kuring mah resep kana kalimah mang oman nu ieu: 'Ieu majalah teh minangka gaganti tina majalah "Warta Geologi" anu ayeuna geus asup kotak kusabab memang kudu diganti ku Geomagz'
lamun teu salah ngira-ngira, geomagz teh singetan tina kecap basa ingris 'geology magazine'. mun dimelarkeun kana isu 'hukum leuweung' bahasa, heuseusna naon nu sababara waktu katukang diampul-ampul mang hasan (alias ki hasan), naha ieu teh bukti sejen yen 'basa indonesia' nu kadituna 'urang indonesia' minder? rendah diri di hareupeun buta ingris? hehe... teu hilap, bagea geomagz! 2011/8/24 oman abdurahman <[email protected]> > ** > > > Baraya, > > Seja ngainfokeun, ayeuna geus medal deui majalah anyar pedalan ktr tempat > si kuring digawe. Ngaranna majalahna "Geomagz, Majalah Geologi Populer". Ieu > majalah teh minangka gaganti tina majalah "Warta Geologi" anu ayeuna geus > asup kotak kusabab memang kudu diganti ku Geomagz :). > > Dina edisi perdana Geomagz, anu jadi guaran pokona nyaeta ngeunaan "Sesar > Lembang". Ceuk elmu geologi, istilah "sesar" teh dipake pikeun fenomena alam > taneuh atawa blok taneuh atawa lempeng bumi anu kungsi bergerak jeung > ditaksir dina hiji waktu baris gerak atawa obah deui. Kusabab ngalibetkeun > massa tanah atawa batuan anu badag jeung lega - kacida badag/legana, nya > mokaha wae ieu gerakan sesar teh bisa jadi ancaman, malah dina prak > kajadianana bisa nimbulkeun bencana (lamun samemehna penduduk di wta wilayah > henteu waspada). Sesar Lembang tangtu nuduhkeun ieu fenomena alam anu > tempatna ngawengku atawa motong daerah Lembang. Kumaha "dongeng" na ieu > ancama Sesar Lembang teh? mangga, ilo wae Geomagz edisi perdana di alamat > ieu: > http://www.bgl.esdm.go.id/dmdocuments/GEOMAGZ201103.pdf > > wilujeng piknik geologi. > > manar > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
