Wilujeng medalkeun majalah "geomagz". Eta nami "geomagz", ceuk istilah fotografi mah mani "fotogenic/seksi". Matak kabongbroy ku mireng namina. Pasti singgetanb tina Geology Magazine.
Usul ti si kuring saena mah dipatenkeun nami eta, teras sakantenan ngadamel situs di internet. Sapuluh taun kapayun, pasti bakal seueur barudak SMA anu milih jurusan geologi atanapi anu aya pakaitna sareng perkara "jeroan pataneuhan". baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: oman abdurahman <[email protected]> To: [email protected] Cc: urang sunda <[email protected]>; [email protected] Sent: Tuesday, August 23, 2011 6:06 PM Subject: [kisunda] Sesar Lembang - Geomagz edisi perdana Baraya, Seja ngainfokeun, ayeuna geus medal deui majalah anyar pedalan ktr tempat si kuring digawe. Ngaranna majalahna "Geomagz, Majalah Geologi Populer". Ieu majalah teh minangka gaganti tina majalah "Warta Geologi" anu ayeuna geus asup kotak kusabab memang kudu diganti ku Geomagz :). Dina edisi perdana Geomagz, anu jadi guaran pokona nyaeta ngeunaan "Sesar Lembang". Ceuk elmu geologi, istilah "sesar" teh dipake pikeun fenomena alam taneuh atawa blok taneuh atawa lempeng bumi anu kungsi bergerak jeung ditaksir dina hiji waktu baris gerak atawa obah deui. Kusabab ngalibetkeun massa tanah atawa batuan anu badag jeung lega - kacida badag/legana, nya mokaha wae ieu gerakan sesar teh bisa jadi ancaman, malah dina prak kajadianana bisa nimbulkeun bencana (lamun samemehna penduduk di wta wilayah henteu waspada). Sesar Lembang tangtu nuduhkeun ieu fenomena alam anu tempatna ngawengku atawa motong daerah Lembang. Kumaha "dongeng" na ieu ancama Sesar Lembang teh? mangga, ilo wae Geomagz edisi perdana di alamat ieu: http://www.bgl.esdm.go.id/dmdocuments/GEOMAGZ201103.pdf wilujeng piknik geologi. manar
