Beu teu kapalang eta si Kang Udin badeurna. Duka kumaha nasibna jaga mun geus jadi aki-aki reyod. Sok ngaroko tara Kang Udin? Bagja mun sok ngaroko mah, sugan moal meunang wawales mun geus aki-aki. Da biheung nepi, biheung moal jadi aki-aki na ge. Hehehe.
Sok sing mindeng ngadongengna, sugan we jadi jalan pikeun meunang pangampura ti jenatna para aki-aki. 2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Ningali zaman kiwari, jarang pisan aki-aki anu umurna 70 atawa 80 taun aya > di mushola, mun aya oge pastina keur ngaringkuk di rumah sakit. Beda keur > basa budak, rea aki-aki anu umurna 70 atawa 80 anu masih keneh jagjag > waringkas ngeusian mushola atawa masjid. > Di lembur kuring aya mushola ngarana mushola "AL IKHLAS" anu sok rea di > eusi ku aki-aki. Aki-aki anu ngarana Ki Bahim, Ki Nursam, Ki Gawi, Ki > Ujang, Ki Drajat jeung rea Aki-aki lainna mangrupakeun aki-aki anu umurna > geus 70 taunan. Maranehna katempona jagjag waringkas, gagah najan lempangna > geus rada bongkok make iteuk. > Harita para aki-aki sok nyimpen tasbeh pikeun ngitung dzikir sok > dagarantungkeun dina tembok. Ngabengbreng eta tasbeh mun di itung aya kana > 15 tasbeh. Terang tasbeh? Tasbeh aki-aki biasana sok digantelan awir-awiran > samodel kayu paragi siwak (mersihkeun baham samemeh shalat). > Kuring harita ba'da shalat asar nempo eta tasbeh ngagarantung tina tembok > ngabaris jiga anu jualan tasbeh. Sir be boga pikiran jail, kuring balik ka > imah nyokot sambel tarasi anu make cabe rawit anu rasana lada pisan jieunan > nini kuring. Kuring mungkus eta sambel kana palastik, tuluy balik deui ka > mushola, nungguan jalma anu tos saralat lohor. Sanggeus di mushola teu aya > jalma, sup kuring asup ka Mushola tuluy muru tempat tasbeh digarantung. Eta > tungtung tasbeh anu awir-awiran anu sok dipake siwak ku aki-aki, kabeh > ku kuring dicocolkeun kana sambel. Geus nyocolkeun eta tasbeh kana sambel, > tuluy kuring ngagantungkeun deui kana tempatna sewangan. > Waktu ngahareupan magrib, barudak lembur biasa sok ragem di mushola, sora > barudak kadenge dina sapeker, harita kuring aya ,oge para aki-aki calon > penghuni surga geus tumaninah nungguan waktu shalat magrib dariuk anu geus > nyareukeulan tasbeh. Dur bedug magrib tuluy adzan, tos salse adazan henteu > babarah menit komat. Sanggeus komat eta para aki-aki jung naratung > mariskeun maneh tukangeun imah tuluy siwak gusak gosok ku tungtung tasbeh. > Imam geus takbiratul ihram, ditukang para aki-aki recet bari cuprah ceproh > ciciduh,pokna "astagfirullah naon ieu karasa lada, jeung bau tarasi deui. > boa-boa ieu disambelan, saha jelemana, kacida amat jailna", aki-aki aya anu > ngacir ka jamban (toilet) maksudna rek mersihkeun baham anu karasa lada, > aya anu mersihkeuna make gamis, katempona paciweuh rame jiga budak laleutik. > > Astagfirullahaladzim......... hampura abdi Gusti > > >
