Wilujeng tepang Kang Supriadi
Sok lah geura ngalalakon

2011/11/3 Supriadi St <[email protected]>

> **
>
>
> nepangkeun dulur sadaya, asli kuring ti TURKI alias turunan
> kidul.....banjarkarang pamidangan caket ka laut kidul nagarana Nyi
> Ratu..... pamugia tepangna di jomantara tiasa ngaraketkeun tali
> silaturahmi, manjangkeun babarayaan.... nudipamrih pamugia urang tiasa
> tepang sono balakecrakan ngedalkeun katugenah hate..... hapunten dulur...
>
> ------------------------------
> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Kamis, 3 November 2011 16:14
>
> *Judul:* Re: [kisunda] LAWAS BASA KEUR BUDAK
>
>
> Resep atuh Kang Udin mindeng ngatrok leuleuweungan mah. Sok geura
> lalakonkeun lalampahanana.
>
> 2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>
>
> **
>
>  
> <http://id.mg60.mail.yahoo.com/waynphotos.html?wci=photo&photo_key=43666797&order=3>
> Nepangkeun para wargi milis Ki Sunda, ieu kuring budak bangor basa
> baheula, kiwari jadi tukang kuli tukang panggul barang kukurilingan ka
> leuweung ka rawa-rawa maturan jelema parinter neangan karbon dioksida,
> ceunah hasilna pikeun nagara, teuing........
>
>
>  *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Kamis, 3 November 2011 13:06
>
> *Judul:* Re: [kisunda] LAWAS BASA KEUR BUDAK
>
>
> Hehehe. Enya Kang Udin tong formal teuing, make basa nu geus akrab we.
> Jiga nyarita jeung balad sapope. Ngarah leuwih encer komunikasina.
>
> 2011/11/3 oman abdurahman <[email protected]>
>
> **
>
>  "Pak Hasan"? asa formal teuing :). Ongkoh deui nu dimaksud teh di ieu
> milist katelahna MH alias Mang Hasan tea. Aran aslina mah "Harja Santana
> Purba", sok sanajen make "Purba" tungtungna, tapi asgar (asli Garut), alias
> ti Tatar Sunda, lain ti tatar Tapanuli :).
>
> Lian ti eta, dongeng mangsa keur budakna rame, oge dongeng-dongeng lianna
> ti kang Udin ieu matak pogot. Mang Udin keur kacida produktifna di milist.
> Sok ditungguan postingan-postingan saterusna, meungpeung keur dina "emud"
> na :).
>
> manar
>
>
> 2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>
>
> **
>
>   Puguh karasa ku kuring Pak Hasan, mun ningali barudak narongkrong di
> gang magrib-magrib maen gitar, sok mindeng dicaram ku kuring sangkan geura
> baralik sharolat magrib, eta budak nembalna teh "Pa, ari bapak pernah nogra
> teu?" Hese geuning dicaram nembalna model kitu......
>
>  *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Kamis, 3 November 2011 11:47
> *Judul:* Re: [kisunda] LAWAS BASA KEUR BUDAK
>
>
> Beu teu kapalang eta si Kang Udin badeurna. Duka kumaha nasibna jaga mun
> geus jadi aki-aki reyod. Sok ngaroko tara Kang Udin? Bagja mun sok ngaroko
> mah, sugan moal meunang wawales mun geus aki-aki. Da biheung nepi, biheung
> moal jadi aki-aki na ge. Hehehe.
>
> Sok sing mindeng ngadongengna, sugan we jadi jalan pikeun meunang
> pangampura ti jenatna para aki-aki.
>
>
> 2011/11/3 Sp Saprudin <[email protected]>
>
> **
>
>   Ningali zaman kiwari, jarang pisan aki-aki anu umurna 70 atawa 80 taun
> aya di mushola, mun aya oge pastina keur ngaringkuk di rumah sakit. Beda
> keur basa budak, rea aki-aki anu umurna 70 atawa 80 anu masih keneh jagjag
> waringkas ngeusian mushola atawa masjid.
> Di lembur kuring aya mushola ngarana mushola "AL IKHLAS" anu sok rea di
> eusi ku aki-aki. Aki-aki anu ngarana Ki Bahim, Ki Nursam, Ki Gawi, Ki
> Ujang, Ki Drajat jeung rea Aki-aki lainna mangrupakeun aki-aki anu umurna
> geus 70 taunan. Maranehna katempona jagjag waringkas, gagah najan lempangna
> geus rada bongkok make iteuk.
> Harita para aki-aki sok nyimpen tasbeh pikeun ngitung dzikir sok
> dagarantungkeun dina tembok. Ngabengbreng eta tasbeh mun di itung aya kana
> 15 tasbeh. Terang tasbeh? Tasbeh aki-aki biasana sok digantelan awir-awiran
> samodel kayu paragi siwak (mersihkeun baham samemeh shalat).
> Kuring harita ba'da shalat asar nempo eta tasbeh ngagarantung tina tembok
> ngabaris jiga anu jualan tasbeh. Sir be boga pikiran jail, kuring balik ka
> imah nyokot sambel tarasi anu make cabe rawit anu rasana lada pisan jieunan
> nini kuring. Kuring mungkus eta sambel kana palastik, tuluy balik deui ka
> mushola, nungguan jalma anu tos saralat lohor. Sanggeus di mushola teu aya
> jalma, sup kuring asup ka Mushola tuluy muru tempat tasbeh digarantung. Eta
> tungtung tasbeh anu awir-awiran anu sok dipake siwak ku aki-aki, kabeh
> ku kuring dicocolkeun kana sambel. Geus nyocolkeun eta tasbeh kana sambel,
> tuluy kuring ngagantungkeun deui kana tempatna sewangan.
> Waktu ngahareupan magrib, barudak lembur biasa sok ragem di mushola, sora
> barudak kadenge dina sapeker, harita kuring aya ,oge para aki-aki calon
> penghuni surga geus tumaninah nungguan waktu shalat magrib dariuk anu geus
> nyareukeulan tasbeh. Dur bedug magrib tuluy adzan, tos salse adazan henteu
> babarah menit komat. Sanggeus komat eta para aki-aki jung naratung
> mariskeun maneh tukangeun imah tuluy siwak gusak gosok ku tungtung tasbeh.
> Imam geus takbiratul ihram, ditukang para aki-aki recet bari cuprah ceproh
> ciciduh,pokna "astagfirullah naon ieu karasa lada, jeung bau tarasi deui.
> boa-boa ieu disambelan, saha jelemana, kacida amat jailna", aki-aki aya anu
> ngacir ka jamban (toilet) maksudna rek mersihkeun baham anu karasa lada,
> aya anu mersihkeuna make gamis, katempona paciweuh rame jiga budak laleutik.
>
> Astagfirullahaladzim......... hampura abdi Gusti
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke