Tah Bambang Ekalaya enya rada penting dibahas Bah AA. Ieu salah sahiji tokoh penting di dunya atikan, tokoh otodidak. Komo kiwari mah, jaman informasi ngalayah, ieu metode otodidak teh jadi leuwih relevan.
2011/6/20 Narayana Adipranata <[email protected]> > ** > > > ari sakaapal sim kuring mah dristajumnena anu kaasupan sukma bambang > ekalaya. usul ka bah aa kumaha mun flashback nyaritakeun riwayat bambang > ekalaya. nu aya hubunganna jeung arjuna keneh pan maotna bambang ekalaya > teh... > > ------------------------------ > *Dari:* Ii Sumirat <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Terkirim:* Ming, 19 Juni, 2011 20:39:00 > *Judul:* RE: [kisunda] Bharata Yudha ka 57 > > > > Eleuh geuning kieu caritana, drona ngahiang moksa, tah anu nigas beuheung > dorna saha ngarana bah aa?, ari nu salila ieu sikuring apal dongeng drone > tewas, drona tewasna ku Arjuna, cenah tinu peperangan arjuna dipiwarang > manah salambar bu uk (rambut) ku Kresna, tapi diarahkeunana (katukangna) ka > dorna. Diakalan kieu cenah arjuna memang embung maehan guruna sorangan. > > Naha aya kitu bah versi anu kusikuring dicaritakeun diluhur. Leres teu > kitu dongengna versi eta ?. soalna sok hawar2 ari ngabandungan dinu carita > wayang golek mah. > > > > Nuhun > > Ii Sumirat > > > > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On > Behalf Of *Abbas Amin > *Sent:* Sunday, June 19, 2011 11:01 AM > *To:* kisunda; urangsunda > *Cc:* Nurkadi > *Subject:* [kisunda] Bharata Yudha ka 57 > > > > > > Enggalna wae Yudhistira tos satuju kana reka tasa nu diramcang ku Kresna, > enggal wae harita keneh miwarang Bhima. > > Bhima laju ka pasukan nu nuju perang; teras ngilik2 hiji Gajah perang nu > namina Aswatamma; atuhGajah teh amarah, enggal nyuruduk ka Bhima; Bhima teu > tata pasini deui ngayunkeun gadana beletak ! harita keneh gajah Aswatamma > ronoh ! Atuh si pawang nu keur ngingiring gajah , kaget ningal Bhima teu > puguh2 ngagebug gajah eta terus wae nyorowok ku hanjelu2na :" Adduuuuhhh > Aswatamma tiwas !" keur pawang ah sato nu dijagana teh ngarasa saperti > anakna sorangan. Atuh ka gajah ge nyebut ngaranna teh mani lekoh pisan ! > Ayanunanya prajurit Pandawa keneh :" Aswatamma towas ?!" > Nu sjen ngajawab :"Enya cenah digada ku Arya Bhimasena !" > Bhima seseleke kaluar terus ngadeukeutan ka tempat Drona nu nuju ngangseg > ka Pasukan Pandawa; corowok wae Bhima satakerna :"Aswatama palastra !" > > Kaget manah Resi Drona nguping aya warta Aswatamma mati; naha enya kituh !? > Tapi Drona teger deui lantaran yakin Aswatamma sakti. Tapi ku margi seueur > nu ting corowok Aswatamma tiwas; akhirna Drona kapangaruhan oge ! "Ah rek > ditanyakeun ka si Juna ( maksudna Arjuna ); aeh mana si Juna teh ? teu > katembong ? jeung ku naon nya manehna kabur ? padahal can eleh ? Boa2 > ........... boa enya Aswatamma tiwas dikoroyok ku Bhima jeung si Juna ?" > > Drona neraskeun gunem catur nyalirana :" Lamun enya dikorotok ku nu dua > eta mah mungkin wae si Tama tiwas ! Tapi naha si Juna geus nekad ? Jeung > nyaho ti saha ngelehkeun Kaula kuidu maehan heula Aswatamma ? Ah pasti ti si > Kresna; da ngan jelema eta hiji2na nu sagala nyaho teh. Tah ku sabab teu > bisa ngelehkeun aing, si Juna nekad teu ngingetkeun deui hubungan gurui > jreung murid; ku sabab hayang meunang perang tea ! Paingan atuh si Juna > ngajauhan ti dieu sihoreng rek ngincer si Tama !: Tapi naha si Juna tega ? > Ari si Bhima mah percaya; tapi si Juna piraku > Ag keun we rek ditanyakeun > heula ka nu memang bisa pisan dipercaya ................ euweuh deui nu bisa > dipercaya omonganana mah iwal ti Samyaji !" > > Enggalna wae Drona celuk2 nyauran Yudhistira ti katebihan, ngarah teu > dihalangan ku para prajurit. Enggalna wae Yudhistira tos nyakeyan kareta > Drona; cedok nyembah ti katebihan. > > Teras Yudhistira sasauran:" Aya pikersaeun naon Dangiang Drona nu nuju > perang ieu manggil ka Kaula !?" > > Resi Drona :" Eh murid ama Yudhistira nu luhung budi cik sebutkun naha enya > Aswatamma mati ?" > > Kresna bari rada ngafeter teras nyepengan panangan Yudhistira bari noelan; > teu katingal ku Drona da wengi tea bari teu nyandak obor. > > Yudistira ngawaler :" Leres pisan Aswatamma tos tiwas ! Ku Bhimasena !" > > Leuleus letek lir dipupul bayu, danging Drona enggalna wae ngalesotkeun > sadaya anggoan perang sreng senjatana; teras calik YOGA; teu lami; rohna > kaluar ngantunkeun jasmani; Resi Drona tos ngahioang; tapi masih calik Yoga > ! > > Teu kanyahoam............ ku margi poek tea da perangpeuting aya nu luncat > ka na kareta Drona bari ngamang2 pedang ! Plas ! sakali nigas; sapau sirah > Drona ! > > HANCA > > >
