ke ke ke, ngabahas atawa ngadongengkeun yeuh ? Da rada benten kapan ngabahas sareng muka lalakon mah . Hahahaah
--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Tah Bambang Ekalaya enya rada penting dibahas Bah AA. > Ieu salah sahiji tokoh penting di dunya atikan, tokoh otodidak. > Komo kiwari mah, jaman informasi ngalayah, ieu metode otodidak teh jadi > leuwih relevan. > > 2011/6/20 Narayana Adipranata <narayana_thea@...> > > > ** > > > > > > ari sakaapal sim kuring mah dristajumnena anu kaasupan sukma bambang > > ekalaya. usul ka bah aa kumaha mun flashback nyaritakeun riwayat bambang > > ekalaya. nu aya hubunganna jeung arjuna keneh pan maotna bambang ekalaya > > teh... > > > > ------------------------------ > > *Dari:* Ii Sumirat <sumirat@...> > > *Kepada:* [email protected] > > *Terkirim:* Ming, 19 Juni, 2011 20:39:00 > > *Judul:* RE: [kisunda] Bharata Yudha ka 57 > > > > > > > > Eleuh geuning kieu caritana, drona ngahiang moksa, tah anu nigas beuheung > > dorna saha ngarana bah aa?, ari nu salila ieu sikuring apal dongeng drone > > tewas, drona tewasna ku Arjuna, cenah tinu peperangan arjuna dipiwarang > > manah salambar bu uk (rambut) ku Kresna, tapi diarahkeunana (katukangna) ka > > dorna. Diakalan kieu cenah arjuna memang embung maehan guruna sorangan. > > > > Naha aya kitu bah versi anu kusikuring dicaritakeun diluhur. Leres teu > > kitu dongengna versi eta ?. soalna sok hawar2 ari ngabandungan dinu carita > > wayang golek mah. > > > > > > > > Nuhun > > > > Ii Sumirat > > > > > > > > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On > > Behalf Of *Abbas Amin > > *Sent:* Sunday, June 19, 2011 11:01 AM > > *To:* kisunda; urangsunda > > *Cc:* Nurkadi > > *Subject:* [kisunda] Bharata Yudha ka 57 > > > > > > > > > > > > Enggalna wae Yudhistira tos satuju kana reka tasa nu diramcang ku Kresna, > > enggal wae harita keneh miwarang Bhima. > > > > Bhima laju ka pasukan nu nuju perang; teras ngilik2 hiji Gajah perang nu > > namina Aswatamma; atuhGajah teh amarah, enggal nyuruduk ka Bhima; Bhima teu > > tata pasini deui ngayunkeun gadana beletak ! harita keneh gajah Aswatamma > > ronoh ! Atuh si pawang nu keur ngingiring gajah , kaget ningal Bhima teu > > puguh2 ngagebug gajah eta terus wae nyorowok ku hanjelu2na :" Adduuuuhhh > > Aswatamma tiwas !" keur pawang ah sato nu dijagana teh ngarasa saperti > > anakna sorangan. Atuh ka gajah ge nyebut ngaranna teh mani lekoh pisan ! > > Ayanunanya prajurit Pandawa keneh :" Aswatamma towas ?!" > > Nu sjen ngajawab :"Enya cenah digada ku Arya Bhimasena !" > > Bhima seseleke kaluar terus ngadeukeutan ka tempat Drona nu nuju ngangseg > > ka Pasukan Pandawa; corowok wae Bhima satakerna :"Aswatama palastra !" > > > > Kaget manah Resi Drona nguping aya warta Aswatamma mati; naha enya kituh !? > > Tapi Drona teger deui lantaran yakin Aswatamma sakti. Tapi ku margi seueur > > nu ting corowok Aswatamma tiwas; akhirna Drona kapangaruhan oge ! "Ah rek > > ditanyakeun ka si Juna ( maksudna Arjuna ); aeh mana si Juna teh ? teu > > katembong ? jeung ku naon nya manehna kabur ? padahal can eleh ? Boa2 > > ........... boa enya Aswatamma tiwas dikoroyok ku Bhima jeung si Juna ?" > > > > Drona neraskeun gunem catur nyalirana :" Lamun enya dikorotok ku nu dua > > eta mah mungkin wae si Tama tiwas ! Tapi naha si Juna geus nekad ? Jeung > > nyaho ti saha ngelehkeun Kaula kuidu maehan heula Aswatamma ? Ah pasti ti si > > Kresna; da ngan jelema eta hiji2na nu sagala nyaho teh. Tah ku sabab teu > > bisa ngelehkeun aing, si Juna nekad teu ngingetkeun deui hubungan gurui > > jreung murid; ku sabab hayang meunang perang tea ! Paingan atuh si Juna > > ngajauhan ti dieu sihoreng rek ngincer si Tama !: Tapi naha si Juna tega ? > > Ari si Bhima mah percaya; tapi si Juna piraku > Ag keun we rek ditanyakeun > > heula ka nu memang bisa pisan dipercaya ................ euweuh deui nu bisa > > dipercaya omonganana mah iwal ti Samyaji !" > > > > Enggalna wae Drona celuk2 nyauran Yudhistira ti katebihan, ngarah teu > > dihalangan ku para prajurit. Enggalna wae Yudhistira tos nyakeyan kareta > > Drona; cedok nyembah ti katebihan. > > > > Teras Yudhistira sasauran:" Aya pikersaeun naon Dangiang Drona nu nuju > > perang ieu manggil ka Kaula !?" > > > > Resi Drona :" Eh murid ama Yudhistira nu luhung budi cik sebutkun naha enya > > Aswatamma mati ?" > > > > Kresna bari rada ngafeter teras nyepengan panangan Yudhistira bari noelan; > > teu katingal ku Drona da wengi tea bari teu nyandak obor. > > > > Yudistira ngawaler :" Leres pisan Aswatamma tos tiwas ! Ku Bhimasena !" > > > > Leuleus letek lir dipupul bayu, danging Drona enggalna wae ngalesotkeun > > sadaya anggoan perang sreng senjatana; teras calik YOGA; teu lami; rohna > > kaluar ngantunkeun jasmani; Resi Drona tos ngahioang; tapi masih calik Yoga > > ! > > > > Teu kanyahoam............ ku margi poek tea da perangpeuting aya nu luncat > > ka na kareta Drona bari ngamang2 pedang ! Plas ! sakali nigas; sapau sirah > > Drona ! > > > > HANCA > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
