ah kirang logis atuh da panginten Dronalangkung tiasa kitu wae mah ! Panginten moal tiasa tah maot munku cara kitu mah !
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote: > > Eleuh geuning kieu caritana, drona ngahiang moksa, tah anu nigas beuheung > dorna saha ngarana bah aa?, ari nu salila ieu sikuring apal dongeng drone > tewas, drona tewasna ku Arjuna, cenah tinu peperangan arjuna dipiwarang > manah salambar bu uk (rambut) ku Kresna, tapi diarahkeunana (katukangna) ka > dorna. Diakalan kieu cenah arjuna memang embung maehan guruna sorangan. > > Naha aya kitu bah versi anu kusikuring dicaritakeun diluhur. Leres teu kitu > dongengna versi eta ?. soalna sok hawar2 ari ngabandungan dinu carita wayang > golek mah. > > > > Nuhun > > Ii Sumirat > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Sunday, June 19, 2011 11:01 AM > To: kisunda; urangsunda > Cc: Nurkadi > Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 57 > > > > > > > Enggalna wae Yudhistira tos satuju kana reka tasa nu diramcang ku Kresna, > enggal wae harita keneh miwarang Bhima. > > Bhima laju ka pasukan nu nuju perang; teras ngilik2 hiji Gajah perang nu > namina Aswatamma; atuhGajah teh amarah, enggal nyuruduk ka Bhima; Bhima teu > tata pasini deui ngayunkeun gadana beletak ! harita keneh gajah Aswatamma > ronoh ! Atuh si pawang nu keur ngingiring gajah , kaget ningal Bhima teu > puguh2 ngagebug gajah eta terus wae nyorowok ku hanjelu2na :" Adduuuuhhh > Aswatamma tiwas !" keur pawang ah sato nu dijagana teh ngarasa saperti > anakna sorangan. Atuh ka gajah ge nyebut ngaranna teh mani lekoh pisan ! > Ayanunanya prajurit Pandawa keneh :" Aswatamma towas ?!" > Nu sjen ngajawab :"Enya cenah digada ku Arya Bhimasena !" > Bhima seseleke kaluar terus ngadeukeutan ka tempat Drona nu nuju ngangseg ka > Pasukan Pandawa; corowok wae Bhima satakerna :"Aswatama palastra !" > > Kaget manah Resi Drona nguping aya warta Aswatamma mati; naha enya kituh !? > Tapi Drona teger deui lantaran yakin Aswatamma sakti. Tapi ku margi seueur > nu ting corowok Aswatamma tiwas; akhirna Drona kapangaruhan oge ! "Ah rek > ditanyakeun ka si Juna ( maksudna Arjuna ); aeh mana si Juna teh ? teu > katembong ? jeung ku naon nya manehna kabur ? padahal can eleh ? Boa2 > ........... boa enya Aswatamma tiwas dikoroyok ku Bhima jeung si Juna ?" > > Drona neraskeun gunem catur nyalirana :" Lamun enya dikorotok ku nu dua eta > mah mungkin wae si Tama tiwas ! Tapi naha si Juna geus nekad ? Jeung nyaho > ti saha ngelehkeun Kaula kuidu maehan heula Aswatamma ? Ah pasti ti si > Kresna; da ngan jelema eta hiji2na nu sagala nyaho teh. Tah ku sabab teu > bisa ngelehkeun aing, si Juna nekad teu ngingetkeun deui hubungan gurui > jreung murid; ku sabab hayang meunang perang tea ! Paingan atuh si Juna > ngajauhan ti dieu sihoreng rek ngincer si Tama !: Tapi naha si Juna tega ? > Ari si Bhima mah percaya; tapi si Juna piraku > Ag keun we rek ditanyakeun > heula ka nu memang bisa pisan dipercaya ................ euweuh deui nu bisa > dipercaya omonganana mah iwal ti Samyaji !" > > Enggalna wae Drona celuk2 nyauran Yudhistira ti katebihan, ngarah teu > dihalangan ku para prajurit. Enggalna wae Yudhistira tos nyakeyan kareta > Drona; cedok nyembah ti katebihan. > > Teras Yudhistira sasauran:" Aya pikersaeun naon Dangiang Drona nu nuju > perang ieu manggil ka Kaula !?" > > Resi Drona :" Eh murid ama Yudhistira nu luhung budi cik sebutkun naha enya > Aswatamma mati ?" > > Kresna bari rada ngafeter teras nyepengan panangan Yudhistira bari noelan; > teu katingal ku Drona da wengi tea bari teu nyandak obor. > > Yudistira ngawaler :" Leres pisan Aswatamma tos tiwas ! Ku Bhimasena !" > > Leuleus letek lir dipupul bayu, danging Drona enggalna wae ngalesotkeun > sadaya anggoan perang sreng senjatana; teras calik YOGA; teu lami; rohna > kaluar ngantunkeun jasmani; Resi Drona tos ngahioang; tapi masih calik Yoga > ! > > Teu kanyahoam............ ku margi poek tea da perangpeuting aya nu luncat > ka na kareta Drona bari ngamang2 pedang ! Plas ! sakali nigas; sapau sirah > Drona ! > > HANCA > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
