ceuk kula mah dalil shalat taraweh henteu aya anu ngajelaskan jumlah rakaatna. tapi hiji-hijina anu jadi dasar pikeun kula ngalaksanakeun shalat taraweh 20 rakaat sakumaha dalil Saidina Umar bin Khattab ra. ngalakukeun shalat taraweh 20 rakaat. Da piraku para sahabat nyieun sorangan jumlah rakaatna, pastina para sahabat pernah nyaksikeun Rasulallah ngalaksanakeun shalat taraweh anu 20 rakaat, kitu bae ceuk pamadegan kula mah. kajeun ka jelema anu ngalaksanakeun 11 rakaat, eta pamadeganana. Justru anu rada teu kaharti ku kula mah nyaeta jelema anu sama sakali 11 rakaat hanteu pisan, sumawonna anu 20 rakaat tara pisan. boroning shalat lima waktu, puasa oge tara telat katinggaleun saur jam 7 isuk-isuk di warung sangu huduk Bi Enok. Tah kumaha mangkeluk model kitu dulur....baraya? Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 25 Agustus 2011 13:11 Judul: [kisunda] Shalat Taraweh
Bah ari abah shalat taraweh sabaraha rakaat ? areng di masjid mana netepanana ? Cek Jang Adang tatangga di Eor. "Hehehehe, ku ma parengna wee, abah mah." Jang Adang :"Ku ma parengna? Geuning? Paingan ditingal tara aya wae di masigit ?" "Ari di EOR sok sabaraha rakaat Qiamu Ramadhan teh ?" Cek kuring hayang nyaho. Jang Adang:"Di dieu mah Apa ( kadang sok disebut APA kuring teh ), sadayana ge 11 Rakaat; tuh upami palay 23 rakaat mah ka Mangunreja." "Euh kiru ? " "Tapi sanajan loba tapi da teu pararuguh mani ngan sakilat2; pan teu tartib tah ?" Cek Jang Adang neruskeun omonganana. "Ari Apa sok sabaraha rakaat ? Sareng di masjid mana ?" "Ah Apa mah tara di masjid jamaah we sapiri umpi; kadang 23 rakaat; nya seseringna mah 11 rakaat da cape. Hehehehe" Jang Adang mani olohok hookeun meureun, terus nanya :" Baruk kadang2 11 rakaat ? kadang2 23 rakaat ? Teu puguh cek abdi mah ari kitu mah." Cek Kuring:"Abah mah yakin kana hiji HAL: Yen saenyana TARAWEH teh teu aya katangtuan JUMLAH rakaatna !" Jang Adang:" Kapan cenahhadits ausyahnyebatkeun 11 rakaat ! Kuring:"Mangga aos nyalira haditsna; eta teh saleresna mahkanggo WITIR ! Janten witir teh sarakaat dugi ka 11 takaat !" Taraweh mu ditangtukeun nyeta jaman UMAR 20 rakaat tambah Witir 3 rakaat. Malah di Turki ah aya nu 40 rakaat. Di Makkah meureun 60 rakaat !? Jang Adang bari olohok :"kitu eta teh apa ?! Sok atuh ka masjid Apa ?" Kuring: Nyeta teu wasa Jang lah, ari ngajakan batur mah. Keun we lah sa kayakinan sorangan2; da kayakinan abah ge kapan can puguh bener." Jang Adang:" Muhun nya .............. duh tos asar geuing ; mngga atuh apa , Assalamu'alaikum !" "Waalaikumussalaam.
