Duka tah bah Willy ceuk babasan mah beuki loba kanyaho beuki loba nu teu 
dipikanyaho. Pare beuki eusian beuki nungkil. Tapi ayeuna sumanget pencitraan, 
marketing jalma asa beuki motah ku kanyahona.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Waluya" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 13 Dec 2011 08:37:42 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: Bls: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait (Sajarah Islam karangan 
Prof K Ali)

> ahsa <albanduni@...> wrote:
> Tah ari Syiah mah jelas ditangtukeun ku nash atawa dalil/hadis ti 
> Rasulullah saw. 

Wah, perkara ieu mah kuring "no comment", sabab ieu mah geus ancrub kana 
wilayah kayakinan (kayakinan kang Ahsa syiah teh jelas nashna). 
Dipadungdengkeun oge tetep moal nyambung. Riwayat paguntrengna Sunni jeung 
Syiah teh geus  leuwih ti 1000 taun. Tepi ka ayeuna oge euweuh nu meunang, 
euweuh nu eleh. Dua-duana tetep eksis, kaasup paseana tepika silih paehan 
(tingali beja ti Pakistan, Yaman, Afghanistan). Piraku hal nu kieu rek 
diteruskeun wae? Keur naon?

> ahsa <albanduni@...> wrote:
> Kang Waluya, badi teu kantos terang buku Sajarah Islam karangan 
> Prof K. Ali. Tiasa dibeberkeun saha anjeuna sareng kumaha corak 
> historiografi sareng sumber nu dianggona.

Aduh, kuring teu ngarti naon ari historigrafi teh, ngan lamun bukuna mah ieu: 
Sajarah Islam ( Tarikh Pramodern), Prof. K. Ali, penterjemah Ghufron A. 
Mas'adi, Divisi Buku Saku Srigunting, PT Rajafindo Presada, Cetakan Kedua, 
Jakarta 1997. Judul Aslina : A Study of Islamic History, Prof K. Ali sejarahwan 
Muslim, Urang Pakistan. Ceuk penterjemahna, buku sajarah Islam ieu dikarang ku 
sajarahwan Muslim, lain karangan ahli sajarah urang Barat (orientalis).

WLY




Kirim email ke