kasimpulan nu kirang merenah :-)
________________________________ Dari: deni solehudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Minggu, 11 Desember 2011 7:45 Judul: Bls: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait asbab nuzul anu nunjukkeun ka Ahlu kisa (kanggo kang asep- Syarif IAIN) Salam, Oh kitu.. janten atuh Ahli Baet teh sanes ka kanjeng Nabi saw. tapi Ali ka luhurna Abu Thalib... paingan aranjeuna seseepan ngabela kaislaman Abu Thalib..Terus cenah nu jadi Imam Maksum teh lain katurunan Hasan.. tapi katurunan Husein wungkul.. padahal Hasan teh pan lanceuk Husein? ________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Sabtu, 10 Desember 2011 11:37 Judul: Re: Bls: Bls: [kisunda] Ahlulbait asbab nuzul anu nunjukkeun ka Ahlu kisa (kanggo kang asep- Syarif IAIN) Nambahan noong. Nu duriatna manjang, nya ti rundayan Sayidina Ali sareng Fatimah. Jigana wae hal ieu nu ngajadikeun posisi Sayidina Ali penting kacida dina klaim kapamingpinan Syiah. Numatak teu aneh, upama ayat Gadhir Khum dijadikeun titik tolak justifikasina. Hal ieu oge jigana, keur nambah kuat alasen eta, posisi paman Kanjeng Nabi, Abi Thalib diperenahkeun jadi wakil kanabian. 2011/12/10 Waluya <[email protected]> >> deni solehudin <pesantiga@...> wrote: >> Naha nu kaitung ahli baet teh ngan ukur Ali, Fatimah, Hasan, jeung >> Husein wungkul? >> Ari anak kangjeng Rasul teh salian ti Fatimah nyaeta Ruqayyah jeung >> Ummu Kaltsum. Naha teu ka asup Ahlul Baet? > >Ngiring mairan. Sigana kedah ditempo sistem sosial masyarakat Arab Kang. >Masyarakat Arab masyarakat patriaki sajati, lalaki nu kawasa. Ali sareng >Kangjeng Nabi kalebet Bani Hasyim (Bani = Klan). Kangjeng Nabi teu gaduh putra >lalaki oge teu gadung saderek lalaki kandung. Tah ceuk masyarkat partriaki mah >nu kedah neraskeun (kawaris kakawasaan) kedahna saderek misan lalaki ti ua/ >emang nu paling caket. Istri Ustman bin Affan oge putri Kangjeng Nabi, tapi >kumargi Ustman mah benten bani, anjeunna mah kalebet Bani Ummayah, upami gaduh >turunan, tetep teu lebet Bani Hasyim, klanna Kangjeng Nabi sareng Sayidina Ali. > >Kitu cenah, ceuk buku nu dibaca ku kuring mah .... > >Salam, >WLY > >
