Cik..cik…. naha ieu teh siga nu pating karecewis perkara “kagorengan” lalakina 
atuh, mun heug nu diadurenyomkeun teh husus urang Arab Saudi wungkul dina lebah 
sistem sosial na, asana teu bisa samemena kasalahan lalaki wae, apan ceuk 
hakekatna mah teu awewe teu lalaki, duanana sebagai mangkeluk jelema nu mangkuk 
dina hiji sistem, nu ngabedakeun teh mereun masalah gender da lamun ngomongkeun 
pasipatan mah nya keneh-keneh kee..wae…

 

Sikuring nampa beja langsung ti para “bujang” yen awewe Saudi (sigana sarua wae 
di nagri tatanggana nu sejen ge’) ceunah loba nu leuwih jurig tibatan jurig 
lalakina, ngan memang teu katinggali ku mata lahir da maranehna mah “playing” 
di lembur dumukna jadi teu kabejakeun warta na dina media, beda jeung nu 
lalakina nu kawentar sok rucah diluar (kasangktukangna mah nya apal mereun 
kusabab maranehna ngaku muslim, coba nu non muslim mah najan rucah nepika 
dijadikeun kompetisi oge eweuh nu geruh apan) jadi weh lalaki irung coreleng nu 
asalna ti arab Saudi sebagai obyek panembleuhan anu saterusna awewena lir 
ibarat kurban.

 

Perkara ayat ‘urang arab nu nemen kana kakafirannana’ (mereun maksud ayat teh, 
urang arab leuwih kafir tibatan nu kafir, kitu?), nu ieu mah hese mun deuk di 
diskusikeun teh, jadi lain masalah racist da ayat ieu mah lain nyaritakeun 
sapapanjang jaman, tapi nyaritakeun baheula keur “poek” tina ageman saacan 
lungsurna rasul, anu peradabanna can global siga ayeuna (jeung kahareupna)

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ki 
Hasan
Sent: Monday, October 03, 2011 7:52 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] REDi Arab Saudi, Wanita Jangan Naik Taksi Duluan! Syukri 
Rahmatullah - Okezone

 

  

Bah Willy: "Ngan tangtu we hese sabab adat kakurung ku iga!"

 

Cenah di Saudi kiwari geus mimiti ting pecenghul gerakan modernisasi. 

Kudu bisa nepi kana kondisi "Iga ngurungan adat" nya. 

Hehehe

2011/10/3 Waluya <[email protected]>

  

> From: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com>  
> [mailto:[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> ] On 
> Behalf Of [email protected] <mailto:qodir_jaelani%40yahoo.com> 
> Sapuk pisan, malah sikuring pernah maos ayat anu 
> "Al A'roobu asyaddu kufrow wanifaaqo" Wallahua'lam bimuroodih "Jelema Arab 
> teh pangnemen-nemenna kufur sareng munafek" ...

Ah kuring mah teu satuju, tempoanana rada "racist", sabab kanyataanana teu 
kabeh etnis Arab "haranga" ka awewe, pangpangna etnis Arab diluar nagara Arab 
Saudi. Ari di Arab Saudi mah kalakuan kitu teh lain kulantaran etnik Arabna, 
tapi kulantaran sistem sosialna nu ngalawan kodrat jelema, MISAHKEUN lalaki 
jeung awewe make aturan anu heuras pisan. Akibatna lalaki ngan campur jeung 
lalaki deui, maranehna ngan nyaho nu aranna awewe teh indungna jeung dulur 
awewena. Diluar eta kabeh awewe mangrupakeun "MANGSA" keur "dinikmati". Pon 
kitu awewe, maranehna nyaho lalaki teh ngan bapana jeung dulur lalakina, diluar 
eta, kabeh lalaki mangrupakeun PREDATOR nu rek siap-siap ngelegleg maranehna. 
Jadina Hubungan antara lalaki jeung awewe lir ibarat hubungan SINGA jeung 
MANGSANA di "Padang rumput" Afrika ...hehehe, lalaki salawasna "ngintip" awewe 
nu balangah, atuh awewe salawasna kudu rancingeus, teu meunang kabongohan.

Padahal sabenerna hubungan lalaki jeung awewe, lain hubungan predator jeung 
mangsana, tapi hubungan jelema jeung jelema deui. Tah supaya hubungan ieu 
harmonis, antara jelema teu kudu dipisahkeun ku garis nu teges, sanajan beda 
jenis kelamin. Di Sakola teu kudu budak lalaki dipisahkeun kelasna jeung budak 
awewe (teu kudu aya sakola khusus awewe atawa lalaki). Barudak kudu biasa 
campur gaul jeung nu beda kelamin, supaya silih kanyahokeun naon wae nu 
ngabedakeun, jeung naon wae nu nyaruakeunana. Sistem model kieu, sabenerna 
ilahar, kaasup di nagara urang. Sigana lamun Arab Saudi ngarobah sistemna teu 
heuras kitu, bakal leungit anggapan yen urang Arab (Saudi) salawasna "haranga" 
ku awewe .....

Ngan tangtu we hese sabab adat kakurung ku iga!

WLY

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke