aya naon euy? Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Cc: Ki Sunda <[email protected]> Dikirim: Jumat, 4 November 2011 14:26 Judul: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Khotbah style.
Hehehe. Nu katitenan ku uing ge jiga kitu. Jigana wae, hutbah ajengan di lembur mah baheula, estu kaluar tina hate. Ari hotib kiwari di dayeuh, jigana loba teuing nonton sinetron jeung felm, jadi weh kabawakeun keur hutbah ge make jurus seni peran, nyandiwara jiga artis sinetron. Geus beres hutbah mah "kembali ke leptop" deui we. 2011/11/4 Obay <[email protected]> >Baheula waktu keur budak keneh di lembur, lamun ngadangukeun khotbah jumahaah >ti mama ajengan sok asa tiis hate teh. Sorana halimpu bari halon jeung merenah >intonasina. Komo lamun anjeuna nuju macakeun ayat Qur'an, mani lekoh jeung pas >dina adab macana. Kalolobaan khutbah jaman baheula anu sakanyaho kuring siga >kitu. > >Nincak jaman kiwari kuring ngajrek di jakarta, kalolobaan khotib di dieu asa >beda pisan dina khotbahna. Intonasi basana heuras/tarik teu sirikna siga nu >hahaok bari tutunjuk kaluhur. Ditambah ku polumeu speker anu tarik, atuh kanu >ceuli teh mani ngajelengen katorekan. Budak leutik anu diuk di hareup mani >nyempod ka bapana, siganamah sawan asa ngadenge nu eukeur nyarekan laklak >dasar. Pon kitu deui dina ngucapkeun ayat Qur'an mani teu aya adabna pisan. > >Khotbah teh ditungtungan ku du'a, edas etamah, ngadadak robah tina jurus >sentak sengor ngagejlig kana dareuda, bari luwa-lewe semu anu rek leweh >ngadu'a na teh. > >Bubaran solat, kaciri khotib teh kaluar bari alangah elengeh sasalaman jeung >panitia, teu riuk-riuk sedih saeutik-eutik acan. > >Memang kitu ilaharna atawa etamah rasa kuring wae meureun anu beda standar >pinuh ku nostalgia baheula...... > >
