Meureun ieu kutbahna komporisasi nyah? Meureun komporna can laku-laku waeu...
Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 4 November 2011 15:01 Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Khotbah style. Kutan kitu Kang Ahsa. 2011/11/4 [email protected] <[email protected]> >Ki Hasan, dosen UIN Jakarta kungsi nalungtik perkawis pengaruh khutbah jumat >dalam lahirna gerakan radikalisme agama. Eta panalungtikan diayakeuna di Solo >jeung Jakarta. Dina hasil panalungtikan teh yen khutbah jumaah kiwari >seuseurna mah sanes masihan katenangan atanapi peupeujeuh supados janten sae >atanapi soleh. Malihan mah, ngprovokasi masyarakat. Sagala kagorengan >pamarentah, atanapi bejadna moral rahayat ge dicarioskeun. Komo deui nu anti >mahzab sanes mah, si khotib teh sok ngagogoreng nu benten madhab atanapi >ormas. Tah... gerakan radikalisme jeung ketidakpercayaan rahayat ka pamarentah >atanapi main hakim sendiri mun aya kajadian teh aya patalina oge sareng sering >ngadangukeun khotib jumaah nu rada esktrim. Mangga geura tong didieu ... >http://politikana.com/baca/2010/10/03/buku-benih-benih-radikalisme-agama-di-masjid.html > > >--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: >> >> Hehehe. Nu katitenan ku uing ge jiga kitu. Jigana wae, hutbah ajengan di >> lembur mah baheula, estu kaluar tina hate. Ari hotib kiwari di dayeuh, >> jigana loba teuing nonton sinetron jeung felm, jadi weh kabawakeun keur >> hutbah ge make jurus seni peran, nyandiwara jiga artis sinetron. Geus beres >> hutbah mah "kembali ke leptop" deui we. >> >> 2011/11/4 Obay <obaytea@...> >> >> > ** > >> > >> > >> > Baheula waktu keur budak keneh di lembur, lamun ngadangukeun khotbah >> > jumahaah ti mama ajengan sok asa tiis hate teh. Sorana halimpu bari halon >> > jeung merenah intonasina. Komo lamun anjeuna nuju macakeun ayat Qur'an, >> > mani lekoh jeung pas dina adab macana. Kalolobaan khutbah jaman baheula anu >> > sakanyaho kuring siga kitu. >> > >> > Nincak jaman kiwari kuring ngajrek di jakarta, kalolobaan khotib di dieu >> > asa beda pisan dina khotbahna. Intonasi basana heuras/tarik teu sirikna >> > siga nu hahaok bari tutunjuk kaluhur. Ditambah ku polumeu speker anu tarik, >> > atuh kanu ceuli teh mani ngajelengen katorekan. Budak leutik anu diuk di >> > hareup mani nyempod ka bapana, siganamah sawan asa ngadenge nu eukeur >> > nyarekan laklak dasar. Pon kitu deui dina ngucapkeun ayat Qur'an mani teu >> > aya adabna pisan. >> > >> > Khotbah teh ditungtungan ku du'a, edas etamah, ngadadak robah tina jurus >> > sentak sengor ngagejlig kana dareuda, bari luwa-lewe semu anu rek leweh >> > ngadu'a na teh. >> > >> > Bubaran solat, kaciri khotib teh kaluar bari alangah elengeh sasalaman >> > jeung panitia, teu riuk-riuk sedih saeutik-eutik acan. >> > >> > Memang kitu ilaharna atawa etamah rasa kuring wae meureun anu beda standar >> > pinuh ku nostalgia baheula...... >> > >> > >
