nepangkeun dulur sadaya, asli kuring ti TURKI alias turunan 
kidul.....banjarkarang pamidangan caket ka laut kidul nagarana Nyi Ratu..... 
pamugia tepangna di jomantara tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi, manjangkeun 
babarayaan.... nudipamrih pamugia urang tiasa tepang sono balakecrakan 
ngedalkeun katugenah hate..... hapunten dulur...



________________________________
Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Kamis, 3 November 2011 16:14
Judul: Re: [kisunda] LAWAS BASA KEUR BUDAK


  
Resep atuh Kang Udin mindeng ngatrok leuleuweungan mah. Sok geura lalakonkeun 
lalampahanana. 


2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>

 
>  
>  Nepangkeun para wargi milis Ki Sunda, ieu kuring budak bangor basa baheula, 
>kiwari jadi tukang kuli tukang panggul barang kukurilingan ka leuweung ka 
>rawa-rawa maturan jelema parinter neangan karbon dioksida, ceunah hasilna 
>pikeun nagara, teuing........
> 
>
>
>Dari: Ki Hasan <[email protected]>
>Kepada: [email protected]
>Dikirim: Kamis, 3 November 2011 13:06
>
>Judul: Re: [kisunda] LAWAS BASA KEUR BUDAK
>
>
>
>  
>Hehehe. Enya Kang Udin tong formal teuing, make basa nu geus akrab we. Jiga 
>nyarita jeung balad sapope. Ngarah leuwih encer komunikasina.
>
>
>2011/11/3 oman abdurahman <[email protected]>
>
> 
>>  
>>"Pak Hasan"? asa formal teuing :). Ongkoh deui nu dimaksud teh di ieu milist 
>>katelahna MH alias Mang Hasan tea. Aran aslina mah "Harja Santana Purba", sok 
>>sanajen make "Purba" tungtungna, tapi asgar (asli Garut), alias ti Tatar 
>>Sunda, lain ti tatar Tapanuli :).
>>
>>Lian ti eta, dongeng mangsa keur budakna rame, oge dongeng-dongeng lianna ti 
>>kang Udin ieu matak pogot. Mang Udin keur kacida produktifna di milist. Sok 
>>ditungguan postingan-postingan saterusna, meungpeung keur dina "emud" na :).
>>
>>manar
>>
>>
>>
>>2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>
>>
>> 
>>>  
>>>Puguh karasa ku kuring Pak Hasan, mun ningali barudak narongkrong di gang 
>>>magrib-magrib maen gitar, sok mindeng dicaram ku kuring sangkan geura 
>>>baralik sharolat magrib, eta budak nembalna teh "Pa, ari bapak pernah nogra 
>>>teu?" Hese geuning dicaram nembalna model kitu......
>>>
>>>
>>>
>>>Dari: Ki Hasan <[email protected]>
>>>Kepada: [email protected]
>>>Dikirim: Kamis, 3 November 2011 11:47
>>>Judul: Re: [kisunda] LAWAS BASA KEUR BUDAK
>>> 
>>>
>>>
>>>  
>>>Beu teu kapalang eta si Kang Udin badeurna. Duka kumaha nasibna jaga mun 
>>>geus jadi aki-aki reyod. Sok ngaroko tara Kang Udin? Bagja mun sok ngaroko 
>>>mah, sugan moal meunang wawales mun geus aki-aki. Da biheung nepi, biheung 
>>>moal jadi aki-aki na ge. Hehehe. 
>>>
>>>
>>>Sok sing mindeng ngadongengna, sugan we jadi jalan pikeun meunang pangampura 
>>>ti jenatna para aki-aki.
>>>
>>>
>>>
>>>
>>>2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>
>>>
>>> 
>>>>  
>>>>Ningali zaman kiwari, jarang pisan aki-aki anu umurna 70 atawa 80 taun aya 
>>>>di mushola, mun aya oge pastina keur ngaringkuk di rumah sakit. Beda keur 
>>>>basa budak, rea aki-aki anu umurna 70 atawa 80 anu masih keneh jagjag 
>>>>waringkas ngeusian mushola atawa masjid.
>>>>Di lembur kuring aya mushola ngarana mushola "AL IKHLAS" anu sok rea di 
>>>>eusi ku aki-aki. Aki-aki anu ngarana Ki Bahim, Ki Nursam, Ki Gawi, Ki 
>>>>Ujang, Ki Drajat jeung rea Aki-aki lainna mangrupakeun aki-aki anu umurna 
>>>>geus 70 taunan. Maranehna katempona jagjag waringkas, gagah najan lempangna 
>>>>geus rada bongkok make iteuk.
>>>>Harita para aki-aki sok nyimpen tasbeh pikeun ngitung dzikir sok 
>>>>dagarantungkeun dina tembok. Ngabengbreng eta tasbeh mun di itung aya kana 
>>>>15 tasbeh. Terang tasbeh? Tasbeh aki-aki biasana sok digantelan awir-awiran 
>>>>samodel kayu paragi siwak (mersihkeun baham samemeh shalat). 
>>>>Kuring harita ba'da shalat asar nempo eta tasbeh ngagarantung tina tembok 
>>>>ngabaris jiga anu jualan tasbeh. Sir be boga pikiran jail, kuring balik ka 
>>>>imah nyokot sambel tarasi anu make cabe rawit anu rasana lada pisan jieunan 
>>>>nini kuring. Kuring mungkus eta sambel kana palastik, tuluy balik deui ka 
>>>>mushola, nungguan jalma anu tos saralat lohor. Sanggeus di mushola teu aya 
>>>>jalma, sup kuring asup ka Mushola tuluy muru tempat tasbeh digarantung. Eta 
>>>>tungtung tasbeh anu awir-awiran anu sok dipake siwak ku aki-aki, kabeh 
>>>>ku kuring dicocolkeun kana sambel. Geus nyocolkeun eta tasbeh kana sambel, 
>>>>tuluy kuring ngagantungkeun deui kana tempatna sewangan.
>>>>Waktu ngahareupan magrib, barudak lembur biasa sok ragem di mushola, sora 
>>>>barudak kadenge dina sapeker, harita kuring aya ,oge para aki-aki calon 
>>>>penghuni surga geus tumaninah nungguan waktu shalat magrib dariuk anu geus 
>>>>nyareukeulan tasbeh. Dur bedug magrib tuluy adzan, tos salse adazan henteu 
>>>>babarah menit komat. Sanggeus komat eta para aki-aki jung naratung 
>>>>mariskeun maneh tukangeun imah tuluy siwak gusak gosok ku tungtung tasbeh. 
>>>>Imam geus takbiratul ihram, ditukang para aki-aki recet bari cuprah ceproh 
>>>>ciciduh,pokna "astagfirullah naon ieu karasa lada, jeung bau tarasi deui. 
>>>>boa-boa ieu disambelan, saha jelemana, kacida amat jailna", aki-aki aya anu 
>>>>ngacir ka jamban (toilet) maksudna rek mersihkeun baham anu karasa lada, 
>>>>aya anu mersihkeuna make gamis, katempona paciweuh rame jiga budak laleutik.
>>>> 
>>>>Astagfirullahaladzim......... hampura abdi Gusti
>>>
>>>
>>>
>>
>
>
>

 

Kirim email ke