Eleuh geuning kieu caritana, drona ngahiang moksa, tah anu nigas beuheung
dorna saha ngarana bah aa?, ari nu salila ieu sikuring apal dongeng drone
tewas, drona tewasna ku Arjuna, cenah tinu peperangan arjuna dipiwarang
manah salambar bu uk (rambut) ku Kresna, tapi diarahkeunana (katukangna) ka
dorna.  Diakalan kieu cenah arjuna memang embung maehan guruna sorangan. 

Naha aya kitu bah versi anu kusikuring dicaritakeun diluhur.  Leres teu kitu
dongengna versi eta ?. soalna sok hawar2 ari ngabandungan dinu carita wayang
golek mah.  

 

Nuhun 

Ii Sumirat

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Sunday, June 19, 2011 11:01 AM
To: kisunda; urangsunda
Cc: Nurkadi
Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 57

 

  


Enggalna wae Yudhistira tos satuju kana reka tasa nu diramcang ku Kresna,
enggal wae harita keneh miwarang Bhima.

Bhima laju ka pasukan nu nuju perang; teras ngilik2 hiji Gajah perang nu
namina Aswatamma; atuhGajah teh amarah, enggal nyuruduk ka Bhima; Bhima teu
tata pasini deui ngayunkeun gadana beletak ! harita keneh gajah Aswatamma
ronoh ! Atuh si pawang nu keur ngingiring gajah , kaget ningal Bhima teu
puguh2 ngagebug gajah eta terus wae nyorowok ku hanjelu2na :" Adduuuuhhh
Aswatamma tiwas !" keur pawang ah sato nu dijagana teh ngarasa saperti
anakna sorangan. Atuh ka gajah ge nyebut ngaranna teh mani lekoh pisan !
Ayanunanya prajurit Pandawa keneh :" Aswatamma towas ?!"
Nu sjen ngajawab :"Enya cenah digada ku Arya Bhimasena !"
Bhima seseleke kaluar terus ngadeukeutan ka tempat Drona nu nuju ngangseg ka
Pasukan Pandawa; corowok wae Bhima satakerna :"Aswatama palastra !"

Kaget manah Resi Drona nguping aya warta Aswatamma mati; naha enya kituh !?
Tapi Drona teger deui lantaran yakin Aswatamma sakti. Tapi ku margi seueur
nu ting corowok Aswatamma tiwas; akhirna Drona kapangaruhan oge ! "Ah rek
ditanyakeun ka si Juna ( maksudna Arjuna ); aeh mana si Juna teh ? teu
katembong ? jeung ku naon nya manehna kabur ? padahal can eleh ? Boa2
...........  boa enya Aswatamma tiwas dikoroyok ku Bhima jeung si Juna ?"

Drona neraskeun gunem catur nyalirana :"  Lamun enya dikorotok ku nu dua eta
mah mungkin wae si Tama tiwas ! Tapi naha si Juna geus nekad ? Jeung nyaho
ti saha ngelehkeun Kaula kuidu maehan heula Aswatamma ? Ah pasti ti si
Kresna; da ngan jelema eta hiji2na nu sagala nyaho teh. Tah ku sabab teu
bisa ngelehkeun aing, si Juna nekad teu ngingetkeun deui hubungan gurui
jreung murid; ku sabab hayang meunang perang tea ! Paingan atuh si Juna
ngajauhan ti dieu sihoreng rek ngincer si Tama !: Tapi naha si Juna tega ?
Ari si Bhima mah percaya; tapi si Juna piraku > Ag keun we rek ditanyakeun
heula ka nu memang bisa pisan dipercaya ................ euweuh deui nu bisa
dipercaya omonganana mah iwal ti Samyaji !"

Enggalna wae Drona celuk2 nyauran Yudhistira ti katebihan, ngarah teu
dihalangan ku para prajurit. Enggalna wae Yudhistira tos nyakeyan kareta
Drona; cedok nyembah ti katebihan.

Teras Yudhistira sasauran:" Aya pikersaeun naon Dangiang Drona nu nuju
perang ieu manggil ka Kaula !?"

Resi Drona :" Eh murid ama Yudhistira nu luhung budi cik sebutkun naha enya
Aswatamma mati ?"

Kresna bari rada ngafeter teras nyepengan panangan Yudhistira bari noelan;
teu katingal ku Drona da wengi tea bari teu nyandak obor.

Yudistira ngawaler :" Leres pisan Aswatamma tos tiwas ! Ku Bhimasena !"

Leuleus letek lir dipupul bayu, danging Drona enggalna wae ngalesotkeun
sadaya anggoan perang sreng senjatana; teras calik YOGA; teu lami; rohna
kaluar ngantunkeun jasmani; Resi Drona tos ngahioang; tapi masih calik Yoga
! 

Teu kanyahoam............ ku margi poek tea da perangpeuting aya nu luncat
ka na kareta Drona bari ngamang2 pedang ! Plas ! sakali nigas; sapau sirah
Drona !

HANCA



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke