Deudeuh teuing basa Sunda Anjeun ceurik dina ati Da bongan urang Sunda Geus loba nu teu mupusti
Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Sp Saprudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 4 Nov 2011 16:34:38 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Khotbah style. Luar BODETABEK masih keneh make basa sunda, aya di lembur impian kuring. Langka jeung hese atuh kang kiwari make basa sunda, boh di lembur boh di kota sarua wae. Nanging aya anu hebringdi lembur aki kuring di Sukabumi pasisian, khutbah na teh make basa Arab kabeh. Ceuk pikir kuring ieu urang lembur hebat nyah parinter basa Arab, da buktina khotibna make basa Arab kabeh, jeung eta jamaah khusus ngadengekuena. salse kutbah kuring nanya ka salah sahiji jamaah, "mang ngartos teu tadi anu dicarioskeun ku Khatib", jawabna : "aduh punten jang, mamang mah nundutan henteu pati ka kuping" adow...adow... alah ...heuheuy deudeuh......... Dari: "[email protected]" <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 4 November 2011 15:27 Judul: Re: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Khotbah style. Baraya di dieu nu kawitna sanes ti Bandung atanapi Bodetabek, Abdi hoyong terang upami khotbah Jumaahan, Lebaran sareng Lebaran Haji masih nganggo basa Sunda teu nya? Hariwang da di Bandung mah ningan langki :( Komo deui di Bogor sareng Detabek mah. Powered by Telkomsel BlackBerry® From: dodi syaripudin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 4 Nov 2011 16:10:41 +0800 (SGT) To: [email protected]<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Khotbah style. Rupina eta mah mung ekses khotib nu hoyong kaanggo ku jalmi2. Bari teu engeuh akibatna. Pami aya nu ngahaja ngaprovokasi, nya tugasna kang Ahsa kanggo ngawartosan. Mugia janten ladang pahala...Wass. Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 4 November 2011 15:01 Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Khotbah style. Kutan kitu Kang Ahsa. 2011/11/4 [email protected] <[email protected]> >Ki Hasan, dosen UIN Jakarta kungsi nalungtik perkawis pengaruh khutbah jumat >dalam lahirna gerakan radikalisme agama. Eta panalungtikan diayakeuna di Solo >jeung Jakarta. Dina hasil panalungtikan teh yen khutbah jumaah kiwari >seuseurna mah sanes masihan katenangan atanapi peupeujeuh supados janten sae >atanapi soleh. Malihan mah, ngprovokasi masyarakat. Sagala kagorengan >pamarentah, atanapi bejadna moral rahayat ge dicarioskeun. Komo deui nu anti >mahzab sanes mah, si khotib teh sok ngagogoreng nu benten madhab atanapi >ormas. Tah... gerakan radikalisme jeung ketidakpercayaan rahayat ka pamarentah >atanapi main hakim sendiri mun aya kajadian teh aya patalina oge sareng sering >ngadangukeun khotib jumaah nu rada esktrim. Mangga geura tong didieu ... >http://politikana.com/baca/2010/10/03/buku-benih-benih-radikalisme-agama-di-masjid.html > > >--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: >> >> Hehehe. Nu katitenan ku uing ge jiga kitu. Jigana wae, hutbah ajengan di >> lembur mah baheula, estu kaluar tina hate. Ari hotib kiwari di dayeuh, >> jigana loba teuing nonton sinetron jeung felm, jadi weh kabawakeun keur >> hutbah ge make jurus seni peran, nyandiwara jiga artis sinetron. Geus beres >> hutbah mah "kembali ke leptop" deui we. >> >> 2011/11/4 Obay <obaytea@...> >> >> > ** > >> > >> > >> > Baheula waktu keur budak keneh di lembur, lamun ngadangukeun khotbah >> > jumahaah ti mama ajengan sok asa tiis hate teh. Sorana halimpu bari halon >> > jeung merenah intonasina. Komo lamun anjeuna nuju macakeun ayat Qur'an, >> > mani lekoh jeung pas dina adab macana. Kalolobaan khutbah jaman baheula anu >> > sakanyaho kuring siga kitu. >> > >> > Nincak jaman kiwari kuring ngajrek di jakarta, kalolobaan khotib di dieu >> > asa beda pisan dina khotbahna. Intonasi basana heuras/tarik teu sirikna >> > siga nu hahaok bari tutunjuk kaluhur. Ditambah ku polumeu speker anu tarik, >> > atuh kanu ceuli teh mani ngajelengen katorekan. Budak leutik anu diuk di >> > hareup mani nyempod ka bapana, siganamah sawan asa ngadenge nu eukeur >> > nyarekan laklak dasar. Pon kitu deui dina ngucapkeun ayat Qur'an mani teu >> > aya adabna pisan. >> > >> > Khotbah teh ditungtungan ku du'a, edas etamah, ngadadak robah tina jurus >> > sentak sengor ngagejlig kana dareuda, bari luwa-lewe semu anu rek leweh >> > ngadu'a na teh. >> > >> > Bubaran solat, kaciri khotib teh kaluar bari alangah elengeh sasalaman >> > jeung panitia, teu riuk-riuk sedih saeutik-eutik acan. >> > >> > Memang kitu ilaharna atawa etamah rasa kuring wae meureun anu beda standar >> > pinuh ku nostalgia baheula...... >> > >> > >
