Hehehe. Enya Kang Udin tong formal teuing, make basa nu geus akrab we. Jiga
nyarita jeung balad sapope. Ngarah leuwih encer komunikasina.

2011/11/3 oman abdurahman <[email protected]>

> **
>
>
> "Pak Hasan"? asa formal teuing :). Ongkoh deui nu dimaksud teh di ieu
> milist katelahna MH alias Mang Hasan tea. Aran aslina mah "Harja Santana
> Purba", sok sanajen make "Purba" tungtungna, tapi asgar (asli Garut), alias
> ti Tatar Sunda, lain ti tatar Tapanuli :).
>
> Lian ti eta, dongeng mangsa keur budakna rame, oge dongeng-dongeng lianna
> ti kang Udin ieu matak pogot. Mang Udin keur kacida produktifna di milist.
> Sok ditungguan postingan-postingan saterusna, meungpeung keur dina "emud"
> na :).
>
> manar
>
>
> 2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Puguh karasa ku kuring Pak Hasan, mun ningali barudak narongkrong di gang
>> magrib-magrib maen gitar, sok mindeng dicaram ku kuring sangkan geura
>> baralik sharolat magrib, eta budak nembalna teh "Pa, ari bapak pernah nogra
>> teu?" Hese geuning dicaram nembalna model kitu......
>>
>>  *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
>> *Kepada:* [email protected]
>> *Dikirim:* Kamis, 3 November 2011 11:47
>> *Judul:* Re: [kisunda] LAWAS BASA KEUR BUDAK
>>
>>
>> Beu teu kapalang eta si Kang Udin badeurna. Duka kumaha nasibna jaga mun
>> geus jadi aki-aki reyod. Sok ngaroko tara Kang Udin? Bagja mun sok ngaroko
>> mah, sugan moal meunang wawales mun geus aki-aki. Da biheung nepi, biheung
>> moal jadi aki-aki na ge. Hehehe.
>>
>> Sok sing mindeng ngadongengna, sugan we jadi jalan pikeun meunang
>> pangampura ti jenatna para aki-aki.
>>
>>
>> 2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>
>>
>> **
>>
>>   Ningali zaman kiwari, jarang pisan aki-aki anu umurna 70 atawa 80 taun
>> aya di mushola, mun aya oge pastina keur ngaringkuk di rumah sakit. Beda
>> keur basa budak, rea aki-aki anu umurna 70 atawa 80 anu masih keneh jagjag
>> waringkas ngeusian mushola atawa masjid.
>> Di lembur kuring aya mushola ngarana mushola "AL IKHLAS" anu sok rea di
>> eusi ku aki-aki. Aki-aki anu ngarana Ki Bahim, Ki Nursam, Ki Gawi, Ki
>> Ujang, Ki Drajat jeung rea Aki-aki lainna mangrupakeun aki-aki anu umurna
>> geus 70 taunan. Maranehna katempona jagjag waringkas, gagah najan lempangna
>> geus rada bongkok make iteuk.
>> Harita para aki-aki sok nyimpen tasbeh pikeun ngitung dzikir sok
>> dagarantungkeun dina tembok. Ngabengbreng eta tasbeh mun di itung aya kana
>> 15 tasbeh. Terang tasbeh? Tasbeh aki-aki biasana sok digantelan awir-awiran
>> samodel kayu paragi siwak (mersihkeun baham samemeh shalat).
>> Kuring harita ba'da shalat asar nempo eta tasbeh ngagarantung tina tembok
>> ngabaris jiga anu jualan tasbeh. Sir be boga pikiran jail, kuring balik ka
>> imah nyokot sambel tarasi anu make cabe rawit anu rasana lada pisan jieunan
>> nini kuring. Kuring mungkus eta sambel kana palastik, tuluy balik deui ka
>> mushola, nungguan jalma anu tos saralat lohor. Sanggeus di mushola teu aya
>> jalma, sup kuring asup ka Mushola tuluy muru tempat tasbeh digarantung. Eta
>> tungtung tasbeh anu awir-awiran anu sok dipake siwak ku aki-aki, kabeh
>> ku kuring dicocolkeun kana sambel. Geus nyocolkeun eta tasbeh kana sambel,
>> tuluy kuring ngagantungkeun deui kana tempatna sewangan.
>> Waktu ngahareupan magrib, barudak lembur biasa sok ragem di mushola, sora
>> barudak kadenge dina sapeker, harita kuring aya ,oge para aki-aki calon
>> penghuni surga geus tumaninah nungguan waktu shalat magrib dariuk anu geus
>> nyareukeulan tasbeh. Dur bedug magrib tuluy adzan, tos salse adazan henteu
>> babarah menit komat. Sanggeus komat eta para aki-aki jung naratung
>> mariskeun maneh tukangeun imah tuluy siwak gusak gosok ku tungtung tasbeh.
>> Imam geus takbiratul ihram, ditukang para aki-aki recet bari cuprah ceproh
>> ciciduh,pokna "astagfirullah naon ieu karasa lada, jeung bau tarasi deui.
>> boa-boa ieu disambelan, saha jelemana, kacida amat jailna", aki-aki aya anu
>> ngacir ka jamban (toilet) maksudna rek mersihkeun baham anu karasa lada,
>> aya anu mersihkeuna make gamis, katempona paciweuh rame jiga budak laleutik.
>>
>> Astagfirullahaladzim......... hampura abdi Gusti
>>
>>
>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke