Kutan kitu Kang Ahsa.

2011/11/4 [email protected] <[email protected]>

> **
>
>
> Ki Hasan, dosen UIN Jakarta kungsi nalungtik perkawis pengaruh khutbah
> jumat dalam lahirna gerakan radikalisme agama. Eta panalungtikan diayakeuna
> di Solo jeung Jakarta. Dina hasil panalungtikan teh yen khutbah jumaah
> kiwari seuseurna mah sanes masihan katenangan atanapi peupeujeuh supados
> janten sae atanapi soleh. Malihan mah, ngprovokasi masyarakat. Sagala
> kagorengan pamarentah, atanapi bejadna moral rahayat ge dicarioskeun. Komo
> deui nu anti mahzab sanes mah, si khotib teh sok ngagogoreng nu benten
> madhab atanapi ormas. Tah... gerakan radikalisme jeung ketidakpercayaan
> rahayat ka pamarentah atanapi main hakim sendiri mun aya kajadian teh aya
> patalina oge sareng sering ngadangukeun khotib jumaah nu rada esktrim.
> Mangga geura tong didieu ...
> http://politikana.com/baca/2010/10/03/buku-benih-benih-radikalisme-agama-di-masjid.html
>
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Hehehe. Nu katitenan ku uing ge jiga kitu. Jigana wae, hutbah ajengan di
> > lembur mah baheula, estu kaluar tina hate. Ari hotib kiwari di dayeuh,
> > jigana loba teuing nonton sinetron jeung felm, jadi weh kabawakeun keur
> > hutbah ge make jurus seni peran, nyandiwara jiga artis sinetron. Geus
> beres
> > hutbah mah "kembali ke leptop" deui we.
> >
> > 2011/11/4 Obay <obaytea@...>
> >
> > > **
>
> > >
> > >
> > > Baheula waktu keur budak keneh di lembur, lamun ngadangukeun khotbah
> > > jumahaah ti mama ajengan sok asa tiis hate teh. Sorana halimpu bari
> halon
> > > jeung merenah intonasina. Komo lamun anjeuna nuju macakeun ayat Qur'an,
> > > mani lekoh jeung pas dina adab macana. Kalolobaan khutbah jaman
> baheula anu
> > > sakanyaho kuring siga kitu.
> > >
> > > Nincak jaman kiwari kuring ngajrek di jakarta, kalolobaan khotib di
> dieu
> > > asa beda pisan dina khotbahna. Intonasi basana heuras/tarik teu sirikna
> > > siga nu hahaok bari tutunjuk kaluhur. Ditambah ku polumeu speker anu
> tarik,
> > > atuh kanu ceuli teh mani ngajelengen katorekan. Budak leutik anu diuk
> di
> > > hareup mani nyempod ka bapana, siganamah sawan asa ngadenge nu eukeur
> > > nyarekan laklak dasar. Pon kitu deui dina ngucapkeun ayat Qur'an mani
> teu
> > > aya adabna pisan.
> > >
> > > Khotbah teh ditungtungan ku du'a, edas etamah, ngadadak robah tina
> jurus
> > > sentak sengor ngagejlig kana dareuda, bari luwa-lewe semu anu rek leweh
> > > ngadu'a na teh.
> > >
> > > Bubaran solat, kaciri khotib teh kaluar bari alangah elengeh sasalaman
> > > jeung panitia, teu riuk-riuk sedih saeutik-eutik acan.
> > >
> > > Memang kitu ilaharna atawa etamah rasa kuring wae meureun anu beda
> standar
> > > pinuh ku nostalgia baheula......
> > >
> > >
>

Kirim email ke