Bah Willy: "Ngan tangtu we hese sabab adat kakurung ku iga!" Cenah di Saudi kiwari geus mimiti ting pecenghul gerakan modernisasi. Kudu bisa nepi kana kondisi "Iga ngurungan adat" nya. Hehehe
2011/10/3 Waluya <[email protected]> > ** > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf > Of [email protected] > > Sapuk pisan, malah sikuring pernah maos ayat anu > > "Al A'roobu asyaddu kufrow wanifaaqo" Wallahua'lam bimuroodih "Jelema > Arab teh pangnemen-nemenna kufur sareng munafek" ... > > Ah kuring mah teu satuju, tempoanana rada "racist", sabab kanyataanana teu > kabeh etnis Arab "haranga" ka awewe, pangpangna etnis Arab diluar nagara > Arab Saudi. Ari di Arab Saudi mah kalakuan kitu teh lain kulantaran etnik > Arabna, tapi kulantaran sistem sosialna nu ngalawan kodrat jelema, MISAHKEUN > lalaki jeung awewe make aturan anu heuras pisan. Akibatna lalaki ngan campur > jeung lalaki deui, maranehna ngan nyaho nu aranna awewe teh indungna jeung > dulur awewena. Diluar eta kabeh awewe mangrupakeun "MANGSA" keur > "dinikmati". Pon kitu awewe, maranehna nyaho lalaki teh ngan bapana jeung > dulur lalakina, diluar eta, kabeh lalaki mangrupakeun PREDATOR nu rek > siap-siap ngelegleg maranehna. Jadina Hubungan antara lalaki jeung awewe lir > ibarat hubungan SINGA jeung MANGSANA di "Padang rumput" Afrika ...hehehe, > lalaki salawasna "ngintip" awewe nu balangah, atuh awewe salawasna kudu > rancingeus, teu meunang kabongohan. > > Padahal sabenerna hubungan lalaki jeung awewe, lain hubungan predator jeung > mangsana, tapi hubungan jelema jeung jelema deui. Tah supaya hubungan ieu > harmonis, antara jelema teu kudu dipisahkeun ku garis nu teges, sanajan beda > jenis kelamin. Di Sakola teu kudu budak lalaki dipisahkeun kelasna jeung > budak awewe (teu kudu aya sakola khusus awewe atawa lalaki). Barudak kudu > biasa campur gaul jeung nu beda kelamin, supaya silih kanyahokeun naon wae > nu ngabedakeun, jeung naon wae nu nyaruakeunana. Sistem model kieu, > sabenerna ilahar, kaasup di nagara urang. Sigana lamun Arab Saudi ngarobah > sistemna teu heuras kitu, bakal leungit anggapan yen urang Arab (Saudi) > salawasna "haranga" ku awewe ..... > > Ngan tangtu we hese sabab adat kakurung ku iga! > > WLY > > >
