Bah ari abah shalat taraweh sabaraha rakaat ? areng di masjid mana netepanana ?
Cek Jang Adang tatangga di Eor.

"Hehehehe, ku ma parengna wee, abah mah."

Jang Adang :"Ku ma parengna? Geuning? Paingan ditingal tara aya wae di masigit 
?"

"Ari di EOR sok sabaraha rakaat Qiamu Ramadhan teh ?" Cek kuring hayang nyaho.

Jang Adang:"Di dieu mah Apa ( kadang sok disebut APA kuring teh ), sadayana ge
11 Rakaat; tuh upami palay 23 rakaat mah ka Mangunreja."

"Euh kiru ? "

"Tapi sanajan loba tapi da teu pararuguh mani ngan sakilat2; pan teu tartib tah 
?"
Cek Jang Adang neruskeun omonganana.
"Ari Apa sok sabaraha rakaat ? Sareng di masjid mana ?"

"Ah Apa mah tara di masjid jamaah we sapiri umpi; kadang 23 rakaat; nya 
seseringna mah 11 rakaat da cape. Hehehehe"

Jang Adang mani olohok hookeun meureun, terus nanya :" Baruk kadang2 11 rakaat ?
kadang2 23 rakaat ? Teu puguh cek abdi mah ari kitu mah."

Cek Kuring:"Abah mah yakin kana hiji HAL: Yen saenyana TARAWEH teh teu aya
katangtuan JUMLAH rakaatna !"

Jang Adang:" Kapan cenahhadits ausyahnyebatkeun 11 rakaat !
Kuring:"Mangga aos nyalira haditsna; eta teh saleresna mahkanggo WITIR !
Janten witir teh sarakaat dugi ka 11 takaat !"
Taraweh mu ditangtukeun nyeta jaman UMAR 20 rakaat tambah Witir 3 rakaat.
Malah di Turki ah aya nu 40 rakaat. Di Makkah meureun 60 rakaat !?

Jang Adang bari olohok :"kitu eta teh apa ?! Sok atuh ka masjid Apa ?"

Kuring: Nyeta teu wasa Jang lah, ari ngajakan batur mah. Keun we lah sa 
kayakinan
sorangan2; da kayakinan abah ge kapan can puguh bener."

Jang Adang:" Muhun nya .............. duh tos asar geuing ; mngga atuh apa , 
Assalamu'alaikum !"
"Waalaikumussalaam.



Kirim email ke