Luar biasa kang Oman, dua jempol! Eusina menarik pisan, sim kuring nu non 
geologi cop kana geo pop magz. Nu narik perhatian mah eta istilah dipake 
istilah asli sunda mode Ci Tarum, Tangkuban parahu (sanes perahu). Di kaca 
tukang ret ngahuleng yeuh palebah kura-kura, kuya jadi inget kumaha nasib batu 
kuya nu di batutulis?
 
Siip KO ngan mun aya edisi basa sunda tangtu moal bisa ti esdm, kudu ku urang 
sunda nya, duka saha nu kersaeun.
 
salam
tirta

jp

Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Cc: urang sunda <[email protected]>; [email protected]
Dikirim: Rabu, 24 Agustus 2011 8:06
Judul: [kisunda] Sesar Lembang - Geomagz edisi perdana


  
Baraya,

Seja ngainfokeun, ayeuna geus medal deui majalah anyar pedalan ktr tempat si 
kuring digawe. Ngaranna majalahna "Geomagz, Majalah Geologi Populer". Ieu 
majalah teh minangka gaganti tina majalah "Warta Geologi" anu ayeuna geus asup 
kotak kusabab memang kudu diganti ku Geomagz :). 

Dina edisi perdana Geomagz, anu jadi guaran pokona nyaeta ngeunaan "Sesar 
Lembang". Ceuk elmu geologi, istilah "sesar" teh dipake pikeun fenomena alam 
taneuh atawa blok taneuh atawa lempeng bumi anu kungsi bergerak jeung ditaksir 
dina hiji waktu baris gerak atawa obah deui. Kusabab ngalibetkeun massa tanah 
atawa batuan anu badag jeung lega - kacida badag/legana, nya mokaha wae ieu 
gerakan sesar teh bisa jadi ancaman, malah dina prak kajadianana bisa 
nimbulkeun bencana (lamun samemehna penduduk di wta wilayah henteu waspada). 
Sesar Lembang tangtu nuduhkeun ieu fenomena alam anu tempatna ngawengku atawa 
motong daerah Lembang. Kumaha "dongeng" na ieu ancama Sesar Lembang teh? 
mangga, ilo wae Geomagz edisi perdana di alamat ieu:
http://www.bgl.esdm.go.id/dmdocuments/GEOMAGZ201103.pdf

wilujeng piknik geologi.

manar







Kirim email ke