Ki Hasan, dosen UIN Jakarta kungsi nalungtik perkawis pengaruh khutbah jumat 
dalam lahirna gerakan radikalisme agama. Eta panalungtikan diayakeuna di Solo 
jeung Jakarta. Dina hasil panalungtikan teh yen khutbah jumaah kiwari seuseurna 
mah sanes masihan katenangan atanapi peupeujeuh supados janten sae atanapi 
soleh. Malihan mah, ngprovokasi masyarakat. Sagala kagorengan pamarentah, 
atanapi bejadna moral rahayat ge dicarioskeun. Komo deui nu anti mahzab sanes 
mah, si khotib teh sok ngagogoreng nu benten madhab atanapi ormas. Tah... 
gerakan radikalisme jeung ketidakpercayaan rahayat ka pamarentah atanapi main 
hakim sendiri mun aya kajadian teh aya patalina oge sareng sering ngadangukeun 
khotib jumaah nu rada esktrim. Mangga geura tong didieu ... 
http://politikana.com/baca/2010/10/03/buku-benih-benih-radikalisme-agama-di-masjid.html


--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Hehehe. Nu katitenan ku uing ge jiga kitu. Jigana wae, hutbah ajengan di
> lembur mah baheula, estu kaluar tina hate. Ari hotib kiwari di dayeuh,
> jigana loba teuing nonton sinetron jeung felm, jadi weh kabawakeun keur
> hutbah ge make jurus seni peran, nyandiwara jiga artis sinetron. Geus beres
> hutbah mah "kembali ke leptop" deui we.
> 
> 2011/11/4 Obay <obaytea@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Baheula waktu keur budak keneh di lembur, lamun ngadangukeun khotbah
> > jumahaah ti mama ajengan sok asa tiis hate teh. Sorana halimpu bari halon
> > jeung merenah intonasina. Komo lamun anjeuna nuju macakeun ayat Qur'an,
> > mani lekoh jeung pas dina adab macana. Kalolobaan khutbah jaman baheula anu
> > sakanyaho kuring siga kitu.
> >
> > Nincak jaman kiwari kuring ngajrek di jakarta, kalolobaan khotib di dieu
> > asa beda pisan dina khotbahna. Intonasi basana heuras/tarik teu sirikna
> > siga nu hahaok bari tutunjuk kaluhur. Ditambah ku polumeu speker anu tarik,
> > atuh kanu ceuli teh mani ngajelengen katorekan. Budak leutik anu diuk di
> > hareup mani nyempod ka bapana, siganamah sawan asa ngadenge nu eukeur
> > nyarekan laklak dasar. Pon kitu deui dina ngucapkeun ayat Qur'an mani teu
> > aya adabna pisan.
> >
> > Khotbah teh ditungtungan ku du'a, edas etamah, ngadadak robah tina jurus
> > sentak sengor ngagejlig kana dareuda, bari luwa-lewe semu anu rek leweh
> > ngadu'a na teh.
> >
> > Bubaran solat, kaciri khotib teh kaluar bari alangah elengeh sasalaman
> > jeung panitia, teu riuk-riuk sedih saeutik-eutik acan.
> >
> > Memang kitu ilaharna atawa etamah rasa kuring wae meureun anu beda standar
> > pinuh ku nostalgia baheula......
> >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke