> In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > Cenah di Saudi kiwari geus mimiti ting pecenghul gerakan modernisasi. > Kudu bisa nepi kana kondisi "Iga ngurungan adat" nya. > Hehehe
Enya cenah mah, nu loba bejana awewe Arab Saudi nuntut supaya diijinan nyupir ...hehehe. Aya sababaraha urang awewe Arab Saudi nu "ngahajakeun" nyupir mobil, ngarah ditewak jeung dihukum, supaya jadi beja gede nu kasorot timana-mana. Sabenerna mah salian ti sistem sosial nu misahkeun awewe jeung lalaki kalawan heuras, Arab Saudi oge boga masalah dina jumlah penduduk lalakina NU LEUWIH LOBA tibatan penduduk awewena. Babandinganana lamun teu salah mah 120 lalaki : 100 awewe (http://www.census.gov/population/international/data/idb/country.php). Jadi di Arab Saudi sabenerna depisit awewe. Keur mah depisit ditambahan dimeunangkeun nyandung jeung tradisi mas kawin mahal, nu nyababkeun aya lalaki boga pamajikan leuwih ti saurang, tapi loba lalaki ngabujang da teu kabagean awewe. Meureun, naha lain nyokot wae pamajikan ti nagara sejen, keur nutup depisit ieu? Lamun teu salah di Arab Saudi aya larangan, pamajikan nu kahiji teu meunang lain urang Arab Saudi. Sigana kawijaksanaan ieu kulantaran kasieunan engke nu dominan di Arab Saudi lain urang Arab Saudi asli, tapi peranakan. Akibatna, nu bujangan beuki hese neangan pamajikan da teu meunang neangan di luar Arab Saudi. "Haranga" weh jadina ..... [Tina sababaraha sumber] WLY ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
