Cing punten atuh bade tumaros : dupi netepan Witir kedah sabaraha RAKAAT ?!!!!


--- In [email protected], deni solehudin <pesantiga@...> wrote:
>
> Salam hormat
> 
> Punten yeuh ngiring mairan... sok sanaos Ramadhan tereh tamat... 
> Pami urang naliti sareng ngagulamanti shahih Bukhori di dinya aya bab anu 
> judulna "Bab Shalatut Tarawih" hadits anu di pintonkeun ku Imam Bukhori dina 
> eta bab nyaeta hadits ti Aisyah tea. Ana pon hadits taraweh jaman Umar 23 
> rakaat riwayatna teu kuat alias doif, janten teu tiasa diangge hujjah..
> 
> hapunten, hatur nuhun
> Cep Deden
> 
> --- Pada Kam, 25/8/11, Abbas Amin <abas_amin08@...> menulis:
> 
> Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Judul: [kisunda] Shalat Taraweh
> Kepada: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" 
> <[email protected]>
> Tanggal: Kamis, 25 Agustus, 2011, 1:11 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       Bah ari abah shalat taraweh sabaraha rakaat ? areng di masjid mana 
> netepanana ?
> Cek Jang Adang tatangga di Eor.
> 
> "Hehehehe, ku ma parengna wee, abah mah."
> 
> Jang Adang :"Ku ma parengna? Geuning? Paingan ditingal tara aya wae di 
> masigit ?"
> 
> "Ari di EOR sok sabaraha rakaat Qiamu Ramadhan teh ?" Cek kuring hayang nyaho.
> 
> Jang Adang:"Di dieu mah Apa ( kadang sok disebut APA kuring teh ), sadayana ge
> 11 Rakaat; tuh upami palay 23 rakaat mah ka Mangunreja."
> 
> "Euh kiru ? "
> 
> "Tapi sanajan loba tapi da teu pararuguh mani ngan sakilat2; pan teu tartib 
> tah ?"
> Cek Jang Adang neruskeun omonganana.
> "Ari Apa sok sabaraha rakaat ? Sareng di masjid mana ?"
> 
> "Ah Apa mah tara di masjid jamaah we sapiri umpi; kadang 23 rakaat; nya 
> seseringna mah 11 rakaat da cape. Hehehehe"
> 
> Jang Adang mani olohok hookeun meureun, terus
>  nanya :" Baruk kadang2 11 rakaat ?
> kadang2 23 rakaat ? Teu puguh cek abdi mah ari kitu mah."
> 
> Cek Kuring:"Abah mah yakin kana hiji HAL: Yen saenyana TARAWEH teh teu aya
> katangtuan JUMLAH rakaatna !"
> 
> Jang Adang:" Kapan cenahhadits ausyahnyebatkeun 11 rakaat !
> Kuring:"Mangga aos nyalira haditsna; eta teh saleresna mahkanggo WITIR !
> Janten witir teh sarakaat dugi ka 11 takaat !"
> Taraweh mu ditangtukeun nyeta jaman UMAR 20 rakaat tambah Witir 3 rakaat.
> Malah di Turki ah aya nu 40 rakaat. Di Makkah meureun 60 rakaat !?
> 
> Jang Adang bari olohok :"kitu eta teh apa ?! Sok atuh ka masjid Apa ?"
> 
> Kuring: Nyeta teu wasa Jang lah, ari ngajakan batur mah. Keun we lah sa 
> kayakinan
> sorangan2; da kayakinan abah ge kapan can puguh bener."
> 
> Jang Adang:" Muhun nya .............. duh tos asar geuing ; mngga atuh apa , 
> Assalamu'alaikum !"
> "Waalaikumussalaam.
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke