Diabdi komplek abdi taman cimanggu bogor nu 11 sareng 23 sasarengan tarawehna 
ke pas nu 11 ngaganjil nu 23 malundur kapengker ke 11 beres nu 23 maraju nu 
sabelas malundur nu bade ngadoa nu beres nya balubar......
Kajantenan ieu tos lami sareng teu aya kaributan.



Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 25 Aug 2011 14:11:46 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Shalat Taraweh

Bah ari abah shalat taraweh sabaraha rakaat ? areng di masjid mana netepanana ?
Cek Jang Adang tatangga di Eor.

"Hehehehe, ku ma parengna wee, abah mah."

Jang Adang :"Ku ma parengna? Geuning? Paingan ditingal tara aya wae di masigit 
?"

"Ari di EOR sok sabaraha rakaat Qiamu Ramadhan teh ?" Cek kuring hayang nyaho.

Jang Adang:"Di dieu mah Apa ( kadang sok disebut APA kuring teh ), sadayana ge
11 Rakaat; tuh upami palay 23 rakaat mah ka Mangunreja."

"Euh kiru ? "

"Tapi sanajan loba tapi da teu pararuguh mani ngan sakilat2; pan teu tartib tah 
?"
Cek Jang Adang neruskeun omonganana.
"Ari Apa sok sabaraha rakaat ? Sareng di masjid mana ?"

"Ah Apa mah tara di masjid jamaah we sapiri umpi; kadang 23 rakaat; nya 
seseringna mah 11 rakaat da cape. Hehehehe"

Jang Adang mani olohok hookeun meureun, terus nanya :" Baruk kadang2 11 rakaat ?
kadang2 23 rakaat ? Teu puguh cek abdi mah ari kitu mah."

Cek Kuring:"Abah mah yakin kana hiji HAL: Yen saenyana TARAWEH teh teu aya
katangtuan JUMLAH rakaatna !"

Jang Adang:" Kapan cenahhadits ausyahnyebatkeun 11 rakaat !
Kuring:"Mangga aos nyalira haditsna; eta teh saleresna mahkanggo WITIR !
Janten witir teh sarakaat dugi ka 11 takaat !"
Taraweh mu ditangtukeun nyeta jaman UMAR 20 rakaat tambah Witir 3 rakaat.
Malah di Turki ah aya nu 40 rakaat. Di Makkah meureun 60 rakaat !?

Jang Adang bari olohok :"kitu eta teh apa ?! Sok atuh ka masjid Apa ?"

Kuring: Nyeta teu wasa Jang lah, ari ngajakan batur mah. Keun we lah sa 
kayakinan
sorangan2; da kayakinan abah ge kapan can puguh bener."

Jang Adang:" Muhun nya .............. duh tos asar geuing ; mngga atuh apa , 
Assalamu'alaikum !"
"Waalaikumussalaam.




Kirim email ke