Nuhun kang, ieu naros bodo punten nya, leupas tina naon alesanana naha UbK real, nyata shalat taraweh witirna 23 rakaat? Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: deni solehudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 25 Aug 2011 14:24:18 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Shalat Taraweh Salam hormat Punten yeuh ngiring mairan... sok sanaos Ramadhan tereh tamat... Pami urang naliti sareng ngagulamanti shahih Bukhori di dinya aya bab anu judulna "Bab Shalatut Tarawih" hadits anu di pintonkeun ku Imam Bukhori dina eta bab nyaeta hadits ti Aisyah tea. Ana pon hadits taraweh jaman Umar 23 rakaat riwayatna teu kuat alias doif, janten teu tiasa diangge hujjah.. hapunten, hatur nuhun Cep Deden --- Pada Kam, 25/8/11, Abbas Amin <[email protected]> menulis: Dari: Abbas Amin <[email protected]> Judul: [kisunda] Shalat Taraweh Kepada: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Tanggal: Kamis, 25 Agustus, 2011, 1:11 PM Bah ari abah shalat taraweh sabaraha rakaat ? areng di masjid mana netepanana ? Cek Jang Adang tatangga di Eor. "Hehehehe, ku ma parengna wee, abah mah." Jang Adang :"Ku ma parengna? Geuning? Paingan ditingal tara aya wae di masigit ?" "Ari di EOR sok sabaraha rakaat Qiamu Ramadhan teh ?" Cek kuring hayang nyaho. Jang Adang:"Di dieu mah Apa ( kadang sok disebut APA kuring teh ), sadayana ge 11 Rakaat; tuh upami palay 23 rakaat mah ka Mangunreja." "Euh kiru ? " "Tapi sanajan loba tapi da teu pararuguh mani ngan sakilat2; pan teu tartib tah ?" Cek Jang Adang neruskeun omonganana. "Ari Apa sok sabaraha rakaat ? Sareng di masjid mana ?" "Ah Apa mah tara di masjid jamaah we sapiri umpi; kadang 23 rakaat; nya seseringna mah 11 rakaat da cape. Hehehehe" Jang Adang mani olohok hookeun meureun, terus nanya :" Baruk kadang2 11 rakaat ? kadang2 23 rakaat ? Teu puguh cek abdi mah ari kitu mah." Cek Kuring:"Abah mah yakin kana hiji HAL: Yen saenyana TARAWEH teh teu aya katangtuan JUMLAH rakaatna !" Jang Adang:" Kapan cenahhadits ausyahnyebatkeun 11 rakaat ! Kuring:"Mangga aos nyalira haditsna; eta teh saleresna mahkanggo WITIR ! Janten witir teh sarakaat dugi ka 11 takaat !" Taraweh mu ditangtukeun nyeta jaman UMAR 20 rakaat tambah Witir 3 rakaat. Malah di Turki ah aya nu 40 rakaat. Di Makkah meureun 60 rakaat !? Jang Adang bari olohok :"kitu eta teh apa ?! Sok atuh ka masjid Apa ?" Kuring: Nyeta teu wasa Jang lah, ari ngajakan batur mah. Keun we lah sa kayakinan sorangan2; da kayakinan abah ge kapan can puguh bener." Jang Adang:" Muhun nya .............. duh tos asar geuing ; mngga atuh apa , Assalamu'alaikum !" "Waalaikumussalaam.
