Nuhun kang Oman,
jadi elmu keur kuring mah.
unggal terbit, ulah poho bejaan baraya di dieu, meh pada download. :)
nuhun nya.
On 08/24/2011 01:20 PM, Jalak Pakuan wrote:
Luar biasa kang Oman, dua jempol! Eusina menarik pisan, sim kuring nu
non geologi cop kana geo pop magz. Nu narik perhatian mah eta istilah
dipake istilah asli sunda mode Ci Tarum, Tangkuban parahu (sanes
perahu). Di kaca tukang ret ngahuleng yeuh palebah kura-kura, kuya
jadi inget kumaha nasib batu kuya nu di batutulis?
Siip KO ngan mun aya edisi basa sunda tangtu moal bisa ti esdm, kudu
ku urang sunda nya, duka saha nu kersaeun.
salam
tirta
jp
*Dari:* oman abdurahman <[email protected]>
*Kepada:* [email protected]
*Cc:* urang sunda <[email protected]>;
[email protected]
*Dikirim:* Rabu, 24 Agustus 2011 8:06
*Judul:* [kisunda] Sesar Lembang - Geomagz edisi perdana
Baraya,
Seja ngainfokeun, ayeuna geus medal deui majalah anyar pedalan ktr
tempat si kuring digawe. Ngaranna majalahna "Geomagz, Majalah Geologi
Populer". Ieu majalah teh minangka gaganti tina majalah "Warta
Geologi" anu ayeuna geus asup kotak kusabab memang kudu diganti ku
Geomagz :).
Dina edisi perdana Geomagz, anu jadi guaran pokona nyaeta ngeunaan
"Sesar Lembang". Ceuk elmu geologi, istilah "sesar" teh dipake pikeun
fenomena alam taneuh atawa blok taneuh atawa lempeng bumi anu kungsi
bergerak jeung ditaksir dina hiji waktu baris gerak atawa obah deui.
Kusabab ngalibetkeun massa tanah atawa batuan anu badag jeung lega -
kacida badag/legana, nya mokaha wae ieu gerakan sesar teh bisa jadi
ancaman, malah dina prak kajadianana bisa nimbulkeun bencana (lamun
samemehna penduduk di wta wilayah henteu waspada). Sesar Lembang
tangtu nuduhkeun ieu fenomena alam anu tempatna ngawengku atawa motong
daerah Lembang. Kumaha "dongeng" na ieu ancama Sesar Lembang teh?
mangga, ilo wae Geomagz edisi perdana di alamat ieu:
http://www.bgl.esdm.go.id/dmdocuments/GEOMAGZ201103.pdf
wilujeng piknik geologi.
manar