Baraya, Seja ngainfokeun, ayeuna geus medal deui majalah anyar pedalan ktr tempat si kuring digawe. Ngaranna majalahna "Geomagz, Majalah Geologi Populer". Ieu majalah teh minangka gaganti tina majalah "Warta Geologi" anu ayeuna geus asup kotak kusabab memang kudu diganti ku Geomagz :).
Dina edisi perdana Geomagz, anu jadi guaran pokona nyaeta ngeunaan "Sesar Lembang". Ceuk elmu geologi, istilah "sesar" teh dipake pikeun fenomena alam taneuh atawa blok taneuh atawa lempeng bumi anu kungsi bergerak jeung ditaksir dina hiji waktu baris gerak atawa obah deui. Kusabab ngalibetkeun massa tanah atawa batuan anu badag jeung lega - kacida badag/legana, nya mokaha wae ieu gerakan sesar teh bisa jadi ancaman, malah dina prak kajadianana bisa nimbulkeun bencana (lamun samemehna penduduk di wta wilayah henteu waspada). Sesar Lembang tangtu nuduhkeun ieu fenomena alam anu tempatna ngawengku atawa motong daerah Lembang. Kumaha "dongeng" na ieu ancama Sesar Lembang teh? mangga, ilo wae Geomagz edisi perdana di alamat ieu: http://www.bgl.esdm.go.id/dmdocuments/GEOMAGZ201103.pdf wilujeng piknik geologi. manar
