heueuh mun di talungtik tina perspektif kabilah mah kitu. Ibnu Khaldun mun teu salah mah nu mimitian nyieun tiori ashabiyah kitu teh.
eta perkawis prosesi pemilihan pamingpin versi Sunni, teu jelasna. Mimitina milih Abu Bakar ku cara musawarah. Tuluy Abu Bakar basa rek maot wasiat yen nu kudu janten khalifah teh Umar bin Khaththab nu ngamimitian bai'at ka Abu Bakar di Saqifah (Nu kadua ieu mah mirip Syiah, ngangge wasiat atanapi nash). Tuluy basa Umar rek maot manehna netepkeun aya genep urang nu kudu janten dewan formatur kanggo nu milih khalifah katilu teh. Tah Andurrahman bin Auf, nu janten pupuhu eta dewan formatur, nangtukeun yen dua jalma nu bakal dipilih teh: Imam Ali sareng Utsman bin Affan. Ka Imam Ali naros. mun andika jadi khalifah naha rek ngilu sunah dua syekh saacanna. Ku Imam Ali diwaler, moal, kuring mah rek ijtihad sorangan. Ibnu Auf taros ka Utsman ku patarosan nu sarua ka Imam Ali. Dijawab na rek tumut ka sunah Abu Bakar sareng Umar. Tuluy we ditetepkeun yen Utsman janten khalifah. Tah eta nu kusimkuring kaaos dina buku2 sajarah mah. Teu gaduh ketetapan khususnya dina pamilihan khalifah teh. Padahal mah urusan kapamingpinan Islam teh penting pisan keur nanjeurkeun Islam. Komo deui saatos Utsman pan Imam Ali dipilih sacara aklamasi, langsung. Saterasna Dinasti Umayyah teu ngarujuk ka nu opat khalifah eta dina perkawis nangtukeun kapamingpinan Islam, kalah diturunkeun ka anak incu. Cing, Kang Waluya, aya teu katangtuan nu pasti dina Islam versi Sunni dina perkawis nangtukeun pamingpin Islam? Ieu oge nu janten patarosan Thaha Husen, menteri pendidikan Mesir. Tah ari Syiah mah jelas ditangtukeun ku nash atawa dalil/hadis ti Rasulullah saw. Kang Waluya, badi teu kantos terang buku Sajarah Islam karangan Prof K. Ali. Tiasa dibeberkeun saha anjeuna sareng kumaha corak historiografi sareng sumber nu dianggona. ________________________________ Dari: Waluya <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 13 Desember 2011 10:40 Judul: Re: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait asbab nuzul anu nunjukkeun ka Ahlu kisa (kanggo kang asep- Syarif IAIN) > ahsa <albanduni@...> wrote: > Buku naon judulna? Kang Ahsa, kuring boga buku terjemahan Sajarah Islam karangan Prof K. Ali. Dina buku eta diterangkeun sajarah Suku Quraisy. Oge dicaritakeun aya mumusuhan anatara dua dulur saturunan, Hasyim (paman) jeung Ummayah (alo), mumusuhan ieu pangpangna mah dina hak "mengelola" Kabah. Ritual Haji geus aya ti samemeh Islam oge, nu mengelola Kabah boga kauntungan ekonomi waktu musim Haji, nu matak ieu jadi rebutan. Keur gambaran Sajarah Suku Quraisy tiasa ditingali dina http://id.wikipedia.org/wiki/Suku_Quraisy Turunan dua urang ieu sok disebut Bani Hasyim jeung Bani Ummayah, mumusuhan dua jalma ieu diwariskeun tepika jaman Kangjeng Nabi. Kangjeng Nabi jeung Ali kaasup Bani Hasyim, sedengkeun Abu Sufyan tokoh Bani Ummayah. Tanggtu urang apal kumaha dengkina Abu Sufyan ka Kangjeng Nabi. Tapi akhirna mumusuhan ieu, bisa direngsekeun waktu Abu Sufyan asup Islam (kulantaran Kangjeng Nabi naklukeun Mekkah). Putra Istri Abu Sofyan ditikah ku Kangjeng Nabi jeung putra Pamegetna Muawiyah dicandak ku Kangjeng Nabi (disebatkeun jadi sekretaris Nabi). Tapi mumusuhan bani-bani mimiti mucunghul deui saatosna kangjeng Nabi wafat. Aya rebutan anatara Bani saha nu kedah ngagentos Nabi. keur Bani Hasyim, Ali nu paling boga hak, sabab anjeunna putra Abu Thalib nu keur jumenengna anjeunna "pengelola Kabah" jeung "pelindung Kangjeng Nabi tina hiri dengki". Ali oge minantu Kangjeng Nabi. Tapi keur nu sejen mah beda deui. Ngan kabeneran nu kapilih teh Abu Bakar jeung saterasna Umar, dua urang ieu teu asup ka Dua Bani ieu, jadi netral. Tapi waktu Ustman bin Affan kapilih jadi kalifah nu katilu, mumusuhanana dua Bani beuki seukeut, sabab Ustman bin Affan teh klan Bani Ummayah, nu musuh gerot Bani Hasyim... Kitu cenah, salah sahiji sabab musabab ayana Sunni jeung Syiah teh. Mimitina mah tina politik (rebutan kakawasaan) tapi akhirna lumpat kana kayakinan jeung aturan agama. Urang ayeuna ukur kawaris, jadi teu perlu silih salahkeun, kumaha kayakinan masing-masing wae, kamana nu cocogna. Salam, WALUYA
