> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
> [email protected]
> Sapuk pisan, malah sikuring pernah maos ayat anu 
> "Al A'roobu asyaddu kufrow wanifaaqo" Wallahua'lam bimuroodih "Jelema Arab 
> teh pangnemen-nemenna kufur sareng munafek" ...

Ah kuring mah teu satuju, tempoanana rada "racist", sabab kanyataanana teu 
kabeh etnis Arab "haranga" ka awewe, pangpangna etnis Arab diluar nagara Arab 
Saudi. Ari di Arab Saudi mah kalakuan kitu teh lain kulantaran etnik Arabna, 
tapi kulantaran sistem sosialna nu ngalawan kodrat jelema, MISAHKEUN lalaki 
jeung awewe make aturan anu heuras pisan. Akibatna lalaki ngan campur jeung 
lalaki deui, maranehna ngan nyaho nu aranna awewe teh indungna jeung dulur 
awewena. Diluar eta kabeh awewe mangrupakeun "MANGSA" keur "dinikmati". Pon 
kitu awewe, maranehna nyaho lalaki teh ngan bapana jeung dulur lalakina, diluar 
eta, kabeh lalaki mangrupakeun PREDATOR nu rek siap-siap ngelegleg maranehna. 
Jadina Hubungan antara lalaki jeung awewe lir ibarat hubungan SINGA jeung 
MANGSANA di "Padang rumput" Afrika ...hehehe, lalaki salawasna "ngintip" awewe 
nu balangah, atuh awewe salawasna kudu rancingeus, teu meunang kabongohan.

Padahal sabenerna hubungan lalaki jeung awewe, lain hubungan predator jeung 
mangsana, tapi hubungan jelema jeung jelema deui. Tah supaya hubungan ieu 
harmonis, antara jelema teu kudu dipisahkeun ku garis nu teges, sanajan beda 
jenis kelamin. Di Sakola teu kudu budak lalaki dipisahkeun kelasna jeung budak 
awewe (teu kudu aya sakola khusus awewe atawa lalaki). Barudak kudu biasa 
campur gaul jeung nu beda kelamin, supaya silih kanyahokeun naon wae nu 
ngabedakeun, jeung naon wae nu nyaruakeunana. Sistem model kieu, sabenerna 
ilahar, kaasup di nagara urang. Sigana lamun Arab Saudi ngarobah sistemna teu 
heuras kitu, bakal leungit anggapan yen urang Arab (Saudi) salawasna "haranga" 
ku awewe .....

Ngan tangtu we hese sabab adat kakurung ku iga!

WLY









------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke