula kuidu maehan heula Aswatamma ? Ah pasti ti si Kresna; da
> ngan
> jelema eta hiji2na nu sagala nyaho teh. Tah ku sabab teu bisa ngelehkeun
> aing,
> si Juna nekad teu ngingetkeun deui hubungan gurui jreung murid; ku sabab
> hayang
> meunang perang tea ! Paingan atuh si Juna ngajauhan ti dieu sihoreng rek
> ngincer si Tama !: Tapi naha si Juna tega ? Ari si Bhima mah percaya; tapi si
> Juna piraku > Ag keun we rek ditanyakeun heula ka nu memang bisa pisan
> dipercaya
> ................ euweuh deui nu bisa dipercaya omonganana mah iwal ti Samyaji
> !"
>
> Enggalna wae Drona celuk2 nyauran Yudhistira ti katebihan, ngarah teu
> dihalangan
> ku para prajurit. Enggalna wae Yudhistira tos nyakeyan kareta Drona; cedok
> nyembah ti katebihan.
>
> Teras Yudhistira sasauran:" Aya pikersaeun naon Dangiang Drona nu nuju perang
> ieu manggil ka Kaula !?"
>
> Resi Drona :" Eh murid ama Yudhistira nu luhung budi cik sebutkun naha enya
> Aswatamma mati ?"
>
> Kresna bari rada ngafeter teras nyepengan panangan Yudhistira bari noelan;
> teu
> katingal ku Drona da wengi tea bari teu nyandak obor.
>
> Yudistira ngawaler :" Leres pisan Aswatamma tos tiwas ! Ku Bhimasena !"
>
> Leuleus letek lir dipupul bayu, danging Drona enggalna wae ngalesotkeun
> sadaya
> anggoan perang sreng senjatana; teras calik YOGA; teu lami; rohna kaluar
> ngantunkeun jasmani; Resi Drona tos ngahioang; tapi masih calik Yoga !
>
>
> Teu kanyahoam............ ku margi poek tea da perangpeuting aya nu luncat ka
> na
> kareta Drona bari ngamang2 pedang ! Plas ! sakali nigas; sapau sirah Drona !
>
> HANCA
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/